Banten, Kiwari.co.id — Diantara sato langka anu kaasup ditangtayungan balukar kumelendangna aya dina bahya alatan kaancam musnah téh nyaéta badak cula tunggal anu habitatana saukur aya di Ujung Kulon Banten Indonesia.
Jumlahna di cagar alam Ujung Kulon beuki dieu tambah ngurangan, alatan ku jarangna baranahan tur jadi korban pamoroan ilegal anu keukeuh aya waé sanajan geus disingsieunan ku hukuman anu geus diguratkeun di UU panangtayungan marga satwa.
Dina mangsa ieu pikeun leuwih nangtayungan badak cula tunggal atawa badag jawa di wewengkon observasi cagar alam éta jalur lalampahan di Tanjung Ujung Kulon, Banten, resmi ditutup.
Dilansir ti CNN Indonesia, panutupan jalur wisata trakking atawa jalur leumpang mimiti lumaku efektif dina 1 November 2023 nepikeun ka wates waktu anu teu ditangtukeun.
Panutupan dilakukeun pikeun pamulihan ekosistem sakaligus panangtayungan habitat Badak Jawa anu asup kana kategori critically endangered dina daftar Red List Data Book anu dikaluarkeun ku International Union for Conservation of Nature and Natural Resources (IUCN).
Lian ti éta Badak Jawa ogé kadaftar dina Apendiks I Convention on International Trade in Endangered Species of Wild Fauna and Flora (CITES), minangka jinis anu jumlahna saeutik pisan di alam jeung dihariwangkeun baris musnah.
“Pengamatan kami sejak tahun 2020, menunjukkan bahwa aktivitas badak sudah sangat jarang ditemui di jalur-jalur trek wisata dan bergeser ke lokasi yang lebih aman, sementara habitat Badak Jawa hanya ada di Semenanjung Ujung Kulon,” ceuk Ardi Andoni, Kepala Balai TNUK, dina katerangan resmina, dicatet Senén, (23/10/2023).TNUK jadi habitat pamungkas badak cula tunggal di dunya, legana ngahontal 105.694,46 Ha. Badak Jawa ogé diklasifikasikeun sabagé jinis satwa dilindungi dumasar Peraturan Menteri (Permen) Lingkungan Hidup jeung Kehutanan Republik Indonesia, Nomer P.106/MENLHK/SETJEN/KUM.1/12/2018, ngeunaan parobahan kadua tina permen Lingkungan Hidup jeung Kehutanan nomer P.20/MENLHK/SETJEN/KUM.1/6/2018, ngeunaan Jinis Tuwuhan jeung Satwa anu Ditangtayungan.
Pikeun nyumponan pangabutuh hirupna, Badak Jawa ngabutuhkeun wewengkon langlangan anu tangtu tur nangtukeun pola perilaku di alam. Sahingga Badak Cula Tunggal loyog nyingkahan jalur-jalur anu boga potensi remen diliwatan pikeun aktivitas.
“Badak Jawa salah satu satwa yang paling pemalu dan sangat menghindari manusia. Bukan hanya bertemu langsung, juga menghindari jejak manusia, bau, dan suara manusia serta bekas aktivitas manusia lainnya,” jéntréna.
Wilayah jojontor Ujung Kulon ditutup total, saukur panaliti baé anu bisa asup ka éta wewengkon. Sahingga ngaminimalisir kagiatan jalma di habitat asli badak cula tunggal.
Foto : Taman Nasional Ujung Kulon, Banten, (ANTARA FOTO/MUHAMMAD ADIMAJA)
Mingkin alami imah badak, dipiharep maranéhna bisa terus hirup jeung baranahan kalayan alami, sahingga bisa terus lastari.
“Kami mulai menerapkan program fully protected areas untuk wilayah semenanjung Ujung Kulon, kecuali untuk kegiatan penelitian dan konservasi Badak Jawa,” pokna deui.
Di handap ieu jalur trekking atawa jalur badarat anu ditutup ku Balai TNUK.
a. Jalur trakking di sakir wewengkon jojontor ujung kulon jeung jalur trakking Cilintang – Karang Ranjang-Kalejetan – Legon Pakis.
b. Dongdonan jarah ka Sanghyang Sirah, diidinan saukur ngaliwatan Bidur
Anapon kagiatan trakking jeung wisata alam kawates bisa kénéh dilaksanakeun dina lelewek ieu :
1. Pulo Peucang (trakking jeung wisata perairan).
2. Kapuloan Handeleum (wisata perairan).
3. Pulo Panaitan, diantarana :
– Trekking Jalur Legon Butun – Legon Bajo – Ciharashas.
– Trekking Jalur Legon Butun – Karang Masjid – Karang Jajar – Legon Bajo – Legon Butun.
– Trekking Jalur Pendakian Citambuyung – Gunung Raksa.
4. Gunung Honje :
– Jalur Goa Ciguha.
– Jalur walungan Cicegog.
– Jalur Curug Cikawung.
– Jalur Curug Dengdeng.
– Jalur Curug Batususuan.
– Jalur Curug Cihangasa.
– Jalur Huluwotan cai Panas Cibiuk.
– Jalur Huluwotan Cai Panas Cisaat.
– Jalur Curug Ciburuluk.
– Jalur Pendakikan Puncak Gunung Honje.
– Pangziarahan Gunung Tilu.
– Penziarahan Paniisan.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : RB