Kujang (aksara Sunda: ᮊᮥᮏᮀ) téh nyaéta pakarang ageman khas Sunda. Kujang munggaran dijieun sakitar abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja, jeung bahan pamor. Panjang kujang umumna sakitar 20 nepikeun 25 cm tur beuratna sakitar 300 gram.
Kujang ᮊᮥᮏᮀ Sajarah pamakéan Digunakeun ku Suku Sunda
Kujang mangrupakeun pakakas anu ngarefleksikeun ketajaman jeung daya kritis dina kahirupan ogé ngalambangkeun kakuatan jeung wawanén pikeun nangtayungan hak jeung kabeneran.
Ngajadi ciri khas, boh minangka pakarang, pakakas tatanén, perlambang, papaés, pon kitu deui tanada katineung/cindera mata.
Nurutkeun Sanghyang Siksa Kandang Karesian pupuh XVII mah, kujang téh nyaéta pakarang kaom patani tur mibanda akar dina budaya tatanén masarakat Sunda.
Deskripsi
Sacara etimologis, istilah “kujang” boga asal tina kecap kudihyang. Kudi mangrupakeun kecap dina basa Sunda Kuna anu boga harti pakarang ngandung kekuatan goib jeung sakti. Kecap Hyang ogé asalna tina basa Sunda Kuna anu boga harti déwa/déwi.
Sumber séjénna nétélakeun yén Kujang téh asal tina kecap Ujang, anu hartina manusa.
Sacara umum, Kujang mibanda harti sabagé pusaka anu miboga kakuatan tangtu anu asalna ti para déwa (Hyang), jeung minangka hiji pakarang, ti baheula nepikeun ka ayeuna Kujang ngaluuhan hiji posisi anu kacida khusus di kalangan masarakat Sunda.
Minangka lambang atawa simbol kalayan ajén inajén filosofis anu kakandung di jerona, Kujang dipaké minangka salah sahiji estetika dina sababaraha lambang organisasi sarta pamaréntahan. Di sagigireun éta, Kujang ogé dipaké minangka hiji ngaran tina rupa-rupa organisasi, kasatuan tur tangtuna dipaké ogé ku Pamaréntah Daerah (Pemda) Provinsi Jawa Barat.
Dina mangsa bihari Kujang teu bisa dipisahkeun tina kahirupan masyarakat Sunda alatan fungsina minangka pakakas tatanén. Panétélaan ieu kagurat dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518 M) ogé tradisi lisan anu mekar di sababaraha wewengkon di antarana baé di wewengkon Rancah, Ciamis. Bukti anu nguatkeun panétélaan yén kujang téh minangka pakakas huma /ladang masih bisa ku urang kasaksén nepikeun ka ayeuna di masarakat Badui di Kabupatén Lebak, Provinsi Banten jeung Pancer Pangawinan di Sukabumi, Provinsi Jawa Barat.
Ku kamekaran kamajuan, teknologi, budaya, sosial jeung ekonomi masarakat Sunda, Kujang ngalaman kamekaran jeung panggéséran bentuk, fungsi jeung makna. Tina hiji pakakas tatanén, kujang mekar jadi hiji barang anu mibanda karakter sorangan tur loyog jadi pakarang anu boga ajén simbolik katut sakral.
Wujud anyar kujang téh kayaning anu ku urang dipikawanoh ayeuna ieu diirong lahir antara abad 9 nepikeun abad 12.
Bagian-bagian
Ilaharna, kujang mibanda sisi seuseukeut jeung bagian-bagian lianna kayaning: papatuk/congo (tungtung kujang anu ngarupaan gondéwa), eluk/silih (elukan dina bagian tonggong), tadah (elukan nonjol dina bagian beuteung) katut mata (liang leutik anu ditutupan logam emas atawa perak).
Salian ti bentukna anu unik, bahan baku kujang loyogna ipis, boga sifat garing, boga pori tur loba ngandung unsur logam alam.
Bentuk jeung fungsi
Rupaning rupa kujang jeung badi dina laporan Hurgronje taun 1904
Kujang minanda ragam fungsi jeung bentuk.
Dumasar fungsi, kujang téh kabagi kana opat, diantara:
Kujang Pusaka (lambang kaagungan jeung panyalindungan), Kujang Pangarak (pikeun perang), Kujang Pakarang (minangka pakakas upacara) jeung Kujang Pamangkas (minangka pakakas tatanén/ladang). Sedengkeun dumasar kana bentuk bilah aya anu disebut Kujang Jago (nyarupaan bentuk hayam jantan), Kujang Ciung (nyarupaan manuk ciung), Kujang Kuntul (nyarupaan manuk kuntul/bango), Kujang Badak (nyarupaan badak), Kujang Naga (nyarupaan sato mitologi naga) jeung Kujang Bangkong (nyarupaan Bangkok). Di sagigireun ti éta aya ogé tipologi bilah kujang bentuk wayang kulit kalawan tokoh wanoja minangka simbol kasuburan.
Sajarah bentuk
Ajén Kujang minangka hiji jimat, munggaran muncul dina sajarah Karajaan Sunda Pajajaran jeung Panjalu. Persisna dina mangsa pamaréntahan Prabu Kuda Laléan. Prabu Kuda Laléan kasohor ogé salaku Hyang Bunisora jeung Batara Guru di Jampang alatan jadi saurang patapa atawa resi anu linuhung di Jampang, Sukabumi.
Ti harita, Kujang kalayan lambat-laun digunakeun para raja jeung pangagung (bangsawan) karajaan di Tatar Sunda minangka lambang kawibawaan jeung kasaktén. Hija mangsa nalika, Prabu Kuda Laléan satengahing ngalakukeun tapa brata di hiji lelewek. Dadak sakala sang prabu meunang ilapat pikeun ngaropéa deui bentuk Kujang, anu selila ieu digunakeun pikeun pakakas tatanén.
Ahéngna, rupa (desain) panganyarna anu aya dina implengan sang Prabu, bentukna sarimbag jeung Pulo “Djava Dwipa”, anu kasohor minangka Pulo Jawa dina mangsa kiwari. Tah, sanggeusna meunang éta ilapat, sagancangna prabu Kuda Laléan mancénkeun Mpu Windu Supa, saurang pandai beusi ti kulawarga karajaan. Inyana dipeto nyieun mata piso sakumaha anu aya dina sawangan sang Prabu.
Mimitina, Mpu Windu Supa wéra sual bentuk pakarang anu kudu dijieunna. Mangka saméméhna ngalakukeun pagawéan, Mpu Windu Supa ngalakukeun tirakat (meditasi) heula, noong alam pikiran sang prabu. Ahirna meunang hiji sawangan ngeunaan purwa rupa (prototype) pakarang sakumaha anu aya dina pikiran Kuda Laléan.
Sanggeus meditasina réngsé, Mpu Windu Supa ngamimitian pagawéanana.
Kalayan nyerepkeun magis anu disugihan ku ajén-inajén filosofi spiritual, mangka jadi wé hiji pakarang anu mibanda kakuatan gedé. Tah ieu hiji Kujang anu bentukna unik, tur jadi hiji objek mibanda tanaga goib. Ieu pakarang mibanda 2 karakteristik anu onjoy. Bentukna nyarupaan Pulo Jawa jeung aya 3 liang di hiji tempat dina mata pésona. Ieu téh pakarang anu dina generasi kahareupna boga asosiasi jeung Karajaan Sunda Pajajaran.
Bentuk Pulo Jawa sorangan mangrupakeun filosofi tina cita-cita sang Prabu, pikeun ngahijikeun karajaan-karajaan leutik lemah Jawa ngajadi hiji karajaan anu dipupuhuan Raja Pajajaran. Samentara tilu liang dina pésona ngalambangkeun Trimurti, atea tilu aspek Kapangéranan tina agama Hindu, anu dipitaat ogé ku Kuda Laléan. Tilu aspek Kapangéranan éta nuduhkeun ka Brahma, Vishnu, jeung Shiva. Trinitas Hindu (Trimurti) ogé diwakilan 3 karajaan utama dina mangsa harita. Karajaan-karajaan éta téh diantarana Pengging Wiraradya, anu perenahna di bagian Wétan Jawa; Karajaan Kambang Putih, anu perenahna di bagian Kalér Jawa, jeung Karajaan Sunda Pajajaran, perenahna di Kulon Jawa.
Bentuk Kujang mekar leuwih jauh dina generasi kahareup. Modél-modél anu béda marucunghulan. Na mangsa pangaruh Islam tuwuh di masarakat, Kujang geus ngalaman réka bentuk nyarupaan aksara Arab “Syin”. Ieu mangrupakeun upaya ti wewengkon Pasundan, nyatana Prabu Kian Santang (Sohor ogé ngaranna Prabu Borosngora, jeung Bunisora Suradipati ti karajaan Panjalu), anu mikarep nga-Islamkeun rahayat Pasundan. Akhirna filosofi Kujang anu boga wanda Hindu jeung agama tina kultur anu baheula, diréka deui luyu jeung filosofi ajaran Islam.
Ari Syin téh nyaéta aksara munggaran dina kalimah syahadat di mana saban manusa nyakséni kana Gusti anu Maha Tunggal tur Nabi Muhammad minangka utusan-Nana. Kalayan ngucap kalimah syahadat tur niat dina jero haté éta, mangka sakur manusa sacara otomatis asup Islam.
Manifestasi ajén Islam dina pakarang Kujang nyaéta ngalegakeun area mata péso anu ngaluyukeun diri kana bentuk tina aksara Syin. Kujang model panganyarna sakuduna bisa ngélingan anu bogana kana kasatianana ka Islam katut ajaranana.
Lima liang dina Kujang geus ngagantikeun makna Trimurti. Kalima liang ieu ngalambangkeun 5 tihang dina Islam (rukun Islam).
Saprak ti harita éta modél Kujang ngagambarkeun silang sekar dua gaya anu didesain Prabu Kudo Laléan jeung Prabu Kian Santang. Namun wibawa Kujang sabagé pakarang pusaka anu pinuh “kakuatan séjén” tur bisa méré kakuatan anu tangtu pikeun pamilikna, tetep napel.
Enggoning pamekaranana, pakarang Kujang henteu dipaké deui para raja jeung kaum bangsawan wungkul. Masyarakat balaréa ogé remen ngagunakeun Kujang sarua siga para Raja jeung pangagung nagara. Dina masarakat Sunda, Kujang kerep katohyan dipajang minangka papaés (dekorasi) imah.
Kocap aya hiji kayakinan anu ngait jeung kaberuntungan, panangtayungan, kahormatan, kawibawaan jeung séjénna. Tapi, aya sababaraha tahayul anu dianggap minangka pamali (pantangan) anu teu meunang dilakukeun. Nyaéta majang Kujang sacara papasangan dina dingding kalayan mata péso palebah beiteungna anu seukeut silih hareupan. Ieu téh mangrupakeun pamali atawa larangan. Lian ti éta teu meunang saurang ogé nyokot fotona keur nangtung di antara 2 Kujang dina éta posisi. Béjana, ieu téh baris nyababkeun pati ka jalma éta dina waktu sa-taun, teu leuwih tapi bisa kurang.
Kujang dina lambang wewengkon
Sababaraha Kabupatén di Provinsi Jawa Barat, jeung Nagara Pasundan, ngagunakeun kujang dina lambang wewengkonna.
Nagara Pasundan
Nagara Pasundan ngagunakan siluet kujang dina lambangna. Nurutkeun Pamaréntah Nagara Pasundan, panggunaan siluet kujang dina lambang Nagara Pasundan nuduhkeunkeun kamekaran katatanagaraan anu masih ngora kénéh ti Nagara Pasundan.
Wali Nagara Pasundan Wiranatakoesoema V sarta Kapolisian Nagara Pasundan ogé ngagunakeunana dina lambang pribadi jeung instansinya.
Provinsi Jawa Barat
Provinsi Jawa Barat ngagunakeun kujang minangka lambang Pancasila. Lima liang anu aya dina kujang di lambang daerah Jawa Barat ngalambangkeun kalima sila dina Pancasila.
Rujukan
“KUJANG”. Direktorat Warisan jeung Diplomasi Budaya. 2015-12-17. Diakses tanggal 2020-07-11.
Widya Dharma Agama Hindu SMP kls 9. Ganeca Exact. hlm. 94. ISBN 978-979-744-740-3.
Kerjasama Pusat Kajian Lintas Budaya 2011, hlm. 62
“Kujang, Senjata Tradisional Indonesia”. House Sangkuriang Bandung (dina basa Inggris). Diakses tanggal 2020-07-11.
Intan Mardiana N, Endang Sriwigati, Yuni Astuti Ibrahim & Andini Perdana (2009). Agus Aris Munandar, ed. Koleksi Pilihan 25 Museum di Indonesia. Direktorat Jenderal Kebudayaan. 5156648.
Arthur S. Nalan (2000). Sanghyang Raja Uyeg: dari sakral ke profan. Humaniora Utama Press. ISBN 97-992-3137-X.
Brahmanto Anindito (2015). Tiga Sandera Terakhir. Noura Books. ISBN 60-209-8947-X.
Saleh Danasasmita & Anis Djatisunda (1986). Kehidupan masyarakat Kanekes. Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi), Direktorat Jendral Kebudayaan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. OCLC 6801889.
Edi Setiadi Putra (2011). “Interpretasi Visual terhadap Bentuk dan Fungsi Kujang Huma Pamangkas dengan Uji ANOVA (Analysis Of Variance) dan VAS (Visual Analog Scale)”. Institut Teknologi Nasional. Diakses tanggal 21 February 2017.
Pemerintah Negara Pasundan 1949, hlm. 139
de Vries, Hubert. “JAWA BARAT”. hubert-herald.nl. Diakses tanggal 2020-07-11.
Daftar pustaka
Pemerintah Negara Pasundan (1949). Negara Pasundan satu tahun, 24 April 1948-1949. Bandung.
Kerjasama Pusat Kajian Lintas Budaya. Politik jati diri urang Sunda dalam memperkuat pembangunan karakter bangsa. Bandung: Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran dengan Kementerian Kebudayaan jeung Pariwisata.
Keris and other weapons of Indonesia, Mubirman, Yayasan Pelita Wisata, Jakarta, 1970.
Pranala luar
Sejarah Kujang
Kujang, Senjata Masyarakat Sunda
BURUAN KAKAIT
Budaya Sunda
Binokasih Sanghyang Pake
Tugu Kujang
Wikipedia
Konten sayagi dina CC BY-SA 4.0 iwal ditétélakeun séjén.
Kebijakan privasi Ketentuan.
Ropéa Basa : RB
Sumber : Wikipedia Indonesia