Cisarua, Kiwari.co.id — Jalan Panghubung antara Kampung Kiara Lawang jeung Kampung Baru Juamaah, di RW 9, Désa Cipada, Kacamatan Cisarua, Kabupatén Bandung Barat (KBB) ruksak parna, padahal mah kakara réngsé dioméan saminggu kaliwat.
Jalan sapanjang 150 méter kalayan lébar 3 méter éta téh katara pinuh liang. Aspal hotmix katara kapesék tur sababaraha titik mucunghul rarengat. Hujan sabaraha poé ieu milu nambah karuksakan lantaran ngagerus koral jeung keusik sarta nimbulkeun lombangan.
Kondisi kawas kitu ngabadikeun masarakat keuheul alatan karuksakan éta dibalukarkeun goréngna palaksana proyek. Warga ngirong kandelna lapisan aspal hotmix anu dipaké pikeun ngoméan jalan téh teu leuwih ti saséntiméter.
“Ketebalan aspal cuma satu centimeter, pantas baru satu pekan langsung rusak lagi. Kami masyarakat selaku pengguna merasa kecewa,” kata Karya (70), salah saurang warga Kampung Kiara Lawang, mangsa ditepungan, Senén 4 Desember 2023 (AYOBANDUNG.COM )
Meupeus keuyangna amarah warga kakait proyek pangoméan jalan anu sumberna ti pokok pikir (Pokir) salah saurang anggahota DPRD éta dilampiaskeun ku cara aksi nyoplokeun aspal hotmix. Éta aksi téh viral di media sosial jeung grup pesen singget WhatsApp.
Warga nganilé panggarapan pangoméan jalan anu disérénkeun ka pihak katilu bakal boga kualitas goréng lantaran pausahaan anu ditunjuk ngarenovasi saukur orientasina profit wungkul. Béda carita mun seug pangoméan éta dilakukeun ku masarakat di dinya sorangan, pasti kualitasna bakal leuwih hadé.
“Mestinya percayakan ke masyarakat, karena kita pasti ingin jalan yang baik dan awet,” tambahna.
Sakim Sugandi (43) warga séjénna nyaturkeun, caroplokna aspal éta kakara katangén warga dina Saptu 2 Desember 2023, na mangsa hujan ngagebrét ngaguyur.
“Awal ketahuannya itu pas tiba-tiba kaya ngembang jalannya, pas dicek ternyata pada ngelupas aspalnya,” ceuk Sakim.
Éta jalan téh mangrupakeun milik Désa Cipada anu ngahubungkeun tilu RW di wewengkon éta anu mémang saméméhna geus ruksak. Satuluyna éta jalan sapanjang 150 méter kalayan lébar 3 méter téh dioméan ngagunakan hotmik. Tapi ngoméanana lain ku pihak désa, tapi aspirasi salah sahiji Anggahota DPRD KBB.
Jalan anu katingalina mulus éta téh tétéla kualitasna kacida nguciwakeun warga. Sabab, ku saukur ngagunakeun leungeun lamor ogé éta aspal téh bisa coplok. Sakim nyaritakeun, éta jalan mémang dioméan ngaliwatan aspirasi salah saurang Anggahota DPRD KBB.
“Yang pastinya kecewa, ini pembangunannya asal-asalan, sangat tipis. Pakai tangan aja langsung mengelupas,” ceuk Sakim.
Ku ayana kondisi siga kitu, inyana ngirong éta aspal téh moal kuat lila umurna lantaran baris terus caroplok. Komo deui ayeuna geus asup usum hujan.
“Warga jelas komplain, mudah-mudahan segera ada perbaikan lagi tapi gak asal-asalan kaya gini,” pokna
Di séjén mangsa, Sekretaris Désa Cipada Cepi Rudiansyah ngabenerkeun ayana jalan désa anu caroplok téh padahal kakara dioméan sakitar saminggu kamari. Tapi, inyana nandeskeun pangoméan jalan éta teu dilakukeun Pemdes Cipada.
“Betul kami menerima laporan ada jalan rusak lagi padahal baru dibangun. Tapi yang kami tau itu bukan dari anggaran desa, tapi APBD,” jéntréna Cepi.
Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB