Panorama Taman Langit Pangalengan, Destinasi Wisata Alam katut Kamping anu Hits di Kabupatén Bandung

Pangalengan, Kiwari.co.id – Bandung anu kasohor moal kungsi ngabosenkeun pikeun jugjugan liburan jeung moro kuliner. Pon kitu deui wewengkon-wewengkon séjén di sabudeureunana.

Salah sahijina téh nyaéta Pangalengan, anu kaasup kana Kabupatén Bandung. Ieu wewengkon jadi destinasi liburan anu matak kataji.

Pangalengan mah nyuguhkeun pamandangan anu éndah jeung hawa sejuk anu nyegerkeun pikeun miceun kakeselan jeung cangkeul balukar sapopoé papuket jeung rutinitas, kamandegan tatali marga jeung polusi katut perkara séjén anu matak jadi bangbaluh.

Di Pangalengan kiwari aya hiji lelewek destinasi jugjugan wisata anu kacida éndahna. Taman Langit Pangalengan ngaranna, anu perenahna aya dina pagunungan di tebéh kiduleun dayeuh Bandung.

Pikeun wargi Kiwari anu aya karep ngajugjug ieu destinasi wisata alam, disarankeun maké kandaraan pribadi, boh mobil atawa motor, alatan ka lelewek ieu tacan aya kandaraan umum anu langsung ka dinya.

Ti puseur dayeuh Bandung ka éta tempat waktu lalampahan sakitar 4 jam. Kalayan nyokot arah Banjaran, terus ka Pangalengan, ngaliwatan Situ Cileunca terus mapay jalan aspal nepikeun ka éta wewengkon.

Saméméh anjog ka lelewek Taman Langit Pangalengan, Anjeun baris diogo panempo ku amaparan jeung pasir kebon entéh anu héjo mayakpak sakurilingna, nyiptakeun kaayaan haté jeung pikir anu tingtrim ku hawana anu seger.

Panorama Kebon Entéh

Taman Langit Pangalengan aya dina 1.670 mdpl luhurna. Kalayan dirancang minangka tempat refreshing jeung liburan reujeung kulawarga. Disadiakeun cukang kai anu ngembat luhureun kebon entéh, pikeun ngahontalna.

Jembatan aestetik ieu ngembat sapanjang 200 méter. Mangsa ngaliwatanana, pangjugjug bisa langsung nyaksian amparan kebon entéh.

Dina wanci peuting lampu-lampu panyaangan mapaésan éta kawasan sahingga méré kesan syahdu

Na mangsa anjog di puncak, anjeun bisa minikmat pamandangan anu matak kataji. Bangku-bangku kai disayagikeun pikeun padongdon, pikeun nyalsé.

Perkara anu perelu diinget ku wargi Kiwari nyaéta, kulantaran daerah ieu téh dataran luhur, mangka dina wanci burit hawana jadi kacida tiisna tur sakapeung turun pepedut.

Jambatan kai estetik anu diwangun di tengah pakebonan entéh. (hondacommunity.net)

Mun seug hayang nyaksian surupna sarangéngé anu éndah kacida, disarankeun geus anjog ka tempat éta sakitar tabuh 4 soré sangkan meunang pangalaman maksimal.

Tempat kamping

Lian ti bisa minikmat pamandagan alam, anjeun ogé bisa datang ka dieu pikeun ngadegkeun tenda atawa kamping.

Ieu lelewek area kémping téh ayana sahandapeun Taman Langit, lahan anu kawilang lega pikeun kémah. Ieu area dijieun di tengah pakebonan entéh tur bisa nampung sakitar 20 ténda.

Tong hariwang mun teu mawa pakakas kémping, di dieu anjeun bisa nyéwa. Paralatanana cukup lengkep kayaning tina ténda, matras, sleeping bag, kompor, lampu ténda listrik, katut sasarap.

Fasilitas anu sayagi di Taman Langit Pangalengan mah cukup lengkep. Lahan parkir anu lega, mushola, toilet, kamar mandi, gardu pandang pon kitu deui tempat dahar.

Taman Langit Pangalengan muka saban poé 24 jam. Tiket asup Rp15.000 saurang. Parkir motor Rp5.000 jeung parkir mobil Rp10.000.

Pikeun séwa ténda waragadna mimiti Rp550.000 sapeuting pikeun hiji ténda.

Sayagi ogé paket mondok, nyaéta Camping Medium saharga Rp550.000 sapeuting, Sunrise Camping Dek hargana Rp650.000 sapeuting jeung Camping Private hargana Rp700.000 sapeuting.

Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan