Kuliner Motékar! Resép Sangu Wuduk anu Gurih jeung Liket, Momen Sasarap Reujeung Kulawarga Ngajadikeun Akhir Pekan Pinuh Kabungah

Kiwari.co.id – Sasarap reujeung kulawarga di akhir pekan mah mangrupakeun momen spesial. Sok komo deui bareng ngadahar kadaharan kalandep kawas sangu wuduk.

Mun seug ilaharna mah sarapan téh di luar, mangka taya salahna lamun sasarap bareng kulawarga di imah. Éta téh bisa ngajadikeun akhir pekan jadi leuwih nineung.

Pikeun Wargi Kiwari anu tacan apal bahan jeung kumaha prak-prakanana cara nyieun sangu wuduk. Dina mangsa ieu Kiwari nyutatkeun ti buruan Gala resép cara nyieun sangu wuduk keur wargi Kiwari.
Nyieun sangu wuduk sabenerna mah teu sulit lantaran teu pati béda jeung nyangu biasa. Ngan pédah ditambah bungbu-bungbu.

Ieu resép sangu wuduk anu gurih cakial:
Bahan sangu wuduk:

– 300 gr béas, isikan
– Air, secukupnya
– 2 leunjeur séréh
– 1 lambar daun salam
– 2 buku laja
– 2 bungkus Sasa Santan Bubuk
– 1/5 sd entéh Sasa Bumbu Ekstrak Daging Ayam

Bahan jujut hayam:

– 1 hayam, teukteukan jadi 12 bagian
– 100 ml cai
– 2 sd entéh Sasa Bumbu Ekstrak Daging Ayam

Palengkep:

. Siksikan endog dadar
. Témpé orek
. Kurupuk
. Goréng bawang
. Bihun

Cara nyieun:

1. Sayagikeun rice cooker, asupkeun béas anu geus diisikan (dikumbah)

2. Tambahkeun séréh, daun salam, jeung laja.

3. Cicikeun cai, tambahkeun Sasa Kaldu Ayam, galokeun sing rata terus asakeun masing lepas.

4. Sayagikeun wadah, cicikeun cai, tambahkeun Sasa Kaldu Ayam, terus galokeun masing rata.

5. Sangges kaldu leyur,asupkeun teukteukan hayam anu geus dikumbah beresih.

6. Galokeun nepika bungbu ngabalur rata ka sakur teukteukan hayamna.

7. Antepkeun sajam, hayam siap digoréng.

8. Sajikeun Sangu wuduk reujeung hayam goréng anu geus dijujut (suwir) jeung topping séjénna.

Wilujeng nyobian.***

Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan