Bandung Barat, – Kota Baru Parahyangan anu janten tempat dumukna UPTD Pemadam Kebakaran Kabupaten Bandung Barat, dinten Jum’at kaping 27 Maret 2020 dijantenkeun tempat apel persiapan kanggo acara penyemprotan desinfektan tingkat kabupaten bandung barat, acara eta dihadiran ku ketua DPRD, Sekretaris DPRD, Kasdim sareng unsur anu sanesna.
Dina Kasempatan eta Ketua DPRD, Rismanto, S.Pd.,M.IKom, ngapresiasi pisan kagiatan ieu, anjeunna ngutarakeun yen acara penyemprotan ieu mangrupikeun salah sahiji cara piken ngaminimalisir sumebarna virus covid 19 di wilayah kabupaten bandung barat, para patugas anu ngalaksanakeun panyemprotan mangrupikeun garda pang payunna piken merangan virus korona. Hal ieu mangrupikeun salah sahiji ibadah kanggo urang sadaya. Kagiatan penyemprotan desinfektan mangrupikeun physical distancing, salain ti sosial distancing.
Urang sadaya kedah tiasa janten humas, kanggo masihan terang ka keluarga, dulur, tatangga sareng jalmi jalmi anu caket sareng urang ngenaan penting na nyegah sumebarna covid 19. urang kedah tiasa ngadugikeun yen upaya pencegahan teh kedah dilakukeun babarengan kusadaya, naon naon anu parantos ku pamarentah di dugikeun mimiti ngajaga hirup bersih tur sehat, ngajaga jarak sareng anu sanes, teu kaluar ti imah masing masing, ngawasuh panangan tiap kali parantos nyabak benda benda anu aya di sabudereun urang, sadia hand sanitizer, ngagunakeun masker upami urang kaluar imah, langsung ngagentos anggoan upami urang wangsul nyaba nganggo kandaraan umum sareng langsung mandi. Hal eta sadayana kedah tiasa dugi ka masyarakat sadayana.
Salain ti urang berusaha hirup sehat sareng ngalaksanakeun himbauan ti pamarentah, urang sadaya salaku manusia beragama kedah se’eur ngadu’a ka alloh swt, supaya pandemi korona ieu sing enggal lengit ti dunia khususna ti kabupaten bandung barat sareng enggal pulih sabihara bihari kahirupan urang sadaya. aamiin