Cirebon, Kiwari.co.id – Balé Mandé Jajar anu perenahna di komplek makam Sunan Gunung Jati Cirebon tétéla nyimpen sajarah mandiri. Balé Mandé Jajar anu umurna geus 650 taun éta mangrupakeun hadiah ti Prabu Siliwangi.
Perenahna Balé Mandé Jajar aya di beulah katuhu saméméh panto asup komplek jero Sunan Gunung Jati anu perenahna di Astana Gunung Sembung di Désa Astana, Kacamatan Gunung Jati, Kabupatén Cirebon.
Wangunna sarimbag sakumaha balé ilaharna, anu dijieun tina kai kalayan ukiran khas Sunda.
Sanajan umurna ratusan taun, katara Mandé Jajar masih ajeg. Di bagian tengah aya banda siga méja bentukna pasagi opat. Kocap, tempat éta digunakeun minangka tempat istrénan raja. Diirong dijieun dina taun 1479.
Mandé Jajar dikurilungan kaca jeung témbok bangunan kelir bodas kalayan ornamén karamik Tiongkok. Aya ogé kai minangka pananggeuy wangunan.
Dikira-kira Mandé Jajar mibanda jangkung leuwih ti 6 méter kalayan tihang anu jumlahna 8 tihang.
Sanajan aya di dataran luhur, keusik anu aya di Mandé Jajar mangrupakeun keusik laut.
Nurutkeun panggiat sajarah jeung naskah kuno Farihin, Mandé Jajar mangrupakeun hadiah Prabu Siliwangi ti Pajajaran ka anakna Pangéran Cakrabuana.
“Jadi ada dua balai, Mande Jajar sama balai Mande Tepasan yang dari kerajaan Majapahit,” tutur Farihin belum lama ini.
Namun, menurut Farihin, ada versi lain dari cerita orang Balerante, yang menyebutkan Mande Jajar tidak langsung ada di Gunung Sembung tapi singgah terlebih dahulu di Balerante. Dari Balerante, Mande Jajar dipindahkan oleh Ki Patih Jagabayan menuju Gunung Sembung.
“Jadi sebelum ada di Astana Gunung Sembung ada di daerah Balerante terlebih dahulu. Dibawa oleh Patih Jagabayan yang punya Masjid Jagabayan di Winaon,” catur Farihin.
Nurutkeun pagiat budaya Cirebon, M Ifull Azka Zulkifli, kadatangan balé Mandé Jajar ti karajaan Pajajaran, teu saukur minangka hadiah, tapi ogé minangka tanda yén panerus karajaan Pajajaran nyaéta karajaan Cirebon.
“Kalau memang penanda yang melanjutkan tahta adalah putra mahkota. Itu bukan mahkotanya, melainkan dia duduk di kursi, yakni Mande Jajar dan kursi Gading Gilang Kencana. Ini membuktikan yang melanjutkan kerajaan Pajajaran jelas kerajaan baru yang bernama kerajaan Cirebon, ” ceuk Ifull.
Pikeun pangaweruh, korsi Gading Gilang Kancana mangrupakeun korsi anu dijieun tina gading gajah anu digunakeun minangka singgasana ti karajaan Pajajaran.
Geus heubeul teu digunakeun saprak Sultan Kanoman ka IX.
Ayeuna korsi Gading Gilang Ksncana masih kasimpen di karaton Kanoman.
Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB