Fakta Calon Ibu Kota Negara Nusantara anu Aya di Kalimantan Timur, Istana Presiden 

Kiwari.co.id – Lokasi IKN aya di tengah-tengah nagara Indonesia. IKN Nusantara kacida strategis tur gampil diakses ti mana baé. Lokasi IKN di Kalimantan Timur aya di jalur alur laut kapuloan Indonesia II, hal éta anu ngajadikeun IKN gampil diakses ti mana baé. Salian ti éta pamilihan IKN minangka ibu kota nagara, di antarana mibanda kasagiaan cai baku anu ngaleuya, geus aya tilu waduk, opat walungan, jeung opat daerah aliran sungai.

Fakta unik calon ibu kota negara (IKN) Nusantara:

1. Lega IKN

Lega daratan wilayah IKN nyaéta kurang leuwih 256.142 hektar (ha) jeung wilayah perairan laut legana kurang leuwih 68.189ha.

2. Batas Wilayah IKN

Lebah kidul IKN wawatesan Kacamatan Penajam Kabupatén Penajam Paser Utara, Teluk Balikpapan, Kacamatan Balikpapan Barat, Kacamatan Balikpapan Utara, jeung Kacamatan Balikpapan Timur Kota Balikpapan. Kacamatan Loa Kulu Kabupatén Kutai Kartanegara jeung Kacamatan Sepaku Kabupatén Penajam Paser Utara mangrupakeun batas IKN di beulah kulon.

Satuluyna pikeun wates beulah kalér di Ibu Kota Negara wawatesan jeung Kacamatan Loa Kulu, Kacamatan Loa Janan, jeung Kacamatan Sanga-Sanga Kabupatén Kutai Kartanegara. Beulah wétan IKN wawatesan jeung Selat Makassar.

3. IKN di Kalimantan Timur Minim Bancana. Pamilihan IKN aya di Kalimantan Timur lantaran minim ngarandapan bancana alam, hususna lini jeung tsunami, sarta bitu gunung api. Hal ieu kulantaran Kalimantan Timur aya di pulo anu anggang tina lémpéng tektonik. Béda jeung pulo séjén, aya tilu lémpéng tektonik anu aya di deukeutna, nyaéta Lémpéng Indo-Australia, Lémpéng Eurasia, jeung Lémpéng Pasifik.

4. Manuk Garuda Desain Istana Kepresidenan di IKN

Ibu Kota Negara Nusantara engkéna aya istana kapresidenan anu bentukkna manuk garuda. Hal éta luyu jeung pamilihan Presiden Jokowi. Desain Istana Kapresidenan di IKN Nusantara mangrupa manuk garuda anu keur mébérkeun jangjang karya ti Nyoman Nuarta. Desain kalayan ngaran Istana Garuda nyaéta hiji tina bagian Istana Kapresidenan Nusantara anu baris diwangun di lahan legana 55,7ha kalayan lega tapak 334.200 méter pasagi. Istana Kapresidenan IKN Nusantara baris diwangun di daerah Penajam Paser Utara, Kalimantan Timur dina luhur lahan 100ha kalayab luas area wangunan saukur 8%, sedengkeun sésana 92% baris ditata jadi rohang kabuka héjo jeung wangunan séjén pangrojong wangunan Istana Kapresidenan.

Kontributor: Agus Rohmat

Ropé Basa: RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan