Kiwari.co.id – Karajaan Sunda mibanda hubungan pageuh reujeung Sriwijaya katut Majapahit. Kocap aya sababaraha Raja Sunda Galuh anu kumawasa mangrupakeun katurunan ti Karajaan Sriwijaya jeung Majapahit. Sanajan béda priode tapi mibanda hubungan reujeung Karajaan Sunda ti taun 669. Raja Prabu Detya Maharaja Sri Jayabupati mangrupakeun Raja Sunda anu masih katurunan Sanghyang Ageng kénéh. Indung Sri Jayabupati ieu nyaéta katurunan putri Karajaan Sriwijaya tur masih kulawedet deukeut reujeung Raja Wurawuri. Anapon permaisuri Sri Jayabupati nyaéta putri Dharmawangsa Teguh ti Karajaan Medang Mataram Kuna, periode Jawa Timur, tur masih mangrupakeun adi teges Dewi Laksmi, bojo Raja Airlangga.
Tin pernikahan éta, Jayabupati meunang pangleler gelar ti mitohana nyaéta Dharmawangsa, gelar éta pisan anu kacatet dina Prasasti Cibadak. Sakuma dicutat tina buku “Hitam Putih Mahapatih Gajah Mada” hubungan getih reujeung Sriwijaya katut Medang.
Jayabupati teu bisa réa peta mangsa kadua karajaan kalibet paperangan. Puncakna dina 1016, Raja Wurawuri narajang Medang, dina pamaréntahan Dharmawangsa Teguh anu kawéntar kalayan Paristiwa Mahapralaya, tapi inyana kudu boga sikep sineger tengah (netral). Sementara hubungan Karajaan Sunda Galuh reujeung Karajaan Majapahit dipangaruhan Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu anu mibanda putra mahkota nu ngaranna Rakéyan Jayadarma tur perenahna di Pakuan.
Rakéyan Jayadarma ieu mangrupakeun minantu Mahisa Campaka anu kungsi maréntah Karajaan Singasari. Satuluyna Rakéyan Jayadarma kawin jeung Dyah Lembu Tal anu mibanda anak ngaranna Nararaya Sanggamawijaya atawa Raden Wijaya atawa Dyah Wijaya, anu gumelar di Pakuan. Tapi kulantaran Jayadarma tilar ngora kénéh, dicaturkeun dina Pustaka Rajya – Rajya I Bhumi Nusantara Parwa II sarga 3, Radén Wijaya anu indungna balik ka Jawa Timur. Dina Babad Tanah Jawa, Dyah Wijaya anu kasohor jeung Jaka Sesuruh ti Pasundan. Minangka katurunan Jayadarma, Wijaya mangrupakeun panerus tahta Karajaan Sunda anu sah, nyaéta mun seug Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu ngantunkeun, tilar dunyana Jayadarma ngosongkeun minangka putra mahkota. Lantaran Jaka Sesuruh anu sakuduna jadi Raja Sunda kalah jadi pangadeg karajaan anyar Majapahit, tur jadi raja munggaranana.
Kontributor jeung Ropéa Basa : Agus Rohmat