Séwa Alphard di IKN Tembus Rp 25 Juta Sapoé, di Jakarta mimiti Rp 2,5 Juta

Kiwari.co.id – Ngagayuh HUT ka-79 RI, aya fenomena séwa mobil anu hargana ngajaul leuwih ti 100 persén di IKN. Kawas keur Alphard baé tembus Rp 25 juta sapoé. Ketua DPD Asosiasi Pengusaha Rental Mobil Daerah Indonesia (Asperda) Kalimantan Timur Damun Kiswanto nyaturkeun, pikeun nyumponan kabutuhan kandaraan di IKN, unit-unit didatangkeun ti sababaraha wewengkon, kayaning Surabaya, Jakarta, Sidoarjo, Semarang, Solo, Makassar, Bali, jeung Palu. Sakur unit anu didatangkeun ti dayeuh-dayeuh éta geus dipesen ti anggangna kénéh kalayan harga séwa normal sakitar Rp 2,5 juta keur Fortuner, Rp 3,5 juta nepika Rp 6 juta keur Hi-Ace, jeung Rp 7 juta keur Alphard.

Ngan, harga séwa anu dikeunakeun mangsa pamesenan Agustus 2024 ngalaman jaulan 100 persén jadi sakitar Rp 5 juta (Fortuner), Rp 15 juta (HiAce), malahan aya anu nepia Rp 25 juta (Alphard).

Nurutkeun Damun, ngarokétna harga ieu kusabab waragad pangiriman ti luar kota jeung luar pulo anu bisa ngahontal Rp 13 juta pikeun hiji unit.

“Angka ini hanya untuk Hi-Ace, belum unit jenis lain,” ceuk Damun ka Kompas.com tacan lila ieu.

Mun seug dibandingkeun jeung séwa Alphard di Jakarta, bédana kacida jauhna. Conto tina Trac, mun arék rental Alphard jeung paket 12 jam reujeung pangamudi, sapoéna saukur Rp 2,5 juta. Tarif éta tacan kaasup waragad bénsin, tol, ogé parkir. Mobilna ogé lain pikeun lalampahan ka luar kota, nguriling Jakarta baé. Aya ogé ti Sembodo Rent Car anu nawarkeun réntal Alphard keur 18 jam jero kota kalayan tarif mimiti Rp 3,3 juta. Bédana, éta harga geus kaasup pangamudi, BBM, tol, parkir, sarta dahar keur pangamudi.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan