Parancang Istana di IKN Sebut Hulu Garuda Tungkul sangkan Teu Katingalina Adigung

Kiwari.co.id – Desainer atawa parancang Istana Garuda Ibu Kota Nusantara (IKN) Nyoman Nuarta ngungkabkeun yén makna tina desain istana anu katingalina ngarangkul, ngandung filosofi pikeun nyalindungan bangsa Indonesia.

Nyoman teu nampik yén desain Istana Garuda anu katara ngarangkul nggambarkeun makna yén Manuk Garuda minangka lambang nagara keur nyalindungan bangsa Indonesia. Nyoman ogé teu mungkir mun hulu Garuda katara tungkul.

“Kalau Garuda ngedongak, sombong dong. Terserahlah itu image orang. Saya buat sayapnya itu memeluk seperti melindungi,” ceuk Nyoman, sakumaha dikutip ti Antara, Saptu (10/8/2024).

Nyoman, anu kungsi ogé ngawangun patung Garuda Wisnu Kencana (GWK) di Bali, nekenkeun yén lokasi Istana Garuda di IKN diwangun di luhur pasir.

Inyana nandeskeun dirina teu ngidinan pangbongkaran éta pasir pikeun ngajaga kaaslian alam.

“Kan itu di bukit tuh. Tadinya memang di bukit. Itu saya enggak bongkar, saya nggak memperbolehkan untuk membongkar (bukitnya),” pokna deui.

Jangkungna Istana Garuda di IKN, ceuk Nyoman, nepika 44 méter ti jalan jeung 88 méter tina beungeut laut. Kalayan sagemblengna jangkungna istana ieu ngahontal 70 méter ti puncak wangunan Garuda.

Desain lingkungan sabudeureun istana ogé diperhatikeun kalayan tenget. Nyoman ngungkabkeun yén lamping di sabudeureun istana baris dipelakan rupa-rupa pepelakan pikeun nyiptakeun suasana asri jeung seger.

Salain ti éta, rohang tunggu di jero istana ogé dirancang kalayan konsep anu teu ilahar. Nyoman nyebut rohang tunggu éta baris karasa ngalayang lantaran posisina aya di antara lamping anu jangkungna 30 méter tur lalangit 30 méter.

“Jadi tamu-tamu di dalam tanpa pake AC karena nanti angin itu keluar masuk melalui celah-celah sayap itu,” pokna.

Nyoman ogé nekenkeun yén rohang tunggu éta teu merelukan AC, lantaran angin baris ngalir asup ngaliwatan sela-sela jangjang Garuda, nyiptakeun sirkulasi udara alami anu seger.

“Jadi nyaman karena panas bisa drop drastis. Misalnya di luar 35 derajat celsius, di dalam itu bisa 24 derajat celsius. Jadi (bisa) turun bangat panasnya,” ceuk Nyoman.

Nyoman kalayan tandes nétélakeun desain Istana Garuda sapinuhna mangrupakan hasil kreasi orisinalna, tanpa niru hiji ogé wangunan di sakuliah dunya. Karya anu teu mibanda sasaruaan pikeun inyana mangrupakeun hiji ajén diri bangsa.

“Saya ini bekerja tidak ada urusan dengan politik. Saya berpikir terhadap bangsa saya, supaya punya harga diri, maka dari itu desain ini enggak ada niru-nirunya,” catur Nyoman nandeskeun.

Lian ti kitu, Nyoman ogé ngungkabkeun yén kesan mistis kana Istana Garuda taya lian hal anu kabuka pikeun interpretasi saban-saban individu, anu dipangaruhian ku pangalaman pribadi maranéhna.

Inyana nekenkeun yén kritik anu dibikeun kudu boga sifat konstruktif tur teu dikaitkeun kana isu agama.

“Nanti yang ngomong-ngomong saya mau tanya, dia sudah pernah berbuat apa? Kalau bikin ruko aja, enggak usah ngomonglah. (Namun) bikin sesuatu yang pantas dilihat secara nasional maupun internasional,” pokna.

Nyoman ogé nyorotan pentingna méré rohang pikeun generasi ngora, utamana para arsitek jeung seniman pikeun bébas boga kreasi tanpa watesan.

Ceuk Inyana nandeskeun, dina proyek ieu, dirina dibéré kabébasan éta tur barus mertanggungjawabkeun hasil karyana kalayan sahadé-hadéna.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan