Kiwari.co.id – Rebo Wekasan mangrupakeun salah sahiji tradisi unik anu masih dilastarikan kénéh ku sawaréh masarakat Indonesia, hususna di Pulo Jawa. Tradisi Rebo Wekasan ieu dilaksanakeun dina poé Rebo akhir dibulan Safar dina kalénder Hijriah. Pikeun masarakat anu masih ngajalankeunana, Rebo Wekasan dipiyakin minangka momen penting pikeun nolak bala jeung meredih panangtayungan tina rupa-rupa balai
Sanajan ngaranna ngandung kecap “Rebo”, palaksanaan Rebo Wekasan teu salilana ragrag dina poé Rebo. Hal ieu lantaran panangtuan tanggalna milu kalénder Hijriah, sahingga bisa baé ragrag dina poé séjén dina kalénder Masehi. Umpamana baé, Rebo Wekasan taun 2024 bakal ragrag dina poé Rebo, 4 September 2024 atawa ninggang dina 30 Safar 1446 Hijriah.
Tradisi Rebo Wekasan mangrupakeun papaduan unik antara budaya lokal jeung ajén inajén Islam. Di satukangeun ritual-ritualna anu khas, Rebo Wekasan nyimpen makna anu jero minangka wujud kataatan ka Allah SWT sakaligus ngalestarikeun warisan leluhur.
Salengkepna
Ngén urang paluruh leuwih jauh ngeunaan sajarah, makna, jeung amalan dina tradisi Rebo Wekasan ieu.
*Sajarah jeung Asal-Usul Rebo Wekasan*
Tradisi Rebo Wekasan mibanda akar sajarah anu panjang, nyangreud pageuh jeung proses Islamisasi di Nusantara. Para wali jeung ulama baheula ngawanohkeun tradisi ieu pikeun sarana dakwah anu ngaakomodasi kapercayaan lokal masarakat Jawa.
Nurutkeun catetan sajarah, tradisi ieu mimiti mekar dina mangsa panyebaran Islam di Indonesia. Masarakat Jawa mangsa harita miyakin yén poé Rebo pamungkas dina bulan Safar minangka poé nahas anu asalna tina kapercayaan heubeul kaom Yahudi. Para wali satuluyna ngalihkeun kapercayaan éta jadi momentum pikeun leuwih ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT.
Peran Wali Songo kacida penting enggoning ngamekarkeun tradisi Rebo Wekasan. Minangka conto, di Desa Suci, Kabupatén Gresik, aya kapercayaan yén Sunan Giri kungsi méré pituduh sumber cai mangsa usum kagaringan. Anjeunna ogé amanat sangkan masarakat ngayakeun upacara adat minangka wujud syukur, anu satuluyna mekar jadi tradisi Rebo Wekasan.
*Makna jeung Tujuan Rebo Wekasan*
Rebo Wekasan mibanda makna anu jero pikeun masarakat anu masih kénéh ngalestarikeunana. Tradisi ieu boga tujuan minangka sarana tolak bala atawa nakis balai anu dipercaya réa turun dina bulan Safar. Sababaraha urang ulama, sakumaha anu dicutat dina kitab Al-Risalah Al-Badi’ah, nyebutkeun yén dina bulan Safar, Allah SWT nurunkeun leuwih ti 500 rupa kasakit.
Salian minangka upaya tolak bala, Rebo Wekasan ogé jadi momentum pikeun ningkatkeun katakwaan jeung rasa syukur ka Allah SWT. Ngaliwatan rupa-rupa ritual jeung amalan anu dilakukeun, masarakat miharep meunang panangtayungan jeung kaberkahan ti Allah SWT.
Allah SWT ngadawuh dina Al-Qur’an surat Hud ayat 90:
وَاسْتَغْفِرُوا رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوبُوا إِلَيْهِ إِنَّ رَبِّي رَحِيمٌ وَوَدُودٌ
Hartina: “Jeung prak geura meredih ampunan ka Pangéran anjeun, tuluy prak tobat ka Anjeun-Na. Satemenna, Pangéran Maha Mikawelas, Maha Mikaasih.” (QS. Hud: 90)
Ayat ieu jadi salah sahiji landasan spiritual dina tradisi Rebo Wekasan, di mana umat Islam dititah pikeun ngalobakeun istighfar jeung tobat ka Allah SWT.
*Amalan jeung Ritual dina Rebo Wekasan*
Dina miéling Rebo Wekasan, aya sababaraha amalan jeung ritual anu ilahar dilakukeun ku masarakat, di antarana:
– Mandi Tolak Bala
Sawaréh masarakat ngalakukeun ritual mandi ku cai anu geus dibéré du’a-du’a husus. Ritual ieu dipiyakin bisa ngaberesihkeun diri tina sagala balai.
– Salat Sunah
Dilaksanakeun salat sunah opat rokaat kalayan niat salat mutlak. Dina saban rokaatna dibaca:
. Surat Al-Fatihah 1 kali
. Surat Al-Kautsar 17 kali
. Surat Al-Ikhlas 5 kali
. Surat Al-Falaq 1 kali
. Surat An-Nas 1 kali
– Maca Du’a Husus
Sanggeus salat, dibaca du’a Rebo Wekasan anu cukup panjang. Du’a ieu eusina meredih panangtayungan tina segala balai jeung panyakit.
– Ngaréakeun Istighfar
Luyu jeung panitah dina Al-Qur’an, masarakat dititah pileun ngalobakeun istighfar dina poé éta.
– Sedekah jeung Silaturahmi
Minangka wujud rasa syukur, masarakat ogé dianjurkeun pikeun sedekah jeung ngaraketkeun tali silaturahmi.
*Kamekaran Tradisi Rebo Wekasan*
Sariring kamekaran zaman, palaksanaan tradisi Rebo Wekasan ngalaman sababaraha parobahan. Di sababaraha daérah, tradisi ieu masih dilaksanakeun kalayan ramé ku rupa-rupa ritual adat. Ngan di daérah lain, parayaanana leuwih basajan jeung leuwih fokus kana aspek spiritual kayaning ngadu’a jeung ibadah.
Sanajan kitu, esensi tina Rebo Wekasan tetep sarua, nyaéta minangka momentum pikeun ningkatkeun katakwaan jeung meredih panangtayungan Allah SWT. Tradisi ieu jadi bukti kumaha Islam bisa ngaakulturasi jeung budaya lokal tanpa ngaleungitkeun nilé-nilé fundamental agama.
Rebo Wekasan mangrupakeun tradisi anu sugih tina ajén-ajén spiritual jeung kaarifan lokal. Sanajan palaksanaanana boga variasi di rupa-rupa daérah, inti tina tradisi ieu nyaéta ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT tur nyuhunkeun panangtayungan-Na. Minangka bagian tina khazanah budaya Indonesia, Rebo Wekasan jadi eunteung kumaha agama jeung budaya bisa leumpang babarengan dina kahirupan masarakat.
Ropéa basa: Agus Rohmat