Buaya anu Leupas Tina Panangkaran Cianjur Titipan BKSDA

Cianjur, Kiwari.co.id – Sababaraha buaya leupas sanggeus témbok panangkaran buaya di Kampung Gunung Calung, Kalurahan Sayang, Kacamatan Cianjur, Kabupatén Cianjur jebol. Dikanyahokeun mun buaya di panangkaran éta mangrupakeun titipan ti Balai Konservasi Sumber Daya Alam (BKSDA).
Lurah Sayang Wiji Eko nyaturkeun dina éta panangkaran aya 80 buaya. Éta jumlah dumasar surat panitipan BKSDA ka panangkaran.

“Informasinya dititipkan sejak 2016 oleh BKSDA. Kalau dari surat yang saya lihat ada 80 ekor yang dititip di sini,” pokna, Kemis (3/10/2024).

Ceuk Inyana panangkaran anu aya di lelewek pangolahan galian C éta jebol sanggeus hujan ngagebrét dibarengan angin ngagelebug. Balukarna sababaraha hiji buaya lolos.

“Dari 80 ekor tersebut ada beberapa yang kabur. Sebagian kabur ke kawasan galian C dan ada dua yang kabur ke kali dan sawah dekat pemukiman warga,” caturna.

Inyana ngaku, rumasa tacan apal kalawan teges jumlah anu puguh ngeunaan buaya anu lolos. Samentara sababaraha hiji geus beunang ditéwak deui.

“Kalau jumlah pastinya belum tahu. Masih disisir sepanjang aliran sungai dan di sekitaran lokasi penangkaran. Sementara sudah ditangkap 3 ekor. Dua ditangkap di kali dan sawah, sedangkan satu lagi di kawasan galian C,” ungkabna.

“Saya sudah imbau kepada RT dan RW setempat untuk tetap waspada. Segera laporkan apabila melihat buaya,” tambahna.

Sedengkeun, Kepala Bidang Wilayah I BBKSDA Jawa Barat tacan bisa dipénta panétélaanana tumali buaya anu lolos ti panangkaran, alatan tacan jonghok tur pesen singkat ogé tacan meunang tanggapanana.

Kata BKSDA
Balai Konservasi Sumber Daya Alam (BKSDA) ngakuna mun éta buaya-buaya dipihapékeun di éta panangkaran ti saprak sababaraha taun kalarung, sabab kasulitan taya deui panitipan séjén.

Kapala Bidang KSDA Wilayah I Bogor Diah Qurani Kristina, nyaturkeun buaya muara éta awalna mémang asalna ti panangkaran di lokasi éta. Ngan dina 2018 dicokot alih ku BKSDA.

“Statusnya jadi diambil oleh BKSDA. Tapi tetap di titip di lokasi yang sama, yakni di penangkaran di Cianjur tersebut,” ceuk Inyana mangsa dihubungan.

Nurutkeun Inyana, dina mangsa dipihapékeun jumlah awal buaya éta lobana 80. Angka éta sarua jeung surat berita acara panitipan satwa jinis Buaya Muara dina 2018 tijeula.

“Iya dititipkan sejak beberapa tahun lalu. Jumlahnya 80 ekor,” pokna.

Ngan, ceuk inyana deui, jumlah buaya ayeuna aya potensi ngurangan. Pasalna sigana aya buaya anu paéh jeung didahar ku buaya lianna.

“Buaya itu sifatnya kan kanibal. Jadi bisa saja jumlahnya tidak 80 ekor lagi. Dan buaya yang mati dimakan oleh buaya lain, sebab buaya kan kanibal,” pokna.

Inyana nyaturkeun éta buaya dipihapékeun di panangkaran anu aya di tengah pamukiman warga lantaran pihakna kasulitan néangan tempat anu bisa nganampung jumlah sakitu lobana.

“Sulit cari yang dapat menampung dalam skala besar. Di sana kan ada 80 ekor awalnya. Makanya dititipkan di sana,” pokna deui.

Ngan Diah nyebutkeun BKSDA boga rancana pikeun mindahkeun buaya-buaya éta ka tempat séjén, komo pasca jebolna témbok panangkaran.

“Untuk sementara kita perkokoh dulu tanggul di sana. Sambil mencari tempat baru untuk evakuasi buaya-buaya tersebut. Kemungkinan akan disebar ke beberapa tempat, karena kalau langsung semua belum ada yang cukup,” tambahna.

Husus keur lima buaya anu lolos dan geus ditéwak deui, BKSDA baris sagancangna ngevakuasina tur mihapékeun ka Taman Safari Indonesia.

“Kalau yang lima, yang sudah sempat kabur akan jadi prioritas. Kita akan evakuasi secepatnya, karena butuh persiapan mengingat buayanya kan besar. Kita akan titipkan ke Taman Safari Indonesia,” ungkabna.

Saméméhna kungsi diwartakan, panangkaran buaya di Jalan Perintis Kemerdekaan di Kampung Gunung Calung, Kalurahan Sayang, Kacamatan Cianjur, Kabupatén Cianjur jebol. Balukarna, sababaraha hiji buaya ngencar tur kumelendang ka pamukiman ngajadikeun warga geumpeur.

Tatali warta anu dikumpulkeun, leupasna buaya tina panangkaran éta dibalukarkeun dingding panangkaran jebol mangsa hujan ngagebrét dina poé Rebo (2/10/2024) peuting.

Dumasar video anu sumebar, katingali sababaraha hiji buaya anu lolos cicing di walungan jeung lahan pasawahan warga di deukeut panangkaran.

Pagawé panangkaran dibantu warga katut patugas gabungan ngusahakeun néwak sababaraha hiji buaya anu ukuranana 3 méter nepika 5 méter éta.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan