CIANJUR,[KC], Hujan ngagebrét nu narajang Kabupatén Cianjur salila sababaraha poé ieu ngabalukarkeun urugna lemah sawatara pasir di wewengkon Sukanagara jeung ngurugan jalan tatali marga provinsi samalah méh baé ngaruang pangandara motor, hadéna inyana salamet.
Sakumaha nu kapinton dina rékaman Vidio salila 2 menit 34 detik di dinya katangén na mangsa lemah Pasir mimiti urug aya saurang pangandara motor nu keur liwat jeung karuang taneuh. Untungna pangandara motor getak luncat tur nyalametkeun dirina, sok sanajan motor inyana kudu ngalaman karuang.
M Rusli, salaku Koordinator Tagana Kecamatan Sukanagara nu aya di wewengkon kajadian nyaritakeun yén urugna lemah Pasir éta tadi sakira dina wanci srangéngé ménggok ngulon atawa tabuh 16:30 WIB. Nurutkeun inyana dina mangsa ayeuna loba kandaraan nu kacandet tur kapahung dilebah éta wewengkon, acan kanyahoan ayana kurban jiwa atawa henteuna, material urugan masih tacan dipérénan ku sabab inggis aya urug susulan.