Viral Pamandangan Sawah Cisema Banjaran di Bandung, Kaéndahanana Siga Di Ubud Bali

Banjaran, Kiwari.co.id – Sababaraha mangsa ieu mah, tempat ieu téh ngadadak jadi catur sabiwir hiji balaréa (viral) dina media sosial. Lantaran pamandangan sawah anu ngampar lega sawaréh umpak-umpakan, éta kaayaan téh ku para netizen mah disebut sebut kawas pasawahan di Ubud Bali kalawan jalan leutik anu meulah pasawahan terasering persis siga dina lukisan

Kaéndahan alam Kabupatén Bandung, Jawa Barat mun dicatur mah mémang taya béakna. Perenahna anu dikurilingan pagunungan, ngahasilkeun pamandangan anu matak kataji, salah sahijina téh nyaéta di lelewek sawah Cisema, Kampung Cihamerang, Désa Batu Karut, Kacamatan Banjaran Wetan.

Ieu tempat téh viral tur pada ngadeugdeug lantaran héjona pamandangan pasawahan anu ngampar lega dipapaés jalan satapak anu dibeton tur meulah area terasering siga pamandangan dina lukisan.

Pikeun wargi kiwari anu panasaran kana kaéndahan, waktu panghadéna ngalanglang lelewek ieu. Yu tengetan pedaran ieu!

Wanci isuk meleték srangéngé nu éndah

Nyutat Instagram Pelosok Desaku, éndahna pamandangan terasering pasawahan héjo lémbok anu ngampar lega wanci isuk mah bener-bener taya babandinganana. Dina mangsa tabuh 05:00 atawa medalna panonpoé nepika meletékna srangéngé tabuh 07-08:00 WIB, na mangsa panonpoé tacan caang pisan ngajadikeun suasana seger téh kacida karasa pisan di ieu lelewek.

Sawah Cisema Banjaran Wetan (©Youtube The Village Motovlog)

Sok komo deui pamandangan papasiran anu ngurilingan mah, ngajadikeun wewengkon éta téh mingkin éndah ngogo panempo. Sasakali tunya-tanya atawa cacatur jeung warga atawa para patani anu keur aya di sawah nu saroméah, pikeun nyaritakeun réa hal tumali kondisi kampungna, éta téh bakal nambah kabetah wargi kiwari mun ngadeugdeug ka dinya.

Moro surupna srangéngé (sunset) sisi sawah

Nalika wanci burit mah, suasanana téh teu éléh éndah lantaran cahya panonpoé teu pati morérét tur sensasi gurat layung beureumna matak nengtremkeun.

Mun dina kondisi langit cangra mah, padeugdeug bisa milu ngabandungan tilemna srangéngé. Dina mangsa-mangsa burit kitu mah, baris beuki ramé ku pajugjug boh warga anu dumuk di sabudeureunna pon kitu deui ti luar désa jeung kacamatan Banjaran.

Minikmat kaéndahan wanci burit téh bakal karasa lengkep mun bari ngopi jajanan atawa kopi haneut anu disadiakeun ku warung-warung sabudeureun bogana warga. Di warung ogé disayagikeun balé awi, pikeun tempat anu asyik keur nongkrong.

Anu jadi daya tarik utama tina ieu lelewek téh, nyaéta mapay jalan aspal jeung beton leutik anu meulah tengah-tengah terasering. Beuki jauh mah tina lawang gerbang, beuki éndah suasana alam anu kasajikeun di éta patempatan.

Sapanjang kampung téh jalananna kacida alusna sahingga genah tur betah nincakna. Lamun, minikmatbalam di dinya mah beuki asyik mangsa dilakukeunana ku leumpang.
Nyutat Youtube The Village Motovlog, dina sapanjang jalanan kampung sawah Cisema aya tempat parkir nu dikokola ku warga di dinya.

Cocok pikeun spot jogging jeung maké sapédah

Jalanan anu mulus ngajadikeun tempat ieu téh genaheun ogé pikeun dijadikeun minangka tempat olahraga. Teu saeutik warga atawa pajugjug anu ngalakukeun olahraga di dinya.

Biasana na mah mangsa wanci isuk réa anu jogging jeung sasapédahan di dinya téh ilaharna ngalabring, Ieu téh tangtu nambah kameriahan di lokasi anu viral éta.

Salah sahiji hal anu ngajadikeun éta lelewek matak nineung téh nyaéta pamandangan terasering sawahna anu saolah dipageran ku papasiran.

Réa anu dagang kadaharan mangsa Weekend

Dina kanal Youtube Cimahi Turunan Kidul mah, ieu tempat téh ramé waé na mangsa akhir pekan. Nurutkeun warga di dinya mah, pajugjug bisa datang ti rupa-rupa wewengkon kawas Soreang, Kota Bandung malahan ti Garut ogé.

Raména tempat ieu téh satuluyna dimanfaatkeun ku warga atawa padagang kadaharan sabudeureun mah. Maranéhna minuhan lokasi mangsa ahir pekan anjog, ku jualan rupa-rupa kadaharan kayaning goréngan, bakso, inuman hahampangan nepika cilok.

Dina ahir pekan ogé tempat ieu téh salilana jadi lokasi konten boh foto atawa video, lantaran kaéndahan visual anu hamo kapanggih di pakotaan.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan