Hasil Survei Kakuatan 3 Artis di Pilbup Bandung Barat, Saha Pangkuatna?

Bandung Barat, Kiwari.co.id – Mun taya halangan harungan, pamilihan kapala daérah rampeg téh moal lila deui baris dilaksanakeun, nyaéta tanggal 27 Nopember 2024. Rupa-rupa cara para kontestan pikeun meunang kaunggulan dina kancah ieu téh, salah sahijina nyaéta ngilukeun pasangan calon ti kalangan artis anu dipiharep bisa nyiuk sora balaréa pikeun kameunganana.

Sakuma anu geus dipikanyaho, Lima pasangan calon kontestan Pemilihan Bupati (Pilbup) Bandung Barat patarung marebutkeun simpati sora balaréa. Tilu pasangan di antarana ngagaét artis demi meunang sora.
Maranéhna nyaéta Gilang Dirga anu jadi wakil ti Didik Agus Triwiyono. Tuluy Jeje Ritchie Ismail anu ngagaét Asep Ismail. Sarta petahana Hengky Kurniawan anu boga pasangan Ade Sudrajat.

Lembaga survei nasional Median, ngalakukeun survei keur tilu artis anu barebut kameunangan di Pilbup Bandung Barat téa. Survei téh dilaksanakeun ti mimiti 3 Oktober tepika 10 Oktober 2024, ngalibetkeun 800 urang responden. Tina éta survei téh, margin of error +/-3.39 persén kalawan tingkat kapercayaan 95 persén.

Hasil survei anu dirilis dina poé Rebu (16/10/2024) éta téh, nuduhkeun yén popularitas Hengky Kurniawan masih anu pangluhurna kalawan 90,2 persén. Disusul ngaran Jeje Ritchie Ismail kalawan 87,1 persen, katut Gilang Dirga kalawan perséntaseuna 84,6 persén.

“Di luar artis, Didik Agus Triwiyono ada di posisi ke empat dengan 61,7 persen. Nama lainnya ada di bawah 50 persen,” ceuk Direktur Riset Median, Ade Irfan dina panétélaan katulis, Kemis (17/10/2024).

Samentara tingkat kapilihan mah, pasangan Hengky Kurniawan-Ade Sudrajat ogé aya dina posisi pangluhurna kalawan hontalan 24,6 persén. Ngan aya anu béda, lantaran pasangan Didik Agus Triwiyono-Gilang Dirga ngarangseg kana posisi dua ku hontalan 22,5 persén, sedengkeun Jeje Ritchie Ismail-Asep Ismail di peringkat katilu kalawan 20,4 persén.

“Salah satu alasan orang memilih pasangan Hengky-Ade, karena Hengky sudah pernah jadi bupati/wakil bupati oleh 30,0 persen responden. Untuk Didik-Gilang Dirga dipilih karena agamis oleh 13,6 persen responden. Lalu pasangan Jeje-Asep Ismail dipilih karena terkenal dengan jumlah 27,8 persen responden,” pokna Ade.

Tina hasil survei éta ogé , kanyahoan yén 45,7 persén responden geus manteb kana pilihan maranéhna téh. Samentara 38,7 persén mah masih kabuka pikeun parobahan pilihan di Pilbup Bandung Barat.

“Lalu 15,5 persen menjawab tidak tahu. Hasil itu juga menunjukkan dinamika pemilih yang masih aktif menjelang pemilihan,” ceuk Ade.

Pihakna ogé nyurvei pasualan utama anu aya di Bandung Barat tur jadi prioritas pikeun sagancangna diréngsékeun ku kapala daérah kapilih engké.

“Pengangguran menjadi masalah terbesar di KBB dengan 11,5 persen jawaban. Lalu kemiskinan dengan 8,7 persen, ketiga ada masalah persampahan dengan 8,0 persen,” catur Ade.

Mangsa ieu mah, saban pasangan calon Pilbup Bandung Barat keur gencar kampanye ngagayuh pamungutan sora dina 27 November 2024 hareup. Maranéhna dijadwalkeun baris milampah debat munggaran dina 29 Oktober.

“Untuk jadwal debat paslon di 29 Oktober nanti, ada 2 kali debat. Saat ini masih tahap persiapan,” ceuk Cep Suryana, Koordinator Divisi Penyelenggaraan pada KPU KBB.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan