“Aceuk! Ari aceuk maké kontrasépsi naon, KaBé téh? Ceu Iroh muka obrolan mangsa nimbang budakna di Posyandu.
“Aceuk mah Ayudi (IUD maksudna mah)” témbalna Ceu Omih, nyusuan.
“Ari nyi Mumun, nganggo naon?” Ceu Iroh nanya deui, malik ka Nyi Mumun.
“Abdi mah Spiral, Ceu!” témbalna, nyéréngéh.
“Dupi Ibi, nganggo naon, siga tara diKaBé?” Ceu Iroh nanya ka Bi Imik nu pareng ngaliwat.
“Alaaah Ibi mah tara maké nu karitu, komo ku paséktomi mah, ngeunaheun teuing lalaki, hayooh ké nyolowédor!” Bi Imik ngawalon, mundelik.
“Nya ku naon atuh tarékahna sangkan carang budak?” Méh bareng nu aya di Posyandu naranya, olohok.
” Ku Cengkir! Ibi mah.” Bi Imik kéom.
“Nu kumaha Cengkir téh, kalapa pentil nya?” Ceu Omih nyelengkeung, molohok.
“Lain atuuh! Cengkir téh, mun jeceng nyingkir, montong diladénan!” Bi Imik teu euleum-euleum némbalan bari ngaléos, ninggalkeun Ibu-ibu nu careuleumeut. (Ki_Aris)
Cag
#Noélan_Ransel