Peta Pajoangan Dipati Ukur Rejeung Situs Patilasanana di Gunung-gunung Bandung Raya

Lalampahan Dipati Ukur nyingkahan udagan VOC jeung Karajaan Mataram ninggalkeun tapak patilasan anu kasebar di gunung-gunung Bandung Raya.

Kiwari.co.id – Tatar Ukur téh nyaéta sesebutan keur wewengkon Bandung Raya saméméh dibentuk jadi Kabupatén Bandung dina taun 1641 mah. Mibanda 9 wilayah anu disebut Ukur, sahingga disebut Ukur Sasanga, atawa Ukur Salapan. Lega wewengkonna dikirakeun leuwih lega ti sakuliah wewengkon Bandung Raya mangsa ayeuna.

Pamingpinna nyaéta Radén Wangsanata atawa ngaran séjénna Wangsataruna. Kulantaran anjeuna jeneng minangka girang pupuhu pamaréntahan Tatar Ukur mangka kawéntar ogé ku gelar Adipati atawa Dipati Ukur.

Wewengkon kakawasaanana téh satuluyna mingkin ngalegaan sanggeusna Sumedang Larang ngagabung jeung Mataram. Tur kakawasaanana dipasrahkeun ka Dipati Ukur. Ku kituna jumlah umbul atawa wewengkon anu ditangkesna ogé nambahan jadi 44 umbul. Sahingga Tatar Ukur meunang landihan anyar salain Ukur Sasanga, nyaéta Umbul Patpat, atawa Umbul 44 .

Umbul nyaéta wewengkon bagian tina hiji ukur. Lamun ayeuna mah, ukur bisa disaruakeun jeung hiji kacamatan, mangka umbul bisa ogé disaruakeun jeung hiji désa.

Interpretasi Peta Pajoangan Dipati Ukur langsung di lokasi Gunung Bukitcula, Oktober 2024. (Foto : Andalusi Apsari/Geowana)

Kaasorann Perang Ngalawan VOC di Batavia

Dipati Ukur téh nyaéta saurang ahli patanian atawa tatanén, agama, katut perang ogé. Ti keur leutik kénéh geus dididik ku kolotna sangkan jadi lalaki langit lalanang jagat katut calon pamingpin anu binekas.

Mangsa ngorana digunakeun pikeun ngalalana sakaligus nyuprih pangarti néangan pangabisa élmu pangawreruh. Salah sahiji tempat anu didongdon ku Dipati Ukur ngora nyaéta Karajaan Mataram. Mangsa harita nu jadi rajana nyaéta Susuhunan Kanjeng Sultan Agung, atawa anu leuwih kakoncara ku ngaran Sultan Agung.

Katangkesan Dipati Ukur dina ngulik jeung ngalaksanakeun paréntah, kaasup mingpin pasukan Mataram ka médan perang tur mulang mawa hasil kaungulan anu gumilang, mawa ronjatan pangkatna gancang nérékél. Sariring jeung éta, pancén yang dipetokeun ogé beuki beurat .

Kaasup pancén milu ngaluluguan pasukan dina taun 1628 jeung 1629 pikeun narajang Jayakarta atawa Batavia anu ayeuna mah disebut Jakarta, tur mangsa harita dikawasa VOC. Dipati Ukur boga pancén ngaliwatan jalan darat, sedengkeun ngaliwatan jalur samudra ku Tumenggung Bahureksa. Hanjakalna mangsa harita mah Dipati Ukur gagal ngahontal keunggulan.

Minangka balukarna téh inyana kudu sayagi narima hukuman. Geus jadi kailaharan dina mangsa kapamingpinan Sultan Agung mah yén hukuman pati nyaéta balesan pikeun pamingpin pasukan anu asor.

Ngingetkeun tur nitimbangkeun sagala risiko, mangka Dipati Ukur mah milih pikeun teu mulang ka Mataram, kalah balik ka Tatar Ukur tur boga niat ngamajukan lemah cai katut rahayatna. Sok sanajan inyana ogé apal yén kitu peta téh ngajadikeun Sultan Agung wéra sarta baris ngabeledigna.

Tulisan ieu baris medar ka mana baé mulah-malihna Dipati Ukur pikeun nyingkahan para pangbeledigna anu asalna ti VOC jeung Karajaan Mataram, katut kumaha kaayaan lelewek éta mangsa ayeuna.

Situs Demah Luhur Eyang Dipati Ukur di Palintang, Ujungberung. Juni 2024 (Foto : Fahmi/Geowana).

Gunung Pangporang & Situs Demah Luhur

Lelewek munggaran anu dipilih pikeun didongdon sakaligus ngaleungitkeun tapak téh nyaéta Gunung Pangporang. Perenahna aya di wétan laut wilayah Bandung Raya ayeuna. Katerangan ieu aya dina hiji naskah anu ditulis dina taun Jim Awwal, tanggal 4 Muharram, atawa luyu jeung tanggal 2 Februari 1778.

Teu anggang ti éta lelewek aya hiji gunung kalayan ngaran anu méh sarua, nyaéta Gunung Pangparang.

Tina toponimina mah aya pangbédaan harti anu sidik kakait ngaran éta kadua gunung. Mun Gunung Pangporang (rajeun disebut ogé Gunung Pongporang ) mah mibanda ngaran tina sajenis pepelakan anu boga khasiat pikeun ngajaga jeung mulangkeun stamina, sedengkan Gunung Pangparang mah toponimina asal tina kecap Parang, atawa pakarang anu digunakeun Sangkuriang keur nuar tangkal kai nu engkéna baris dijieun jadi hiji parahu luyu jeung pesenan Putri Dayang Sumbi.

Sadar ayana mimiti kaangseu telik sandi Mataram, mangka Dipati Ukur reujeung pakacarna anu satia satuluyna tatan-tatan nyingkah ti Gunung Pangporang.

Saméméh pindah, mangka pikeun ngabelejog musuhna nya dijieun wéh hiji makam buatan di hiji pasir anu ngaranna Cipatapaan Demah Luhur, di deukeut hulu walungan Ci Panjalu suku gunung tebéh kiduleun ti Gunung Palasari. Ayeuna lelewek patilasan masih bisa didongdon kénéh jeung kapiara kalawan cukup hadé. Patokan perenahna nyaéta SDN Palintang anu bisa dihontal ti Alun-alun Ujungberung ka arah kalér Tinggal tatanya ka warga di sabudeureun éta SD, tangtu dituduhkeun arah jalan nuju situs ieu.

Situs Ramogiling , dipercaya minangka lelewek patilasan Dipati Ukur, tempat diukna disebut Batu Korsi. Oktober 2024. (Foto : Gan Gan Jatnika).

Gunung Bukitcula jeung Situs Culanagara Gunung Leutik.

Tina dataran luhur Bandung wétan, Dipati Ukur ningali hiji gunung anu cocog pikeun dijadikeun tempat nyusun kakuatan jeung ngumpulkeun deui jalma-jalma kapercayaanana. Ayeuna ngaran gunung anu dimaksud sohor ku ngaran Gunung Bukitcula, perenahna di daerah Ciparay . Jarakna sakitar 45 km ti Gunung Pangporang.

Pikeun bisa nepi tujuan, mangka Dipati Ukur jeung rombongan kudu leumpang ngaliwatan kakerepan leuweung jeuhg ranca-ranca sésa Dano Bandung Purba anu mangsa harita masih tacan sapinuhna garing.

Anjog di suku gunung anu dituju, satuluyna mah Dipati Ukur téh muka jeung ganti papakéan luyu jeung anu digunakeun jalma-jalma di éta lelewek. Pakéan jeung pakarang anu geus dilaan tuluy dibungkus ku kaén atawa dibuntel. Mangka éta tempat dingaranan Pabuntelan. Perenahna ayeuna aya di Cipatat, Tenjonagara, Kacamatan Pacet, béh kiduleun suku gunung Bukitcula.

Sanggeus dibuntel, satuluyna mah dijieun hiji wangunan leutik. Pakéan, pakarang perhiasan jeung banda ajénan ogé disimpen dina éta wangunan. Lantaran ukuranana leutik mangka wangunan éta dingaranan Imah Leutik. Ayeuna éta tempat disebut Gunung Leutik, anu diwangun hiji monumen anu disebut Palagan Culanagara.

Palagan Culanagara kiwari mah nyaéta hiji monumen kalawan gambar timbul boga bentuk tangtungan Dipati Ukur keur nunggang kuda bari leungeun katuhuna ngacung ka luhur tur nyepeng pakarang. Hanjakalna mangsa pandeuri ka dinya dina bulan Oktober 2024 mah, palagan ieu geus ruksak. Pakarang Duhung atawa Kujang Culanagarana ogé geus teu aya dina tempatna.

Samentara Dipati Ukur aya di Imah Leutik, jalma-jalma kapercayaanana dumuk di tempat anu béda. Maranéhna ngawangun wangunan anu leuwih gedé tina tempat panyimpenan barang, sahingga disebut Imah Ageung. Ayeuna mah tempat ieu disebut Kampung Padaleman.

Dipati Ukur mindeng unggah ka gunung anu satuluyna dipiwanoh ku ngaran Gunung Bukitcula. Kocap ngaran Bukitcula aya kaitanana jeung pakarang Dipati Ukur anu ngaranna Culanagara. Tempat Dipati Ukur remen diuk ayeuna kawéntar kalayan ngaran Situs Ramogiling jeung batu tempat diuk Dipati Ukur disebut Batu Korsi.

Di kawasan Gunung Bukitcula, Dipati Ukur ngawangun kakuatan anyar. Para prajurit diasah terus kamampuhan perangna di hiji lapangan anu disebut Barujati.

Lian ti éta, dikembangkeun ogé sistem tatanén sawah kalawan pola pangairan anu hadé. Satuluyna mah ragam pakakas rumah tangga ogé dijieun tina bahan tambaga, di hiji tempat anu ayeuna mah sek dipiwanoh kalayan ngaran Palédang .

Sanggeua ngarasa cukup waktuna cicing di lelewek ieu satuluyna mah Dipati Ukur jeung rombongan téh sasayagian pindah ka tempat anyar.

Sanggeua ninggalkeun tempat, mangka dijieun wéh maqom atawa patilasan anu bentukna makam. Tujuanana sarua jeung anu dilakukeun di suku Gunung Palasari, Palintang, nyaéta pikeun macikeuh para pangudagna.

Tempat anu dipilih pikeun nyieun patilasan éta téh nyaéta di Pasir Ipis. Perenahna aya di beulah kiduleun Gunung Bukitcula.

Aya hal anu narik ngeunaan Situs Pabuntelan jeung Gunung Bukitcula. Dina Bulan Mei 1709 atawa kira-kira 79 taun sanggeus Dipati Ukur ninggalkeun Pabuntelan , aya paréntah ka kuncén atawa Juru Piara pikeun ngajaga jeung ngalestarikeun éta tempat. Sawaréh salinan eusi:

“ Ini toelisan di lontar dari Kramat Pawoentelan district Tjipeudjeuh afdeeling Tjijalengka. Inie bekasnya Adipati Oekoer jang berperang bersama Mataram tempo Soeltan Agoeng.”

Ieu bagian ini ditulis kalawan aksara latin tur disalin luyu jeung aslina, sedengkeun bagian séjénna ditulis dina, aksara Jawa-Sunda.

Conto bagian séjénna:

“ Penget surat piyagem saking Kangjeng Dalem Tumenggung Anggadiredja kang alinggih ing nagri Bandung, kagadhuh dening Aki Kartamanggala. Mulane anggadhuh surat piyagemniku, kapotus angraksa Sangiyang Pabuntelan. Sanak putune aja dimetukaken puragane”
Anu hartina :
“Panginget surat piagam ti Kangjeng Tumenggung Anggadiredja anu linggih di nagari Bandung, ditarima ku Aki Kartamanggala. Sababna meunang surat piagam, lantaran inyana meunang pancén miara Sangiyang (tempat karamat) Pabuntelan. Sakur anak-incuna ulah dibangbaluhan pancén wajib gawé (Puraga)”.

Ngeunaan kakaitan ngajaga Situs Pabuntelan dikuatkeun deui jeung katerangan méh sarua jeung anu dipedalkeun ku P. De Roo de la Faille dina hiji naskah pedalanana. Naskah ieu ngamuat ogé silsilah bupati-bupati Bandung lawas, any ditulis dina bulan Oktober 1894.

Ka mana Dipati Ukur nuluykeun pajoangan baris dipedar dina tulisan satuluyna .

Ropéa basa: Agus Rohmat
Panulis: Gan Gan Jatnika
Sumber: BANDUNG BERGERAK

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan