Sukabumi, Kiwari.co.id – Kahirupan dunya lir ibarat gilinsing anu muter aya kalana cicing di luhur pon kitu deui rajeun di handap, kulak canggeum bagja awak saban jalma geus boga patokan séwang-séwangan. Teu iwal ti Gunawan urang Sukabumi ieu, riwayat hirup Sadbor anu awalna tina tukang kaput nepika jadi saurang TikToker sohor, dina sawatara katukang lir ibarat keur aya di luhur, ngan dina mangsa ieu ayeuna geus aya di handap tur akhirna kajiret kasus hukum, jadi palajaran penting ngeunaan kumaha kapopuléran di dunya maya bisa mawa balukar gedé dina kahirupan nyata.
Sadbor, nu kungsi ngarasakeun amisna kawéntaran jeung materi, ayeuna kudu nyanghareupan kanyataan pait minangka kasangka kasus pajudian online.
Ngaleukeunan jadi konten creator tiktok
Sadbor awalna saukur saurang tukang kaput kuriling di Jakarta. Ngan, pandemi COVID-19 ngarobah sagalana. Inyana mimiti nyelamgan pagawéanana ku ngalakukan live di TikTok, hiji léngkah leutik anu satuluyna mawa ka puncak kawétaran.
“Awalnya sih waktu itu kan Corona tahun 2019-2020. Nah (saya) kan sudah ada di Jakarta lagi (kerja) jahit keliling. Nah pas lagi jahit keliling, Sadbor sambil live ada yang ngasih mawar, ngasih koin juga,” ceuk Gunawan.
Gift ti panongton mangrupa mawar anu bisa ditukeurkeun kana duit, mimiti ti Rp60 rébu nepika Rp4 juta sapoé ngajadikeun Sadbor daria ngaleukeunan profesi minangka pangjieun konten. Ahirna Gunawan nunda pagawéanana salaku tukang kaput tur fokus nyieunan konten jogéd challenge di TikTok.
“Kalau awal-awalnya Sadbor kurang lebih untuk sendirian paling ada Rp300-Rp400 ribu. Sekarang kan banyakan, bawa orang bawa rejeki juga ada Rp3 juta, ada Rp4 juta, tergantung lah kita bagi-bagi,” pokna.
Kajiret hukum alatan judi online
Ngan, kabagjaan Sadbor teu lumangsung lila. Kapopuleranana kudu dibayar mahal sanggeus inyana kalibet dina kasus promosi website pajudian online. Polisi ngamankeun Sadbor sanggeus manggihan indikasi promosi pajudian dina live streaming TikTokna.
“Berawal dari aduan masyarakat, yang kemudian ditindaklanjuti dengan patroli siber Satreskrim Polres Sukabumi, bersama dengan Dirsiber Polda Jawa Barat dan dibekap oleh Ditsiber Bareskrim Mabes Polri,” ceuk Kapolres Sukabumi, AKBP Samian dina rilisna, Senén (4/11/2024).
Kiwari Gunawan Sadbor boga status kasangka tur kudu unggah baléwatangan nyanghareupan ancaman hukuman nepika 10 taun panjara sarta dengda maksimal Rp10 miliar.
“Dari perbuatan tersebut kedua tersangka kita sangka melanggar pasal 45 ayat 3 Jo pasal 27 ayat 2 UU Nomor 1 Tahun 2024 Tentang Perubahan Kedua atas UU Nomor 11 Tahun 2008 Tentang Informasi dan Transaksi Elektronik dan atau pasal 55 ayat 1 ke 1 KUHP,” jéntréna AKBP Samian.
Ropéa basa: Agus Rohmat