Kiwari.co.id – Hasil hitung cepat atawa quick count Pilkada Jawa Barat 2024 saheula anan nepika tabuh 15.02 WIB, Rebo (27/11/2024), nuduhkeun yén pasangan calon gubernur jeung wakil gubernur Acep Adang Ruhiyat-Gitalis Dwinatarina meunang 10,16 persén, Jeje Wiradinata-Ronal Surapradja meunang 9,23 persén, Ahmad Syaikhu-Ilham Akbar Habibie meunang 20,02 persén, jeung Dedi Mulyadi-Erwan Setiawan meunang 60,59 persén.
Beubeunanngan sora éta meunang tina pangitungan anu asup 47,00 persén gedéna tina 300 sampling TPS.
Quick count Indikator dina Pilkada Jawa Barat 2024 mibanda margin of error 1-2 persén gedéna. Nepika warta diturunkeun, Indikator tacab ngabéwarakeun sumber pangwaragadan hitung cepat anu dilakukeun.
Quick count ieu lain hasil resmi. KPU baris ngalakukeun rekapitulasi sora kalayan dangkaan ti Rebo (27/11/2024) nepika Senén (16/12/2024).
Hasil resmi Pilkada Jawa Barat 2024 baris nunggu pangitungan sora resmi kalawan manual ku KPU.
Ropéa basa: Agus Rohnat