Armenia, Kiwari.co.id – Di provinsi Kotayk, teu jauh ti désa Garni, aya salah sahiji monumen alam paling kakoncara tur éndah di Armenia—Symphony of Stones. Monumen ieu remen disebut minangka hasil tina runtuhna batuan vulkanik. Sababaraha sasakala jeung kapercayaan lokal ngaitkeun formasi ieu jeung témbok anu diwangun ku Raja Zulkarnain pikeun ngurung Ya’juj jeung Ma’juj, saumaha disebutkeun dina carita-carita kuna.
Ngan, kalayan ilmiah, Symphony of Stones tayalian nyaéta fenomena geologis anu pikatajieun tur mangrupakeun hasil tina proses alam jutaan taun kalarung. Symphony of Stones nyaéta kolom-kolom basal gedé anu bentukna heksagonal jeung pentagonal tur simetris sacara paradoksal, katut luhurna ngahontal 50 meter. Batu-batu ieu katarana ngagantung ngalawan gravitasi, nyarupaan pipa organ raksasa, nepika dipiwanoh ogé minangka “Basalt Organ Pipes”.
-Proses Pangbentukan: Sakitar 40 juta taun anu kaliwat, lava tina gunung api pangdeukeutna ngalir ka Ngarai Garni. Paniisan jeung kristalisasi cepet lava éta ngahasilkeun kolom-kolom basal anu bentukna geometris.
– Struktur Kolom Basal: Kolom-kolom ieu kabentuk akibat kontraksi termal mangsa lava niisan, nyiptakeun rengatan anu mekar jadi bentuk poligonal, umumna heksagonal.
– Perenahna: Perenahna di wawatesan Provinsi Ararat jeung Kotayk, persisna di Ngarai Garni kalawan koordinat 40.1158403, 44.7388445. Jarakna sakitar 23 kilométer ti Yerevan, bisa dihontal dina 30 menit maké mobil.
– Fenomena Global: Formasi kolom basal sarupa bisa dipanggihan di sababaraha tempat di dunia, kayaning Giant’s Causeway di Irlandia Utara jeung Devil’s Tower di Amerika Serikat.
– Pentingna Konservasi: Monumen ieu disalimdungan ku undang-undang minangka monumen alam tur mangrupakeun salah sahiji destinasi anu wajib dijugjug di Armenia.
Kaitan jeung Sasakala Raja Zulkarnain
Sababaraha tradisi anu kapercayaan ngaitkeun Symphony of Stones jeung témbok anu diwangun ku Raja Zulkarnain pikeun ngurung Ya’juj jeung Ma’juj, tokoh anu disebutkeun dina Al-Qur’an. Sanajan narik, taya bukti sajarah atawa ilmiah anu ngarojong ieu klaim. Pangjéntréan geologis nunjukkeun yén formasi ieu nyaéta hasil proses alam.
Lingkungan Sakitar jeung Daya Tarik Wisata
– Walungan Azat: Ngalir ngaliwatan léngkob, nambah kaéndahan ku sora ngérélék cai anu ningtrimkeun.
– Cagar Alam Khosrov: Tina Symphony of Stones, padeugdeug bisa ngasupan Cagar Alam Negara Khosrov, salah sahiji area anu ditangtayungan khusus di Armenia.
– Kuil Pagan Garni: Teu anggang ti Symphony of Stones, aya Kuil Garni, simbol Armenia pra-Kristen.
Symphony of Stones nyaéta salah sahiji kaajaiban alam anu nggabungkeun kaéndahan geologis jeung ajén budaya. Sanajan aya sasakala anu ngaitkeunana jeung Raja Zulkarnain katut carita Ya’juj jeung Ma’juj, bukti ilmiah nuduhkeun yén formasi ieu nyaéta hasil tina proses geologi alami anu kajadian jutaan taun anu kalarung.
Perenahna anu strategis, deukeut jeung Kuil Garni jeung Cagar Alam Khosrov, ngajadikeunana destinasi wisata anu beunghar ku sajarah jeung kaéndahan alam.
Ropéa basa: Agus Rohmat