Curug Malela, Niagara Mini anu Pikatajieun di Bandung Barat

Kiwari.co.id – Lamun seug rék nyaritakeun réana rupa kaéndahan alam Bandung Barat mah, tangtuna moal aya béakna, istuning ngaleuya saincak-incak tempat jeung lelewek alam anu éndah pikatajieun tur bisa dijadikeun tempat miceun karudet kariweuh pikeun saheulaanan. Salah sahijina nyaéta hiji destinasi wisata alam anu matak hookeun pikatajieun, nyaéta Curug Malela.

Mindeng dilandih “Niagara Mini”, ieu curug téh mibanda pintonan anu kacida sarimbagna jeung cai nyurug legendaris Niagara di wawatesan Amerika-Kanada. Kaéndahan alamna ngajadikeun Curug Malela téh jadi tempat anu wajib dijugjug pikeun para pacinta wisata alam mah.

Curug Malela téh perenahna aya di Kampung Manglid, Désa Cicadas, Kacamatan Rongga, Kabupatén Bandung Barat. Ieu cai nyurug téh mibanda jangkung sakitar 60 méter tur rubakna sakitar 70 metter. Curug ieu ogé mibanda lima jalur cai nyurug anu nyiptakeun pamandangan anu matak hookeun.

Sumber cai nyurug ieu téh asalna ti hulu walungan tebéh kalér Gunung Kendeng, anu perenahna di sabeulah kulonen Ciwidey. Curug Malela nyaéta bagian pangluhurna tina tujuh curug anu aya di sahandapeunana, kaasup Curug Katumbiri, Curug Manglid, Curug Ngebul, Curug Sumpel, Curug Palisir, jeung Curug Pameungpeuk.

Cara Ngadeugdeug Curug Malela
Pikeun ngadeugdeug Curug Malela, pajugjug téh bisa ngaliwatan lalampahan ti Bandung ngajugjug kantor désa Cicadas. Ti dinya mah lalampahan masih kudu dituluykeun sakitar 3 kilométer pikeun nepika curug. Keur para traveler anu ngagunakeun motor mah, bisa ngaliwatan jalan satapak anu lébarna 1 méter sapanjang 2 kilométer ngaliwatan lahan Perhutani. Motor bisa diparkir deukeut ka lelewek curug, kulantaran geus sayagi lahan parkir husus. Pikeun anu ngagunakeun kandaraan umum mah, lalampahan bisa dimimitian ti Terminal Leuwipanjang kalayan numpak angkot jurusan Cimahi atawa Cililin, satuluyna mah dituluykeun kana beus jurusan Gunung Halu atawa Bunijaya.

Curug Malela muka saban poé mimiti tabuh 08.00 nepika 17.00 WIB.

Pesona Curug Malela Salain kaéndahan visualna, sora ngaguruhna cai anu ragrag taraik tina Curug Malela bisa jadi terapi alami anu ngarileksasikeun pikiran tur ngaleungitkeun stres. Suasana alam anu asri jeung hawa anu seger ngajadikeun Curug Malela pilihan sampurna pikeun ngaloloskeun diri sakedapan tina kariweuh kota gedé. Curug Malela, kalawan sagala kaéndahanana, pantes jadi destinasi wisata anu teu meunang kaliwat pikeun para pacinta alam jeung patualangan.

Poma ulah poho pikeun ngarancanakeun pangdeugdeugan ka “The Little Niagara” ieu tur pinikmat kaéndahan alam anu pikatajieun!

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan