Walhi Manggihan Ulon-ulon Sual Bancana di Sukabumi, Ieu Panétélanana

Sukabumi, Kiwari.co.id – Bancana alam caah déngdéng anu ngaburantakeun Kabupatén Sukabumi dina 4 Desember 2024 kalarung téh geus nyontang paniténan réa pihak kaasup aktivis lingkungan.
Kacaturkeun sahenteuna, bancana caah, lemah urug longsor nepi ka panggéséran lemah téh kajadian di 39 kacamatan tur 176 désa. Lian ti éta ogé rébuan warga ngungsi, 10 urang tilar dunya katut dua urang mah dicaturkeun ilang.

Direktur Eksekutif Walhi Daerah Jawa Barat, Wahyudin nyaturkeun, pihakna mah geus nurunkeun tim pikeun ngalakukeun investigasi. Ditangénan tina hasil panalingaan citra satelit, sahenteuna aya sababaraha wewengkon leuweung anu geus ancur. Kaancuran leuweung éta téh diduga kuat alatan aktivitas patambangan emas jeung tambang galian kuarsa.

Salah sahiji anu disorot téh nyaéta di wewengkon Kacamatan Waluran Jampang. Di dinya mah, ceuk inyana, kajadian degradasi anu diduga kuat lantaran ayana pangbukaan lahan keur proyek Hutan Tanaman Energi (HTE) keur pasokan bubuk kai ka PLTU Pelabuhanratu.

“Dari lapangan ditemukan fakta bahwa tidak hanya Kawasan Guha dan Dano saja yang telah terdegradasi. Di tempat lain juga terdapat kerusakan hutan dan lingkungan akibat tambang emas, dan tambang galian kuarsa untuk bahan pendukung pembuatan semen,” ceuk Wahyudin dina kapétélaan resmina. detikJabar, Saptu (14/12/2024).

Leuwih jauh, Wahyudin téh nyebutkeun sababaraha ngaran pausahaan anu diduga kalibet dina pangruksakan lingkungan nepi ka ngabalukarkeun bancana alam.

“Tidak salah jika kawasan hutan berubah fungsi dan dapat meningkatkan run oleh kegiatan ini, malah kecenderungan kami, bahwa tanaman kaliandra dan gamal hanya menjadi kedok untuk menutupi tambang-tambang yang illegal dan setelahnya di panen untuk kebutuhan suplay serbuk kayu ke PLTU,” jéntréna.

Lain éta wungkul, Walhi ogé geus nimukeun ayana operasi tambang emas di lelewek leuweung téh. Di Ciemas, aya hiji pausahaan kalawan lega konsesi nepi ka 300 héktare jeung di Kacamatan Simpenan ogé aya operasi kagiatan tambang.

“Kawasan perhutanan sosial tidak luput pula dari objek tambang sebagaimana terdapat di petak 93 Bojong Pari dan Cimaningtin dengan luas 96,11 hektare,” tambahna.

Inyana ngajéntrékeun, mun seug ngacu kana Rencana Tata Ruang Wilayah (RTRW) Kabupatén Sukabumi mah, éta kawasan téh teu asup kana lelewek patambangan jeung deui lain minangka Wilayah Pertambangan Rakyat (WPR). Nurutkeun inyana mah, bancana ekologis anu geus ngabaruntakeun wewengkon Sukabumi téh jéntré alatan ayana kontribusi pausahaan. Ku kituna Walhi Jabar téh ménta Polri sangkan ngalakukeun pangajegan hukum tindak pidana lingkungan.

“Kepada pemerintah kami mendesak agar menuntut perusahaan untuk melakukan pemulihan lingkungan, mengganti kerugian yang diderita masyarakat dan mengevaluasi areal perhutanan sosial yang dijadikan objek tambang,” ucapna.

WALHI ngaku, kabeuratan mun seug pamulihan lingkungan jeung sosial ekonomi masyarakat téh saukur diteumbleuhkeun ka nagara wungkul. Ceuk inyana alesanana mah caah déngdéng di Kabupatén Sukabumi téh ku sabab ayana andil gedé pausahaan jeung lantaran kauangan nagara sumberna tina karéréanana pajak rahayat.

Ka hareupna mah pasca tanggap darurat dicabut pamaréntah, WALHI nitimbangkeun pikeun milampah jalur hukum ka pihak-pihak anu diduga kuat boga kontribusi kana bancana ekologis di Sukabumi.

“Kami berharap pula kepada pemerintah untuk tidak gegabah memberikan perizinan kepada perusahaan ekstraktif dengan alasan investasi. Di sejumlah tempat bencana yang disumbang, bahkan didalangi perusahaan ekstraktif agar menjadi pembelajaran,” pungkasna.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan