Kiwari.co.id – Nurutkeun sajarah mah, jalma pangbeungharna sapanjang mangsa téh mangrupakeun saurang raja muslim anu ngaranna Mansa Musa. Inyana téh nyaéta saurang pangawasa Afrika Barat dina abad ka-14.
Nyutat ti BBC, bakating ku beungharna Mansa Musa malahan mah sedekah anu dibikeun ku manéhna téh bisa ngancurkeun paékonomian hiji nagari. Saurang guru besar sajarah ti Universitas California, Rudolph Butch Ware nyaturkeun pakaya Musa mustahil pikeun diitung.
“Jumlah kekayaan Musa jika dihitung di masa kini sungguh luar biasa sampai-sampai hampir mustahil untuk benar-benar memahami betapa kaya dan berkuasanya ia saat itu,” pokna ka BBC.
Pakaya Mansa Musa mah ditaksir ngahontal 400 miliar USD nepika 500 miliar USD anu hartina sakitar Rp 6.549 triliun – Rp 8.175. Malahan sajarawan ekonomi mah mupakat yén pakaya Mansa Musa téh teu beunang diperkirakeun kana angka.
Mansa Musa téh mangrupakeun lalaki kalahiran 1280 ti kulawarga para panguasa. Sajarawan merkirakeun Kakaisaran Mali anu dipingpin ku Mansa Musa téh nyaéta panghasil emas panggedéna di dunya. Dina sahandapeun kapamingpinanana, Karajaan Mali mibanda méh satengahna tina jumlah emas anu barédar di kawasan negeri-negeri Afrika, Asia jeung Eropa.
Lain saukur emas, Kerajaan Mali ogé mibanda sumber daya alam (SDA) uyah anu pohara gedéna. Ieu karajaan ngembat sapanjang 3.128 kilometer ti Samudera Atlantik nepika wewengkon anu ayeuna mah mangrupakeun Niger.
“Sebagai penguasa, Mansa Musa punya akses yang hampir tidak terbatas terhadap sumber-sumber kekayaan paling bernilai pada abad pertengahan,” ungkab Kathleen Bickford Berzock saurang spesialis seni Afrika di Block Museum of Art di Universitas Northwestern.
Teu saukur nepika dinya wungkul, Kathleen ogé mertélakeun yén puseur-puseur padagangan gedé anu ngagunakeun emas jeung komoditas séjén minangka alat tukeur mah aya di daérah kakawasaan Mansa Musa ogé. Inyana meunang pakaya tina aktivitas éta padagangan.
Sok sanajan jadi karajaan sumber emas, teu réa anu apal ngeunaan Karajaan Mali. Sanajan kitu, éta hal robah nalika Mansa Musa miang haji ka Makkah ngaliwatan Gurun Sahara katut Mesir.
Ieu Raja muslim téh diiberkeun miang ti Mali reujeung rombongan 60.000 urang réana, salian ti éta Mansa Musa ogé mawa sakabéh pajabat, hakim-hakim karajaan, pasukan tentara, padagang, panunggang unta jeung 12.000 budakna. Kitu ogé jeung sarobongan embé katut sapi keur sasayagian kadaharan maranéhna.
Bakating ku lobana jumlah jalma anu marengan Mansa Musa, éta rombongan téh katara kawas kota anu leumpang ngaliwatan gurun. Budak-budakna maké pakéan brokat emas katut sutra Persia panghadéna.
Onta-onta anu dibawa Mansa Musa jumlahna ngahontal ratusan. Éta sato téh ngakut mangratus kilogram emas murni.
Lalampahan Mansa Musa ka Makkah téh sempet nyimpang di Kairo. Tanpa pikir panjang, inyana téh mikeun emasnya kalayan haratis di dinya nepika ngajadikeun ekonomi lokal ngariyeg sarta ngabalukarkeun inflasi massal salila 10 taun sanggeus pamianganana.
Inyana téh digawé jeung cendekiawan Islam, kaasup keturunan langsung Nabi Muhammad jeung saurang penyair katut arsitek Andalusia anu ngaranna Abu Es Haq es Saheli. Mansa Musa mayar maranéhna nepika 200 kg emas pikeun usahana.
Mansa Musa ogé méakeun hartana keur ngawangun sakola, pustaka, jeung masjid. Salain ti éta, inyana ogé ngabantu Timbuktu jadi puseur budaya katut pangdidikan.
Sang raja tilar dunya dina taun 1337 kalyan umurna 57 taun. Inyanaa digantikeun ku putra-putrana, ngan sanggeus éta kakaisaranana runtuh tur teu kadéngé deui.
Ropéa basa: Agus Rohmat