Kecap “Garong” Éta Tétéla Singgetan, Ieu Kapanjanganana

Kiwari.co.id – Nalika aya bangsat atawa maling téh, masarakat Indonesia ilaharna remen ogé nyebutna “garong” keur ngasosiasikeun jalma anu ngalakukeun tindak kriminal maok atawa tindakan gasab nyaéta nyokot banda batur ku cara rerencepan. Ieu teu salah sabab Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) méré kaabsahan ku ngahartikeun “garong” minangka “rampog; sabubuhan bangsat (panyamun, karaman jeung sajabana)”.

Sok sanajan kitu, mayoritas masarakat Indonesia mah sigana teu mikanyaho yén “garong” anu biasa dipikanyaho tur disebut téh tétéla singgetan.

Naon kapanjanganana?

Kecap “Garong” jeung kaitanana kana kapaokan munggaran pisan muncul téh dina taun 1945 atawa mangsa-mangsa Perang Kamerdekaan. Di era anu teu kondusif éta mah, réa jalma ngamanfaatkeun situasi pikeun ngalakukeun tindak kriminal ngabangsat. Ilaharna mah para palaku téh usikna ngabubuhan tur teu kaafiliasi ka pihak tentara Indonesia atawa laskar.

Tah, maranéhna téh méré ngaran identitas diri minangka kolompok garong. Pangaranan ieu téh satuluyna ditanya ku sastrawan Pramoedya Ananta Toer anu kabeneran di era awal kamerdekaan mah kungsi jadi tentara di Cikampek tu sisinggeungan jeung maranéhna.

“Itu aku pertama kali dengar kata garong. Jadi, kutanyakan apa artinya. Jawabannya: singkatan dari gabungan romusha ngamuk,” ceuk Pram di Jalan Raya Pos, Jalan Raya Daendels (1995)

Pram téh ngaku reuwas mireungeuh éta jawaban. Inyana nyangka yén éta sesebutan téh asalna tina basa Jawa, tétéla singgetan kalimah tina ‘gabungan romusha ngamuk’. Satuluyna, Pram téh nyaritakeun kolompok garong ngalakukeun pangrampogan lantaran kateuayana otoritas anu boga tindakan.

“Dalam vakum kekuasaan, mereka melakukan perampokan di mana-mana,” tulis Pram.

Tina dasar éta, maranéhna unjuk kakuatan ngagunakeun bedil pikeun ngalakukeun pangrampogan. Kolompok garong téh teu saukur aya di daérah sabudeureun Pram di Jawa Barat, tétéla aya ogé di wewengkon séjén, kaasup Jawa Tengah.

Hal ieu téh diungkabkeun ku sajarawan Anthony E. Lucas dina Peristiwa Tiga Daerah (1989) anu mokuskeun panalungtikan di Jawa Tengah. Dina risetna, kaungkab aya garong-garong di Brebes, Tegal, jeung Pemalang. Para garong téh ilaharna maraké jimat dina ngarampogna supaya bisa kebal.

“Jimat mereka membuat kuat. Ini memberikannya kekebalan,” ungkab Anthony. E Lucas.

Akibat aksina, para panguasa jeung pamingpin lokal téh, ngaasosiasikeun garong téh minangka kolompok nu jahat. Posisina mah saarua siga rampog jeung bégal anu pikahariwangeun. Alhasil, para garong salilana dipikasieun warga tur jadi musuh reujeunh. Pihak Indonesia jeung Belanda téh sarua ngabasmi garong lantaran pikahariwangeun.

Ti saprak harita mah, garong téh sigana kaasosiasikeun kana bangsat. Saméméhna mah, masarakat Indonesia nyebut palaku nu maok minangka bangsat, panyamun, maling, jeung sajabana. Kiwari, kolompok éta jadi kecap ganti keur nyebut bangsat, maling, jeung rampog. Tur tétéla, éta kecap téh teu sawates kecap, tapi singgetan tina gabungan romusha ngamuk.

Ropéa basa : Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan