Kariyakeun Panahanan Kadés jeung Sekdés Kohod dina Kasus Pager Laut, 50 Warga Alar Jiban Botakan Sirah

Saméméhna nyukur buuk, Oman nyaritakeun warga Kampung Alar Jiban Désa Kohod nyundut kembang seuneu bari ngagorowok “Kobul Kobul.

Tangerang, Kiwari.co.id – Teu kurang ti 50 urang warga Kampung Alar Jiban, Désa Kohod, Kabupatén Tangerang, nyukur ledis buukna dina Senén peuting, 24 Februari 2025. Cukur botak ieu téh nyusul panahanan Kapala Désa Kohod Arsin bin Asip jeung Sekretaris Désa Kohod Ujang Karta ku Bareskrim Polri.

Aksi pangbotakan buuk éta, nurutkeun Katua Aliansi Masyarakat Anti Kezholiman (AMAK) Oman téh minangka totondén rasa syukur kana proses hukum kasus pamalsuan proses Surat Hak Guna Bangunan (SHGB) jeung Surat Hak Milik (SHM) parairan kalér Tangerang nepika mangsa ieu panahanan opat kasangka di Rutan Bareskrim. Pangbotakan sirah éta masih lumangsung nepika tabuh 00.19 WIB.

“Sudah tujuh orang, sampai lowbat alat cukurnya dilanjutkan besok pagi. Pertama dicukur Ketua AMAK Oman,” ceuk Solihin, warga Kampung Alar Jiban, Senén peuting, 24 Februari 2025.

Aksi massal panggundulan sirah éta téh dilakukeun di Kampung Alar Jiban. Kampung ieu téh mangrupakeun panganjrekan 55 warga anu nagen nolak relokasi kawijakan Kadés Kohod Arsin.

Warga mimiti nyukur lénang buukna téh bareng jeung béwara panahanan opat kasangka kasus pager laut éta ku Bareskrim Polri. Nurutkeun Oman mah, bari ngabandungan tayangan layar kaca anu disaksikeun raraméan, warga nyukur ledis buuk maranéhna. Malahan mah saméméh nyukur buuk téh, Oman nyaritakeun warga Alar Jiban nyundut heula kembang api tur ngagorowok “Kobul Kobul.

Direktur Tindak Pidana Umum Bareskrim Mabes Polri Brigjen Djuhandhani Rahardjo Puro Senén peuting, 24 Februari 2025, ngabéwarakeun panahanan opat kasangka dugaan pamalsuan proses pamedalan Surat Hak Guna Bangunan (SHGB) parairan kalér Tangerang. Maranéhna téh nyaéta Kapala Désa Kohod Arsin bin Asip, Sekretaris Désa Kohod Ujang Karta, jeung dua panarima kawasa Septian Prasetyo jeung Candra Eka. Duanana ti Septian Wicaksono Law Firm.

“Kepada empat orang tersangka kami putuskan mulai malam ini dlakukan penahanan supaya tidak kabur, menghilangkan barang bukti dan tidak mengulangi perbuatannya,” ceuk Djuhandhani ka awak media TEMPO.

Dina prosespe pamariksaan, Djuhandhani nyaturkeun pihakna méré hak pikeun istirahat dahar jeung salat.

“Setelah pemeriksaan kami tim penyidik melaksanakan gelar perkara internal kepada empat orang tersangka kami putuskan mulai malam ini ditahan,” pokna.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan