Jakarta, Kiwari.co.id – Kejaksaan Agung (Kejagung) téh resmi netepkeun tujuh urang minangka kasangka dina kasus dugaan korupsi tata kokola minyak atah jeung produk kilang di PT Pertamina (Persero) periode 2018-2023.
Kasus ieu téh ngabalukarkeun karugian nagara anu fantastis, ngahontal Rp193,7 triliun, ngajadikeunana salah sahiji skandal panggedéna dina sajarah industri minyak Indonesia mah.
“Menetapkan tujuh orang saksi menjadi tersangka,” ceuk Kepala Pusat Penerangan Hukum Kejaksaan Agung, Harli Siregar, Senén, 24 Februari 2025, dicutat Kiwari.co.id ti VIVA.co.id.
Salah sahiji ngaran gedé anu kajiret téh nyaéta Riva Siahaan (RS), Direktur Utama PT Pertamina Patra Niaga, reujeung Muhammad Kerry Adrianto Riza (MKAR), anak ti raja minyak Indonesia, Mohammad Riza Chalid. Maranéhna téh diduga jadi aktor utama dina praktik korupsi ieu mah.
Daftar 7 Kasangka jeung Peranna:
1. Riva Siahaan (RS) – Direktur Utama PT Pertamina Patra Niaga
Reujeung Sani Dinar Saifuddin (SDS) katut Agus Purwono (AP), Riva diduga ngarékayasa rapat optimalisasi hilir guna nurunkeun produksi kilang kalayan karancana. Salian ti éta, Riva ogé kalibet dina prakték ilegal ngabeunangkeun broker minyak atah jeung produk kilang. Inyana mah malahan diduga “nyulap” BBM jenis Pertalite jadi Pertamax keur kauntungan pribadi.
2. Sani Dinar Saifuddin (SDS) – Direktur Optimasi Feedstock jeung Produk PT Kilang Pertamina Internasional
Sani gawé bareng reujeung Riva katut Agus dina ngarancang pangondisian rapat optimalisasi. Inyana milu ngabantu ngabeunangkeun broker minyak kalawan ngalawan hukum.
3. Yoki Firnandi (YF) – Direktur Utama PT Pertamina International Shipping
Yoki diduga ngalakukeun mark-up kontrak pangiriman minyak atah jeung produk kilang, nyababkeun nagara kudu mayar biaya pangiriman leuwih luhur tina samestina.
4. Agus Purwono (AP) – Vice President Feedstock Management PT Kilang Pertamina Internasional
Agus diduga kalibet reujeung Riva katut Sani dina manipulasi rapat optimalisasi. Inyana ogé kalibet dina pangkondisian anu ngamungkinkeun broker minyak ngahontal kameunangan kalayan ilegal.
5. Muhammad Kerry Adrianto Riza (MKAR) – Beneficial Owner PT Navigator Khatulistiwa
Akibat prakték mark-up kontrak pangiriman anu dilakukeun Yoki mah, nagara téh kudu mayar fee tambahan gedéna 13-15 persén anu nguntungkeun Kerry.
6. Dimas Werhaspati (DW) – Komisaris PT Navigator Khatulistiwa jeung PT Jenggala Maritim
Dimas reujeung Gading Ramadhan Joedo (GRJ) diduga ngalakukan komunikasi jeung Agus pikeun ngameunangkeun harga luhur dina kontrak, senajan syarat tacan kacumponan.
7. Gading Ramadhan Joedo (GRJ) – Komisaris PT Jenggala Maritim dan Direktur Utama PT Orbit Terminal Merak
Gading reujeung Dimas nyieun komunikasi jeung Agus demi ngamuluskeun kontrak harga luhur. Inyana ogé diduga meunang panyatujuan ti Sani jeung Riva keur impor minyak atah jeung produk kilang.
Ropéa basa: Agus Rohmat