5 Perang Paling Mahal dina Sajarah anu Ngorédaskeun Pakaya

Pangéling yén padaméan nyaéta investasi panghadéna
Kiwari.co.id – Ti zaman kuna kénéh tug nepi ka zaman modérn, aya sababaraha perang anu kakoncara lantaran waragadna anu fantastis. Perang-perang ieu téh teu saukur ngarobah peta politik dunya, tapi ogé ninggalkeun balukar ékonomi anu dirasakeun nepika mangpuluh taun sanggeusna. Ieu pedaran ngeunaan lima perang paling mahal dina sajarah anu bener-bener ngorédaskeun pakaya.

1. Perang Dunya II (1939-1945)

ilustrasi perang dunya II (commons.wikimedia.org/Royal Air Force official photographer)
Perang Dunya II téh nyaéta konflik paling mahal dina sajarah manusa. Dilansir tina Norwich University mah total waragad perang ieu téh diirong nepika leuwih ti US$4 triliun (dina nilé dolar Amerika kiwari). Angka ieu téh ngalimpudan waragad militer, karuksakan infrastruktur, jeung karugian ékonomi anu dirabdapan ku nagara-nagara anu kalibet. Salian waragad finansial, Perang Dunya II ogé neureuy korban jiwa kacida lobana, kalawan leuwih ti 70 juta urang tiwas. Nagara-nagara kayaning Jerman, Jepang, jeung Uni Soviet ngalaman kaancuran ékonomi anu parna. Malahan mah sanggeus perang mungkas, réa nagara ngabutuhkeun waktu puluhan taun pikeun pulih sapinuhna.

2. Perang Irak (2003-2011)

ilustrasi perang Irak (commons.wikimedia.org/Sgt. Luis Lazzara, United States Army)
Perang Irak nyaéta salah sahiji konflik modérn anu neureuy waragad gedé kacida. Nurutkeun The Guardian mah waragad perang ieu téh diirong nepika leuwih ti US$2 triliun, kaasup waragad operasi militer, rekonstruksi, katut parawatan veteran.

Amerika Serikat, minangka lulugu koalisi mah nanggung sabagian gedé ieu waragad. Perang ieu ogé mibanda balukar anu dangka panjang tur signifikan. Ékonomi Irak ancur, tur nagara éta mah masih bajoang pikeun pulih nepika kiwari. Salain ti éta, waragad perang ieu jadi bangbaluh gedé pikeun anggaran AS mah tur mangaruhan program domestik katut nambahan utang nasional.

3. Perang Vietnam (1955-1975)

ilustrasi perang Vietnam (commons.wikimedia.org/United States Army). 

Perang Vietnam téh nyaéta konflik panjang anu neureuy waragad gedé pikeun Amerika Serikat jeung Vietnam mah. Dilansir ti Thebalancemoney, total waragad ieu perang téh diirong ngahontal US$1 triliun. AS méakeun dana gedé pikeun operasi militer, sedengkeun Vietnam mah ngarandapan kaancuran infrastruktur anu parna.

Perang ieu ogé ninggalkeun balukar psikologis jeung sosial anu jero. Pohara veteran AS anu mulang dina kaayaan trauma, samentara Vietnam kudu ngawangun deui nagarana tina enol. Waragad ieu perang téh jadi palajaran penting ngeunaan kumaha mahalna konflik senjata.

4. Perang Dunya I (1914-1918)

ilustrasi perang dunya I (commons.wikimedia.org/From a variety of images credited above). 

Perang Dunya I, atawa anu remen disebut “Perang Besar”, nyaéta konflik global munggaran anu neureuy waragad pohara gedéna. Nurutkeun Digital History, waragad perang ieu mah diirong ngahontal US$200 miliar.

Nagara-nagara Eropa kayaning Inggris, Jerman, jeung Prancis mah ngorédaskeun pakaya maranéhna pikeun ngawaragadan perang. Perang ieu ogé ngarobah peta politik jeung ékonomi dunya.

Réa nagara anu bangkrut sangeus perang téh, tur sababaraha karajaan gedé kawas Rusia jeung Jerman mah ngalaman revolusi. Waragad perang ieu téh jadi salah sahiji panyabab “Depresi Besar” taun 1930-an.

5. Perang Afganistan (2001-2021)

ilustrasi perang Afghanistan (commons.wikimedia.org/Cpl. Jesse Johnson’s)

Perang Afganistan tayaliaj konflik panglilana dina sajarah AS, tur waragadna ogé kacida gedéna. Dilansir ti Watson Institute for International and Public Affairs, waragad total perang ieu dikira-kira nepika US$2,3 triliun. Angka ieu téh ngalimpudan operasi militer, palatihan pasukan Afganistan, jeung bantuan kamanusaan.

Perang ieu ogé ninggalkeun balukar anu kompleks. Sok sanajan Taliban mah kungsi digulingkeun, éta kolompok téh kumawasa deui sanggeus AS narik pasukanana. Samentara ti éta, AS mah kudu nanggung kabeubeurat ékonomi anu gedé, kaasup waragad parawatan veteran jeung bunga hutang perang.

Perang téh lain saukur ngeunaan kaunggulan atawa kaasoran, tapi ogé waragad anu kudu dibayar. Kalima perang di luhur téh tayalian conto nyata sakumaha mahalna konflik sanjata, boh tina segi finansial pon kitu deui manusana. Balukarna mindeng pisan dirasakeun tepika magpuluh taun sanggeus perang réngsé.

Diajar tina sajarah, penting pikeun nyungsi solusi daméi dina ngaréngsékeun konflik. Waragad perang anu mahal téh sakuduna mah jadi pangéling yén padaméan tayalian investasi panghadéna pikeun mangsa ka hareup. Mugya dunya bisa diajar tina kasalahan mangsa lawas tur satékah polah nyingkahan konflik anu ngarugikeun sakabéh pihak.

Ropéa basa: Agus Rohmat
Sumber: IDN Times

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan