Kiwari.co.id – Ibadah shalat téh mangrupakeun hiji rukun anu wajib dilaksanakeun ku saban jalma anu ngagem agama Islam. Tur kautamaan shalat téh dilaksanakeun atawa diadegkeun kalayan barjamaah. Hususna keur kaom lalaki mah shalat lima waktu téh utamana dilaksanakeun barjamaah di masjid, iwal ti aya halangan anu diwenangkeun ku aturan sara.
Wargi Kiwari! Tangtuna sok rajeun boga pananya anu tacan meunang jawaban tegesna ngeunaan imam dina shalat anu teu nyoara atawa teu narikeun sorana mangsa ngimaman dina shalat Dzuhur jeung Ashar. Tah dina tulisan ieu urang pedar alesanana, pék tengetan masing gemet sangkan teu penasaran!
Dina ibadah shalat anu dilakukan barjamaah hususna, saurang Imam ilaharna baris narikkeun sorana mangsa maca surah dina dua rakaat mimiti. Ngan, aya bédana dina cara imam ngucapkeun bacaan dina shalat Dzuhur jeung Ashar mah. Kadua waktu shalat éta mah dipiwanoh minangka shalat anu dilakukeun ku bacaan jempling, béda jeung shalat Maghrib, Isya, jeung Subuh mah anu bacaan imamna kadéngé jéntré. Naha mangsa shalat Dzuhur jeung Ashar imam teu nyoara?
Alesan mangsa Shalat Dzuhur jeung Ashar Imam Teu Nyoara
Dina buku Sifat Shalat Nabi SAW ku Syaikh Muhammad Nashiruddin Al-Albani, dijéntrékeun yén alesan mangsa shalat Dzuhur jeung Ashar mah imam teu nyoara tarik téh lantaran tumut kana anu diajarkeun Nabi Muhammad SAW.
1. Dicontokeun Rasulullah SAW
Rasulullah SAW nyontokeun dina shalat Dzuhur jeung Ashar mah, surah Al-Fatihah jeung surah lainna teu ditarikkeun (jahr), lantaran diparéntahkeun sangkan laun (sirr).
Rasulullah SAW ogé ngalaunkeun sora bacaan dina rakaat akhir shalat Maghrib jeung rakaat ketilu-kaompat shalat Isya. Sora laun anu dilakukeun ku Rasulullah SAW dina waktu-waktu shalat anu tangtu dicokot tina ijma para ulama ngacu kana hadits jeung atsar anu aya.
Dina hadits riwayat Bukhari, Abu Ma’mar Abdullah bin Sakhbarah tumanya ka sohabat Khabbab bin Arats, tuluy inyana nyarita:
“Kami tumanya ka Khabbab, ‘Ari Nabi Muhammad SAW babacaan dina shalat Dzuhur jeung Ashar?’ Inyana ngajawab, ‘Bener.’ Kami tumanya deui, ‘ku cara naon anjeun mikanyaho hal éta?’ Inyana ngajawab, ‘ku usik jenggotna.'” (HR Bukhari)
Cara shalat Rasulullah SAW ieu geus sakuduna diturut ku para muslim, sakumaha Anjeunna ngadawuh:
صَلُّوا كَمَا رَأَيْتُمُونِي أُصَلِّي
Hartina: “Prak aranjeun shalat sakumaha aranjeun ningali kuring shalat.” (HR Bukhari jeung ad-Darimi).
2. Dilaksanakeun dina Waktu Riweuh
Nyutat ti laman Nahdlatul Ulama (NU) online mah, dina kitab I’anah at-Thalibin disebutkeun kalawan écés yén bacaan sholat Dzuhur jeung Ashar téh dibaca laun, lantaran dilaksanakeun dina wanci beurang. Ieu téh nyaéta waktu riweuh, di mana wanci-wanci jalma ngumpul. Ku kituna, waktu beurang kurang genah keur munajat.
Sedengkeun shalat dina wanci peuting mah, dititah bacaan Imam téh bisa dibaca ku sora tarik. Lantaran waktu Maghrib, Isya, Subuh mah waktu nyepi (khalwat).
Éta waktu téh mangrupakeun waktu pikeun narikkeun bacaan Al-Fatihah jeung surat lainna. Hal ieu dianjurkeun pikeun néangan kanikmatan dina munajat hiji hamba ka pangéran-Na.
Dihususkeun narikkeun soara dina bacaan di dua rakaat munggaran, nyaéta tayalian lantaran sumangat jalma shalat gedé dina rakaat-rakaat éta.
Meunang Narikkeun Sora mangsa Shalat Dzuhur jeung Ashar?
Dipertélakeun dina kitab Al-Muntaqo Syarah Muwatho, yén hukum narikkeun jeung ngalaunkeun soara dina shalat éta téh sunnah.
Nurutkeun Sayyid Sabiq dina bukuna Fiqih Sunnah, lamun mangsa ngalakukeun sholat barjamaah Dzuhur jeung Ashar, imam poho jeung malah maca Al-Fatihah jeung surat lianna ku soara tarik, mangka hal kitu teu ngabatalkeun shalat jeung shalatna tetep sah.
Kitu ogé sabalikna, tetep sah shalatna mun seug imam babacaanana laun mangsa sholat Maghrib, Isya, atawa Subuh. Ngan, mun éta jalma inget mangka inyana kudu ngarohna.
Dina hal ieu mah, inyana ngalaunkeun bacaan nalika shalat anu sakudunaa dibaca kalayan soara laun. Inyana ogé bisa maca tarik, dina mangsa bacaan shalat anu sakuduna dibaca tarik.
Ropéa basa: Agus Rohmat