Kiwari.co.id – Kreator Willie Salim téh reuwas kacida lantaran daging rendang anu keur diasakanana leungit mangsa ditinggalkeun ka toilet. Kajadian éta téh dina mangsa Willie Salim ngayakeun acara masak besar di Palembang, Sumatera Selatan.
Dipiweruh, Wille ngayakeun acara masak besar dina acara rampak buka reuneung warga Palembang di buruan Benteng Kuto Besak (BKB), Salasa (18/3/2025). Terus kumaha atuh kronologi ilangna rendang Willie Salim téh?
Kronologi ilangna rendang Willie Salim
Willie ngunggah prosés ngasakan daging rendang ngaliwatan akun Instagram resmina @willie27_ dina Kemis (20/3/2025).
“Ayo kita tuang minyak dulu,” ceuk Willie mitembeyan prosés masak. Inyana jeung tim tuluy nuluykeun prosés ngasakan nepika sakabéh samara jeung daging asup kana jero kancah gedé.
Dina mangsa ngagalokeun rendang téh, Willie pamit sakeudeung ka toilet. Ngan, inyana reuwas mangsa dibéjaan yén daging rendang anu diasakanana éta téh leungit.
Dina postingan satuluyna mah, saurang pulisi anu keur ngajaga téh mecakan mertélakeun naon anu sabenerna kajadian. Nurutkeun pulisi mah, pihakna sabenerna mah geus ngawawadianan warga yén kondisi kompor masih panas. Inyana téh ngélingan sangkan ulah parebutan daging lantaran bisa bahaya, komo deui aya barudak di dinya.
“Sudah saya arahkan, tapi enggak mau dengar. Ini panas belum masak, masih saja,” ceuk éta pulisi ngajéntrékeun.
Ngann, pulisi éta téh ngaku misyukur taya hal-hal ngabahayakeun anu kajadian.
“Tapi alhamdulillah, kita sudah berusaha semaksimal mungkin. Lenyap seketika. Enggak sampai satu menit ludes. Ludes enggak tahu ke mana,” pokna.
Willie mah masih panasaran ku saha anu nyokot daging 200 kilogram (kg) éta. Polisi maké baju coklat éta ngajéntrékeun, ngadadak aya jalma anu pohara nyanpeurkeun pikeun ménta éta daging.
Katara pisan dina video anu diunggah Willie téh, kondisi kancah gedé anu dipaké keur ngasakan saukur kuahna anu warna coklat tur nyésa saeutik.
“Ya Jadi mereka mensyukuri dengan apa yang Willie kasih,” ceuk pulisi deui.
“Ini ratusan kilogram loh,” ceuk Willie masih teu percaya kana anu kajadian di dinya.
“Iya, hilang seketika,” ceuk polisi.
Pulisi tuluy ngajéntrékeun, yén warga nyokot daging rendang téh masih panas tur ku rupa-rupa cara. Aya anu maké kantong kéréaék, aya anu maké émbér, jeung aya anu ngagunakeun gayung.
“Tapi belum mateng, Pak!” ceuk Willie.
“Inilah yang luar biasa,” ceuk pulisi deui.
Willie nyebutkeun, hal anu siga kitu tacan kungsi kajadian dina konten anu dijieun ku manéhna saméméhna.
Samentara éta, saurang lalaki maké baju bulao nyaturkeun, yén warga téh antusias teuing kana éta acara sahingga pulisi katétér pikeun ngalakukeun pangjagaan.
“Ya sudahlah, Hidup Palembang,” ceuk Willie dina ahirna.
Ropéa basa: Agus Rohmat