Bandung Minangka Puseur Dayeuh Provinsi Jawa Barat Asup 4 Dayeuh Pangkolotna di Ngan Lain anu Munggaran

Kiwari.co.id – Kawentar Jawa Barat mangrupakeun hiji wewengkon provinsi anu sugih ku dayeuh dayeuh heubeul nu dipapaés wangunan kuna tur jadi guratan sajarah panjang anu ngabentuk rupa Jawa Barat sagemblengna kalayan geus dicicingan ti jaman bihari kénéh.

Nu matak wawangunan anu jadi ciri maneuh dayeuh-dayeuh éta téh ngajadikeun lambang dina ciri mandiri anu bisa dipanggihan minangka gambaran kahirupan jaman bihari dina mangsa kiwari.

Tepikeun ka wewengkon-wewengkon éta dayeuh anu umurna geus mangratus taun téh diistrénan minangka dayeuh atawa kota pangkolotna di Jawa Barat.

Bandung geus kasohor minangka ibu kota atawa puseur dayeuh Jawa Barat anu dina ieu wewengkon aya puseur pamaréntahan nu kawentar Gedong Saté. Ieu dayeuh geus aya ti ratusan taun kalarung, ngajadikeun dayeuh Bandung diasupkeun kana dayeuh anu pangkolotna di Jawa Barat. Ngan geuning Bandung mah lain anu pangkolotna, tétéla aya dayeuh séjén anu medal leuwih tiheula tur jadi dayeuh pangkolotna di Jawa Barat téh. Terus dayeuh naon atuh minangka kota pangkolotna téh?

Wargi Kiwari! Urang papayan geura 4 dayeuh atawa kota pangkolotna di Jawa Barat anu dicutat ti sababaraha sumber, di antarana nyaéta:

1. Cirebon

Minangka dayeuh pangkolotna munggaran nomer 1 di Jawa Barat mah, dayeuh Cirebon ngadeg dina 1 Muharam 849 Hijriyah tur tepika kiwari téh geus kaitung 597 taun umurna.

Dayeuh Cirebon téh perenahna di wawatesan antara Jawa Barat jeung Jawa Tengah anu diadegkeun ku Pangéran Cakrabuana putera Prabu Sri Baduga Maharaja nu kasohor nyaéta Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran.

2. Bogor

Satuluyna dayeuh pangkolotna ka-2 téh nyaéta Kota Bogor anu dadegkeun dina 3 Juni 1482 tur dina mangsa ieu mah kaitung geus 543 taun umurna.

Dayeuh Bogor téh perenahna di suku Gunung Salak di tebéh kulon provinsi Jawa Barat, ieu dayeuh téh diadegkeun ku Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran.

3. Bandung

Minangka puseur dayeuh provinsi Jawa Barat, dayeuh Bandung nyicingan runtuyan katilu minangka pangkolotna anu geus diadegkeun dina 25 September 1810 tur dina mangsa ieu kaitung geus 214 taun umurna.

Perenahna di di tengah-tengah Jawa Barat, Bandung téh diadegkeun ku Gubernur Jenderal Hindia Belanda, Herman Willem Daendels.

4. Sukabumi

Dayeuh Sukabumi mah minangka kota kaopat pangkolotna anu diadegkeun dina 14 April 1815 tur tug tepika kiwari umurna geus 210 taun.

Ieu dayeuh téh perenahna di tebéh kidul kulon Jawa Barat anu diadegkeun ku Gubernur Jenderal Hindia Belanda, Herman Willem Daendels.

Wargi Kiwari! Tah éta 4 kota pangkolotna di Jawa Barat anu ayeuna geus nincak ratusan taun alatan diadegkeun jauh saméméh kamerdékaan.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan