Kiwari.co.id – Karasa wararaas kawas mulang tineung nyorang deui kana kahirupan baheula, éta pisan anu karasa mangsa ngalanglang Kampung Tajur anu perenahna di Désa Pasanggrahan, Kacamatan Bojong, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat anu geus dijadikeun salah sahiji destinasi wisata anu unik tur mincut di éta wewengkon.
Ti saprak taun 2004, Kampung Tajur téh dikembangkeun jadi désa wisata ku Pamaréntah Kabupatén Purwakarta lantaran kaunikanana mertahankeun ajén-ajén lelewek Sunda.
Saban taun, Kampung Tajur mah réa narima panglanglangan ti lembaga pangdidikan, utamana sakola-sakola ti DKI Jakarta jeung sabudeureunana.
Ieu téh nuduhkeun yén Kampung Tajur mah mibanda potensi gedé minangka destinasi edukasi pikeun budak sakola jeung wisatawan mah.
Malahan mah, dina taun 2021, Kampung Tajur téh bisa asup kana 100 panggedéna Anugerah Desa Wisata Indonesia (ADWI), minangka bentuk pangakuan kana upaya palestarian budaya jeung pamekaran pariwisata tumuluy anu dilakukeun ku masarakat di dinya.
Sajarah panjang Désa Pasanggrahan dina dunya pangdidikan téh dimimitian dina taun 1981, nalika ieu désa munggaran pisan dijadikeun lelewek kagiatan Latihan Dasar Kepemimpinan Siswa (LDKS).
Minangka sakola anu munggaran ngadongdon ieu désa téh nyaéta SMK Ksatria Jakarta.
Sariring ganti wanci lumakuna waktu, mingkin réa lembaga pangdidikan ti DKI Jakarta jeung sabudeureunana anu kapincut pikeun ngajugjug Désa Pasanggrahan, nepikeun ka ieu désa mingkin dipiwanoh balaréa.
Mimitina, kagiatan LDKS mokus di Kampung Pasanggrahan.
Ngan, saprak taun 2004 mah ku ayana panataan Kampung Tajur, para wisatawan téh mimiti ngarérét ieu wewengkon minangka tujuan wisata edukasi.
Panataan Kampung Tajur téh dimimitian dina 2004-2005, nalika Kapala Désana harita, Alm. Roib Sobari, inyanana téh ngusulkeun ka H. Dedi Mulyadi anu mangsa harita mah jeneng minangka Wakil Bupati Purwakarta pikeun ngajadikeun Kampung Tajur minangka destinasi wisata.
Ku alatan patéah éta, Kampung Tajur téh ngalaman transformasi tur akhirna kasohor ku ngaran Kampung Kahuripan, anu hartina “Kampung anu mibanda Kehirupan”.
Kaunikan utama Kampung Tajur téh perenahna dina imah panggung tradisional anu dijieun tina kai jeung awi. Éta imah-imah téh dicét ku warna hideung jeung bodas anu nyongcolang, méré kesan estetis jeung kuat.
Lingkungan anu beresih jeung hawa seger khas padésaan mingkin ngabeungharkeun daya tarik ieu kampung minangka destinasi wisata edukasi.
Di Kampung Tajur téh aya sakitar 43 suhunan imah panggung kalayan mibabda ciri khas adat Sunda, anu dipiwanoh minangka modél wangunan “Julang Ngapak”.
Kaunikan desain jeung warna saragam imah-imah ieu téh ngajadikeun Kampung Tajur béda jeung lelewek wisata séjénna.
Pikeun wisatawan anu ngadongdon ka Kampung Tajur mah bisa ngarasakeun pangalaman cicing di imah-imah warga liwat fasilitas home stay. Saban imah ilaharna nyayagikeun dua enggon keur sémahna, anu mana wisatawan bisa ngarasakeun kahirupan sapopoéna masarakat di dinya.
Salian ti éta téh, wisatawan ogé boga kasempetan pikeun ilubiung dina kagiatan reujeung nu boga home stay luyu jeung profesi katut kasapopoéanana.
Hal ieu téh tangtuna méré pangalaman langsung anu kacida gedé ajénna pikeun para pangdeugdeug mah, utamana dina mipaham kearifan lokal anu geus nyampak ti baheulana.
Ku sagala kaunikan jeung potensi anu dipibandana, Kampung Tajur téh terus mekar tur narik leuwih réa panengetan wisatawan, hususna ti kalangan lembaga pangdidikan.
Ka hareupna mah, diharepkeun Kampung Tajur bisa mingkin dipisanoh minangka destinasi wisata anu basisna kearifan lokal anu bisa ngarojong pangembangan pariwisata anu tumuluy di Kabupatén Purwakarta.
Ropéa basa: Agus Rohmat