Kiwari.co.id – Dina hal kadaharan mah, saurang jalma téh bisa jadi tangtungan anu kacida apikna boga sikep pilih-pilih. Ngan, lamun hiji laleur eunteup dina kadaharan wargi kiwari, naha anjeun bakal terep terus ngadaharna?
Laleut imah biasa (Musca domestica) téh dina dasarna mah teu mibanda racun, seureud, jeung sihung. Maranéhna néangan dahareun ku cara gulang-guling di antara kokotor jeung runtah sato lain.
Kulantaran teu boga huntu téa, ieu laleur téh ngabutuhkeun kadaharan leyur. Maranéhna mah boga cara anu pikarujiteun pikeun ngarobah kadaharan padet jadi kawas jus buah.
Cara Laleur Dahar
Dicutat ti Mental Floss, cara laleur dahar téh mémang katara pikarujiteunana. Maranéhna bakal nyiduh nalika eunteup dina kadaharan.
Sanyawa dina ciduh jeung hamperu laleur mah bisa ngarecah kadaharan. Akibatna kadaharan padet téh bisa babari diteleg kawas jus buah.
Dina mangsa laleur dahar, ilaharna laleur téh modol. Malahan mah mun laleur éta bikang, bisa baé bari ngendog dina kadaharan téh.
Lain saukur kadaharan padet anu dirobah jadi leyur téh, laleur ogé sato anu oportunis. Ieu sato téh ngahakan runtah buruk jeung kotoran sato séjén ogé.
Laleur Pamawa Bakteri jeung Virus
Ku kituna laleur téh ngonsumsi réa patogen anu bisa baé bakal bahya pikeun waruga jalma mah. Hal éta téh dibenerkeun ku ahli entomologi ti Universitas Cornell Amerika Serikat (AS), Jeff Scott.
Scott nyebutkeun, laleur imah téh nyaéta pamawa mikroorganisme patogen paling pikarujiteunana. Naon baé anu kaluar tina sato kayaning bakteri jeung virus bisa aya dina awak laleur tur dibagikeun deui kadaharan anjeun.
“Lalat rumah adalah pembawa mikroogranisme patogen menjijikan apapun yang dapat Anda bayangkan,” pokna.
“Apa pun yang keluar dari hewan, seperti bakteri dan virus dapat diambil oleh lalat rumah dari kotoran tersebut dan menempel pada roti lapis Anda,” ceuk Scott.
Para ahli ngirong yén laleur imah déwasa mah bisa népakeun leuwih ti 100 panyakit jeung parasit anu béda. Tina Salmonella, tuberkulosis, tepika cacing pita.
Jadi, naha urang téh kudu miceun kadaharan anu kaeunteupan laleur? Jawabanana, bisa baé tur luyu jeung kapercayaan séwang-séwangan éta mah.
Nurutkeun panalungtikan panganyarna mah, laleur imah téh lolobana neundeun patogen dina sukuna. Nepikeun ka malahan mah antelan singget baé ogé, maranéhna mampuh népakeun sajumlah bakteri.
Leuwih hadé mah nyimpan kadaharan téh dina kaayaan katutup tur sagancangna iatna. Sangkan kadaharan tetep kajaga manfaatna tur anggang tina kaeunteupan laleur.
Ropéa basa: Agus Rohmat