Taleus Éndah Ieu Ngandung Racun, Bahya Keur Barudak & Sato Piaraan!

Kiwari.co.id – Sababaraha mangsa ka tukang kungsi niténan buruan pinuh ku jukut anu ngajejembrung, asa geus bisen nyabutanana téh, meni asa téréh pisan barala, komo deui usum hujan mah, gancang ngebana.

Nya nyawang, jorojoy wéh boga pikiran, mun seug dipelakan ku rupaning pepelakan papaés sigana moal pati téréh pisan baralana, lantaran taya kasempetan jukut jinis lianna anu baris jaradi.

Mikir deui, mun seug meuli pepelakan papaés pastina marahal hargana sanajan loba jeung babari ogé meunangna, da apan loba nu ngajarual pepelakan papaés di sakuliah KBB mah, salian ti di wewengkon Lembang anu kawéntar ku pepelakan hiasna anu loba neung aralus rupana, di sabudeureun Cipatat ogé loba anu ngajual.

“Batan meuli mah mending néangan di kebon anu teu kaurus da kapireung sok loba jaradi jarah, lumayan aralus, gerentes haté téh.

Ti harita sok rada getol aprak-apeakan téh bari néangan sabangsaning pepelakan atawa tutuwuhan anu diirong baris pialuseun mun dipelak di buruan, kayaning taleus anu beureum urat daunna jeung alus kelirna (harita mah tacan apal ngaran tangkal ieu anu sabenerna). Alhamdulillah ukur nincak sebulan leuwih pakarangan téh geus katingali aya parobahan, rada héjo jeung rupa-rupa kelirna, jadi betah wéh ngadaweung di buruan téh, komo mun bari ngopi jeung udud mah, asa jadi jelema senang (meureun), héhéh.

Pirajeunan nyungsi ngaran taleus anu kelirna beureum urat jeung carambang bodas daunna. Ngaliwatan googlelens, nya kapanggih wéh ngaran jeung rupaning rupana.

Geuning réa jinis jeung rupana taleus kieu téh. Ngan aya anu matak reuwas ogé. Tétéla geuning ieu tuwuhan téh ngandung racun.

Ari sabenerna mah pikeun wargi kiwari mah tangtuna geus teu bireuk ngeunaan taleus ieu téh, ngan ari keur kuring mah kakara ayeuna resep melak jeung weruhna téh.

Di handap ieu panétélaan tina google anu geus di-Sundakeun.

Taleus Éndah Ieu Ngandung Racun, Bahya Keur Barudak & Sato Piaraan!

Taleus téh dina mangsa ieu mah hiji pepelakan anu réa ditéangan.

Réa nu ngajual ku harga salangit, atawa néanganana dina rurungkunan.

Sok sanajan ieu pepelakan téh mibanda daun anu éndah eksotis, ngan geuning ieu taleus téh racunan.

Lain saukur sawaréhna baé, tapi sakur bagéanana ieu talus téh ngandung racun.

Disebutkeun, racun anu dikandung téh nyaéta calcium oxalate crystals anu minangka protein anu nyampak ogé dina ieu pepelakan téh nyaéta Asparagine.

Éta dua jinis racun téh baris muncul lamun seug ieu tangkal taleus atawa anu disebut caladium téh, digayem.

Bahya keur Barudak jeung Sato Piaraan

Barudak, komo deui maranéhna mah sok dapon ngasupkeun barang kana bahamna, tangtuna kudu dijauhkeun tina sabudeureun ieu pepelakan téh. Lantaran loba jadi salah sahiji korban weureu taleus.

Nurutkeun laman resmi Children’s Health Queensland Hospital and Health Service di Australia mah, racun dina taleus ieu téh kaasup kategori 2 jeung 3.

Kategori dua téh kaasup kawilang lumayan racunna, sedengkeun kategori 3 mah mibanda kandungan racun anu énténg, lamun kategori hiji mah anu pangbahyana. Ieu taleus téh bahya ogé keur ini sato piaraan kawas ucing jeung anjing mah.

Gejala di Barudak

Mun seug ieu taleus kagayem mangka racunna baris langsung nimbulkan gejala kayaning:

. Gejala mangrupa sensasi kaduruk anu intens tur matak karasa nyeri, ciduh anu kaleuleuwihi tur bareuh dina biwir, baham, létah jeung tikoro katut dadas (iritasi) dina peujit atawa lambung anu parna.

Geutahna téh dipiweruh nyababkeun dermatitis, rasa ateul jeung peurih anu pohara lamun keuna kana kulit mah.

Gejala dina sato piaraan

Pepelakan ieu téh ngandung kristal kalsium oksalat teu leyur tur sarimbag jeung pepelakan séjén dina kulawedet Araceae .

Lamun ngagayem atawa ngégél pepelakan ieu bakal ngaleupaskeun éta kristal nepika nyababkeun penetrasi jaringan tur iritasi kana baham sabudeureunana.

Remen pisan, kajadian ngabareuhan dina saluran ambekan bagian luhur nepika hésé ngambekan.

Totondén galib anu kudu dititénan.

* Ngaruy
* Ngagaro/ngusap baham atawa beungeut
* Nyeri baham
* Nafsu dahar nurun
* Untah

Ciri-ciri jeung Jinis Taleus atawa Keladi

Pangcirian anu paling khas tina taleus téh nyaéta bentuk daunna anu siga simbul haté/jantung.
Daun ilaharna limit ngandung lapisan lilin.
Ukuran teu kungsi leuwih ti saméter.

Sababaraha jinis jeung hibridana dipaké minangka pepelakan papaés pakarangan.

7 Jinis Taleus

Aya tujuh jinis Caladium, sakabéhna asal ti leuweung Brazil nepika Amerika Tengah.

Dina usum halodo biasana mah dorman (kaleungitan daun) tur tuwuh deui mun kacaian anu cukup.

. Caladium bicolor
. Caladium humboldtii
. Caladium lindenii
. Caladium paradoxum
. Caladium schomburgkii
. Caladium ternatum

Awas Racunan

Sakabéh bagianana tina taleus téh racunan teu meunang dikonsumsi.

Ngan sok sanajan kitu, panggunaan taleua minangka pepelakan papaés téh cukup lega ogé. Tuwuhan ieu téh geus direkahkeun tur dimulyakeun ti saprak ahir abad ka-18 di Eropa. Utamana mah C. bicolor geus réa ngalaman parobahan sifat jadi boga daun réa kelirna. Sahenteuna aya 120 kultivar C bicolor.

#cag
Poto tina google
Video taleus di buruan

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan