Sumber: Kemendikbud Kiwari.co.id – Jalur karéta api Banjar – Pangandaran téh, asup prioritas anu bisa diaktifkeun deui. Anapon jalur éta téh baheulana mah mangrupakan bagian tina jalur KA Banjar – Cijulang anu total panjangn 82 kilométer (km). Kiwari, jalur karéta Banjar – Pangandaran – Cijulang magrupakan jalur paéh. Karéta api uereun operasi dina 3 Februari 1981. Sok sanajan taya deui karéta api anu liwat, masih aya tapak paninggalan lalampahan oray beusi di jalur ieu mah, salah sahijina nyaéta Torowongan Wilhelmina.
Torowongan pangpanjangna di Indonesia
Torowongan Wilhelmina téh mangrupakeun salah sahiji bukti kajayaan teknologi konstruksi dina mangsa kolonial Belanda di Indonesia mah. Ieu torowongan téh boga leler minangka torowongan pangpanjangna di Indonesia anu diwangun dina mangsa pamaréntahan Belanda, kalayan panjang ngahontal 1.127,1 méter.

Perenahna di Jalan Pantai Karapyak, Désa Emplak, Kacamatan Kalipucang, Kabupatén Pangandaran, Torowongan Wilhelmina nobros pagunungan anu kasusun tina babatuan andesit anu pohara masif. Proses ngawangunna ngabutuhkeun teknologi luhur jeung pangerahan tanaga gawé anu gedé, ngajadikaneunana salah sahiji proyek infrastruktur paling ambisius dina mangsana. Ngaran “Wilhelmina” dicokot tina ngaran Ratu Wilhelmina Helena Pauline Maria, pangawasa Belanda anu maréntah ti taun 1890 tepika 1948. Ngan, masarakat di dinya dina mangsa ieu leuwih wanoh nyebutna Terowongan Sumber.
Torowongan di jalur KA Banjar-Cijulang
Torowongan ieu téh mangrupakeun bagian tina jalur karéta api Banjar–Cijulang, lintasan anu meulah médan pagunungan jeung léngkob di wewengkon kidul Jawa Barat.
Pikeun ngungkulan tangtangan geografis anu beurat, jalur ieu téh dirancang ku lobana péngkolan keur ngagiwarkeun tanjakan netek. Ngan, nalika péngkolan dianggap panjang teuing jeung teu efisien mah, pilihan panghadéna téh nyaéta ngawangun torowongan anu nobros pagunungan.
Pangwangunan Torowongan Wilhelmina téh nyaéta salah sahiji solusi strategis keur ngahubungkeun Kalipucang jeung Léngkob Parigi ngaliwatan jalur karéta api. Ku ajén historis jeung arsitektur anu luar biasa, Torowongan Wilhelmina téh teu saukur jadi infrastruktur penting, tapi ogé mangrupakeun warisan budaya anu pantes dilastarikan.
Ropéa basa: Agus Rohmat