Kabul, Kiwari.co.id – Dina satengahing ngaronjatna adu regeng di Timur Tengah, pamingpin pangluhurna Taliban anu misterius, Hibatullah Akhundzada, boga sikep cicing tur répéh kana perang antara Israel jeung Hamas di Gaza. Éta téh kacida kontrasna jeung komentar anti- Israel anu heuras ti para pamingpin Iran. Sanajan Akhundzada teu mibanda akun digital anu bisa diakses publik, kaputusan jeung panétélaanana remen aweuhan di platform online Taliban ngaliwatan saluran séjénna. Wakil Akhundzada, Mullah Mohammad Hassan, jeung trio wakilna ogé sarua sikepna cicing dina konflik Gaza.
Naha Afganistan Masih Cicing Baé Nyaksian Kadoliman Zionis di Gaza?
Tétéla aya 8 Alesan anu ngasangtukangan sikep maranéhna éta, diantarana:
1. Saukur Mengungkabkeun Ekspresi Solidaritas minangka Sasama Umat Islam
“Kami tidak ikut campur dalam urusan internal orang lain,” ceuk Haqqani, dilansir VOA.
“Tetapi kami memiliki simpati berbasis agama terhadap umat Islam,” pokna.
Zabihullah Mujahid, juru wicara utama Taliban, ngaluarkeun panétélaan anu ngecam pangepungan Israel di Gaza sabari ngagorowokeun komunitas internasional pikeun ngungkulan krisis éta.
“Pesan resmi dari Taliban serupa dengan apa yang kami lihat dari negara-negara Muslim lainnya, dalam hal ekspresi solidaritas dan dukungan terhadap Palestina,” ceuk Michael Kugelman, pakar di Wilson Center, dilansir VOA.

2. Teu Mibanda Hubungan Diplomatik Formal jeung Hamas
Nurutkeun Javid Ahmad, mantan duta besar Afghanistan jeung anggahota Dewan Atlantik, komentar publik Taliban, sanajan jarang, diperhitungkeun pikeun nunjukkeun rojongan ka Palestina wungkul, lantaran kolompok éta teu mibanda hubungan diplomatik formal jeung Hamas.
“Tokoh senior Taliban jelas mengharapkan negara-negara tetangga Arab untuk mengambil tindakan dan menemukan solusi untuk mengakhiri kekerasan, daripada bergantung pada negara-negara non-Arab untuk melakukan intervensi,” ceuk Ahmad ka VOA.
Tindakan kaukur ti rezim anu pikareueuseun dina ngéléhkeun nagara adidaya jeung sekutu NATO-na sigana ngagétkeun pikeun sabagian jalma.
3. Teu Ngarespons Seruan Publik Afghan anu nyawad (protes) Sikep Taliban
Sababaraha warga Afghanistan ngakritik respons cicing-cicing Taliban. Ata Mohammad Noor, mantan gubernur Afghanistan jeung pamimpin milisi anti-Taliban anu kasohor, ngunggah file audio dina poé Salasa di X (saméméhna Twitter) nyerukeun Taliban pikeun nyarita ngabéla Gaza. Maké judul “Pesan seorang saudari dari Palestina untuk rakyat Afganistan,” klip audio éta eusina teks-teks ti jeung sora saurang wanoja nyarita dina basa Arab anu meredih sangkan warga Afghanistan ngabantu rakyat Palestina. Mariam Solaimankhil, mantan anggahota awéwé di parlemen Afghanistan, mosting panétélaan di X anu nyebutkeun tanggapan Taliban “kosong.” “Di mana tindakanmu?” inyana méré komentar din jabatan juru wicara Taliban.

4. Kaikat jeung Komitmen Perjangjian Doha
Taliban geus boga komitmen pikeun nyaram sagala ancaman kaamanan ka Amerika Serikat jeung sekutuna muncul di Afghanistan, luyu jeung perjangjian AS-Taliban anu ditéken di Doha, Qatar, dina Februari 2020. Tapi para ahli nyaturkeun retorika Taliban naon baé anu ngarojong Hamas, organisasi teroris anu ditetepkeun AS, teu ngarempak perjangjian éta.
“Perjanjian Doha berfokus pada ketentuan yang sangat spesifik dan didefinisikan secara sempit: Taliban tidak boleh membiarkan wilayahnya digunakan oleh kelompok teroris yang mengancam AS dan sekutunya.
Protes pro-Hamas, atau segala jinis aktivisme anti-Israel di Afghanistan, tidak sama sekali melanggar ketentuan tersebut,” ceuk Kugelman.
Méh puluhan kolompok pajoang séjénna diduga mibanda tempat panyaindungan di Afghanistan anu, mun teu dicegah, bisa nimbulkeun ancaman kaamanan regional jeung samalah global.
“Sejauh ini, tanggapan dari kelompok-kelompok tersebut di Afghanistan terhadap perang di Gaza masih sangat teredam dan sangat terkendali,” ungkab Ahmad dari Atlantic Council.
5. Fokus Nyinghareupan Kolompok Pasaing di Afghanistan
Sanajan tetep nyekel kadali kuat kana sakuliah Afghanistan salila leuwih tina dua taun, Taliban geus ningali ISIS Khorasan atawa IS-K nangtang tuduhan maranéhna ku serangan teroris di sakuliah nagri. IS-K teu ngadukung Hamas lantaran hubunganana jeung Iran, nagara mayoritas Syiah anu dianggap nyimpang tina Islam ku kolompok teroris éta.
“Ada risiko bahwa IS-K, atau kelompok teror aktif mana pun di Afghanistan, dapat bereaksi dengan mencoba melancarkan serangannya sendiri di Afghanistan, misalnya dengan melakukan serangan di Afghanistan baik sebagai bentuk solidaritas terhadap Hamas atau sebagai taktik kompetitif untuk meningkatkan apa yang dilakukan Hamas di Israel,” ceuk Kugelman.
6. Kurangna Kompromi kana Hak Asasi Manusa
Taliban teu mibanda hubungan hadé jeung hak asasi manusa. Lain baé maranéhna teu mibanda jalan tengah anu hadé, tapi maranéhna ogé ngarempak hak asasi manusa jeung ngabaékeun pisan kana tungtutan para pangbéla hak asasi manusa. Dina perang di Gaza, anu mancing reaksi pangrojong jeung non-sponsor pihak perang nyaéta pangrempakan hak asasi manusa.
Salian ti éta, leuwih réa warga Muslim Palestina anu nemahan pati dibandingkeun warga Israel.
Loba nagara anu kalayan daria ngakritik pangrempakan hak asasi manusa di Gaza, tapi Taliban tacan ngalakukeun hal éta lantaran lain urusan maranéhna.

“Bahkan dalam pernyataan Taliban, pelanggaran HAM tidak disebutkan sebagai slogan, dan mereka hanya menyebutkan warga Palestina mempunyai hak atas pembelaan yang sah,” ceuk Mohammad Muqim Mehran, panitén politik Taliban, dilansir Hasht-e-Subh Daily.
Kolompok Taliban anu ogé dituduh ngalakukeun palanggaran HAM meureun nganggap kritik kana palanggaran HAM di Gaza nyaéta anu teu asup akal lantaran maranéhna kabeungkeut pikeun nyumponan kawajibanana di Afghanistan tur satuluyna gura-giru ngabantu warga Gaza.
7. Prinsip Non-Intervensi Dina Urusan Dalam Negeri Negara Séjén
Taliban kacida nyuhun luhur prinsip non-intervensi kana urusan jero nagara nagara séjén lantaran dunya tacan ngaku kolompok ieu lantaran panolakanana pikeun ngabentuk pamaréntahan demokratis anu inklusif.
“Taliban menganggap penentuan sifat pemerintahan adalah urusan internal dan tidak mendengarkan suara dunia terkait hal ini. Sikap ambigu Taliban terhadap perang Gaza dipengaruhi oleh hal ini,” ungkab Mehran.
8. Realitas Taliban Jadi Wagner pikeun AS
Taliban disebut minangka Wagner Amerika mangsa presiden nagara ieu, Joe Biden, nyebutkeun rogahalaan Ayman al-Zawahiri, pamingpin al-Qaeda, dina paguneman reujeung media, alatan gawé bareng kolompok ieu. Rahmatullah Nabil, kepala intelijen pamaréntahan saméméhna, méré tanggapan panétélaan Biden, nyebut Taliban minangka Wagner Amerika Serikat. Taliban moal nyieun kolusi pikeun maténi sekutu jeung pangrojong utama maranéhna mun seug maranéhna lain Wagner Amerika.
“Diamnya Taliban atas pembunuhan warga Gaza memang membingungkan karena kelompok ini berkolusi dengan AS untuk membunuh pemimpin al-Qaeda. Jika kelompok ini bukan Wagner-nya AS, kecil kemungkinannya akan tinggal diam terhadap apa yang menimpa warga Gaza,” ceuk Mehran.
Ngarojong Palestina méré kredibilitas pikeun Taliban di Afghanistan jeung kawasan lantaran, di hiji sisi, sentimen publik di nagara éta kafokus kana rojongan ka Palestina, jeung di sisi séjén, sababaraha pamaréntah di kawasan, utamana Rusia jeung Iran, mibanda pandangan anu kacida béda jeung Amerika Serikat dina pangréngséan krisis Palestina.
“Tampaknya pendekatan Taliban terhadap krisis Palestina lebih sejalan dengan pendekatan Amerika dibandingkan dengan negara-negara tetangga dan kawasan,” ceuk Mehran.
Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB