Basa kapal mimiti unggah
Katangen runtah patulayah
Solokan cakeutreuk
Wahangan ngolѐtrak
Jalan bѐcѐk
Balatak betrak-betruk
Gedong jangkung belewuk
Estu matak sareukseuk
Kagorengan campuh teu kasilih
Mangsa kapal hiber rada luhur
Titingalian mimiti paor
Nu tadi geugeuleuh robah jadi ѐndah
Sakur rumeuk ngabungkeuleuk lir mozaik
Sirna kagorѐngan nu nonggerak, jadi ngaburicak
Kapal kiwari ngawang-ngawang jomantara
Nu jorѐ jeung nu alus teu katara
Amparan bodas walatra
Dina sela-sela awan anu nyacas
Katoong aya mumunggang
Kiwa jurang tengen lungkawing
Hareup lamping tukang longkewang
Karya: Dadan Dania