WartaWarta Nasional

Api-api Gawé Maké Keyboard Palsu, Puluhan Karyawan Bank Dionslah

Foto: Calon pamilon ngiluan tés sanglingan palatihan kajuruan operator komputer anu diajangkeun husus keur pangrandap disabilitas di Pelatihan PPKD Jakarta Timur, Salasa (4/7). (CNBC Indonesia/Muhammad Sabki)

Kiwari.co.id – Bank Wells Fargo mngabongkar peta api-api gawé sajumlah karyawanana. Pihak pausahaan ogé langsung ngonslah maranéhna anu kanyahoan lakukan kitu peta.

“Setelah meninjau tuduhan yang melibatkan simulasi aktivitas keyboard yang menciptakan kesan kerja yang aktif,” ceuk pausahaan ka Otoritas Regulasi Industri Keuangan (FINRA) sual alesan pamecatan nyutat ti Quartz, Rebo (8/1/2025).

Juru wicara Wells Fargo ngajéntrékeun pihak bank teu bisa méré hampura (toléransi) kana éta laku lampah.

“Wells Fargo memiliki standar tinggi untuk karyawan dan tidak menoleransi perilaku tidak etis,” ucapna.

Api-api gawé éta ngagunakeun alat keyboard palsu. Disebut mouse jigglers, éta pakakas ngajadikeun mouse siga usik tur komputer tetep hurung.

Maranéhna anu maké éta pakakas téh ngajadikeun komputer ogé teu robah jadi mode saré, sok sanajan teu ngagunakeunana.

Tétél pakakas siga mouse jigglers téh réa di pasaran. Malahan mah produk-produk éta kacida populér digunakeun sajumlah para pagawé di dunya ngalakukeun gawé jarak jauh mangsa pandemi Covid-19.

Sabab ieu alat téh ngajadikeun para pagawaé bisa api-api digawé tanpa diawasi bos sacara langsung siga digawé di kantor.

Dina sababaraha kasempatan mah, sistem digawé jarak jauh atawa disebut minangka work from home (WFH) téh mémang jadi padebatan. Réa anu hariwang sual katerlibetan karyawan anu ngalakukeun WFH.

State the Global Workplace ti Gallup ogé ngungkabkeun hal anu sarupa. Laporan éta nyatet 62% pagawé sakuliah dunya teu kalibet dina pagawéanana.

Salobana 15% disebut teu kalibet kalayan aktif. Maranéhna ngajéntrékeun dirina mibanda manajer atawa pagawéan anu goréng tur aktif néangan anu anyar.

Ropé basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Warta