Kuningan, Kiwari.co.id – Pikeun para pacinta kuliner jeung kaéndahan alam mah, Joglo Arunika di wewengkon Palutungan, Kuningan téh, tangtuna jadi destinasi panganyarna anu wajib didongdon. Restoran anu anyar dibuka ieu téh nyuguhkeun paduan unik antara arsitektur Jepang jeung pamandangan alam anu pikatajieun.
Desain Unik jeung Pamandangan Pikatajieun
Kalayan desain wangunan tradisional Jepang anu khas, Joglo Arunika ti mimiti geus bisa narik panengetan padeugdeug. Saprak dibuka, ieu restoran salilana ramé dijugjug, boh ku wisatawan lokal pon kitu deui mancanagara.
Salian minikmat hidangan lezat, pajugjung ogé bisa swafoto ku latar tukang jambatan kaca anu nyanghareup langsung ka léngkob Cilengkrang.
Kuliner Lezat kalayan Rupa-rupa Pilihan
Joglo Arunika nyuguhkeun rupa-rupa ménu, mimiti tina hidangan lokal nepi ka internasional. Pajugjug bisa minikmat kalezatan kuliner bari minikmat hawa seger katut pamandangan héjo anu matak nyegerkeun.
Kaéndahan Alam Gunung Ciremai
Salah sahiji daya tarik utama Joglo Arunika téh nyaéta pamandangan Gunung Ciremai anu sakitu éndahna. Pajugjug mibanda kasempetan pikeun ningali langsung satwa-satwa endemik kayaning surili, lutung, jeung heulang Jawa anu hirup di sabudeureun éta wewengkon.
Akses Lokasi
Sok sanajan aksés ngajugjug Joglo Arunika cukup gampil, ngan jalan nuju éta lelewek cukup pungkal-péngkol jeung nanjak. Padegdeg disarankeun pikeun iatna mangsa maké kandaraan, utamana mah mangsa usum hujan.
Wargi Kiwari! Hayu, agéndakeun liburan Vivanians ka Kuningan tur ngadongdon Joglo Arunika! Pinikmat sensasi kuliner anu béda ti sasari bari minikmat kaéndahan alam anu pikatajien. Ulah poho ajak kulawarga jeung kanca Vivanians pikeun babagi pangalaman seru di dieu!
Ropéa basa: Agus Rohmat