ASN KBB Baris Dionslah Mun Ngarempak Netralitas Pemilu. Pangwawadi Arsan Latif 

Ngamprah, Kiwari.co.id – Dina salila helaran Pemilu 2024 sakur ASN dikudukeun némbongkeun nétralitasna, sakumaha anu geus dibéwarakeun ku pamaréntah puseur, sarta mun seug kabuktian ngarempak, mangka sangsi beurat baris ditibankeun kayaning pangeureunan jabatan kalayan teu hormat atawa pangonslahan.

Ieu pangwawadi ditepikeun ku Pejabat (Pj) Bupati Bandung Barat, Arsan Latif pikeun sakur ASN di lingkungan Pemerintah Daerah (Pemda) Kabupatén Bandung Barat (KBB) sangkan teu kalibet dina politik praktis lantaran baris aya ancaman sanksi daria anu bakal ditibankeun.

Leuwih tandes ceuk Arsan, para ASN KBB kudu ngéstokeun pisan resikona mun seug maranéhna kabuktian teu netral atawa ilu biung ngampanyekeun bakal calon bou caleg sumawona capres.

“Kepada ASN Bandung Barat, saya sudah ingatkan resikonya tinggi. Jangan sampai dikorbankan masa depan ASN dengan sesuatu yang tidak tentu. Aturannya sanksi bisa sampai dipecat,” ceuk Arsan, Kemis 16 November 2023.

Demi pancén salaku Pajabat Bupati anu geus dipetokeun ku pamaréntah puseur ka dirina, Arsan ngajéntrékeun boga kawajiban ngawal pesta demokrasi di wewengkon. Enggoning pancénna, sahenteuna aya dua tugas utama anu diamanatkeun pikeun ngawal gelaran Pemilu 2024.

“Saya selalu menekankan seluruh ASN Bandung Barat untuk menjaga netralitas. Salah satu tugas yang diinstruksikan kepada Pj Bandung Barat itu mengawal pelaksanaan Pileg dan Pilpres serta menjaga netralitas ASN,” jéntréna.

Lian ti éya, Arsan ngajamin nepikeun ka mangsa ieu tacan aya ASN KBB anu katangén atawa kacatet ngalakukeun parempakan. Kalayan konsisten, netralitas ASN ieu téh ditepikeun saban aya kagiatan.

“Sejauh ini masih aman. ASN Bandung Barat itu kan loyal kepada peraturan perundang-undangan, sehingga terhadap netralitas ASN ini saya selalu mengingatkan,” caturna.

Kalayan tandes Arsan nyaturkeun, sok sanajan katimu kateunetralan ASN, anu kakait bakal dilaporkeun tur diproses ngaliwatan Komisi ASN (KASN) anu baris nganilé jeung mibanda kawenangan pikeun méré tindaka.

“Ada lembaga yang memiliki kewenangan atas pelanggaran-pelanggaran ASN. Ada sanksi. Itu sudah jelas. Kita sudah sadarkan betul,” pungkasna.

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan