Kiwari.co.id – Mimiti April 2025 mah, aturan tilang kandaraan panganyarna baris lumaku, mun téa mah kandaraan nu boga Surat Tanda Nomor Kendaraan (STNK) paéh leuwih ti dua taun baris langsung dijabel. Aturan ieu téh dilumakukeun pikeun mastikeun kanurutan pangandara dina merpanjang STNK minangka bukti légalitas kndaraan nu maké motor.
STNK téh mibanda fungsi penting minangka bukti kapamilikan, identifikasi kandaraan, jeung pamayaran pajeg. Ku kituna, pangendara mah diwajibkeun pikeun merpanjang STNK saban taun tur nganyarkeun data kandaraan saban lima taun. Mun seug STNK paéh leuwih ti dua taun tanpa pamanjangan, mangka éta kandaraan mibanda rasiko dijabel tur datana dipupus tina daftar registrasi.
Ieu aturan téh kauger dina Pasal 74 UU No. 22 Taun 2009 jeung Pasal 1 sarta Pasal 43 Perpol No. 7 Taun 2021, anu ngatur ngeunaan registrasi jeung identifikasi kandaraan nu maké motor. Dina paraturan ieu mah, nu boga kandaraan anu teu ngalakukeun pamanjangan STNK dina dangka waktu dua taun baris meunang sanksi administratif mangrupa pangjabelan kandaraan jeung pangmapusan data registrasi kandaraan.
Prosés Pangingetan Saméméh Pangjabelan
Saméméh kandaraan dijabel téh, pihak kapulisian baris méré tilu kali pangingetan ka anu boga kandaraan:
.Pangingetan munggaran:
Tilu bulan saméméh pangmupusan data.
. Pangingetan kadua:
Sabulan sanggeus pangingetan munggaran, lamun taya tanggapan.
. Pangingetan katilu : Sabulan sanggeus pangingetan kadua, mun seug taya respons.
Lamun seug pangingetan katilu taya waé tanggapan ti nu boga kandaraan, mangka kandaraan baris dijabel tur data registrasina dipupus.
Cara Pamanpanjang STNK
. Pamilik kandaraan digero pikeun merpanjang STNK meneran mangsa sangkan teu kakeunaan sanksi pangjabelan.
. Pamanjangan STNK taunan bisa dilakukeun kalayan online ngaliwatan aplikasi SIGNAL, sedengkeun pikeun pamanjangan lima taunan, nu boga kandaraan kudu ngadeugdeug kantor Samsat pangdeukeutna kalayan mawa kandaraan pikeun pamariksaan fisik.
Dokumen anu Diperelukan
Pikeun merpanjang STNK, pamilik kandaraan kudu mawa sababaraha dokumen, kayaning:
. Pamanjangan taunan: KTP jeung bukti pamayaran pajeg (TBPKP).
. Pamanjangan lima taunan: KTP, Buku Pemilik Kendaraan Bermotor (BPKB), jeung kandaraan pikeun pamariksaan fisik.
Ku diterapkeunana aturan ieu, diharepkeun pangendara bisa leuwih disiplin dina merpanjang STNK, muguhkeun kendaraan tetep kadaftar kalayan sah, jeung nyingkahan sanksi pangjabelan.
Ropéa basa: Agus Rohmat