*Babasaan*
* _Ambek nyedek tanaga midek*_
Hartina : Napsu atawa amarah anu gedé tapi teu bisa kabudalkeun.
Conto kalimah :
Pamustunganana Bah Rowi ukur bisa kekerot nahan amarahna bari humarurung, hayang ngalawan tapi geus taya kakiatan, ahirna teu walakaya najan dicacampah musuhna ogé. Istuning “ambek nyedek tanaga midek”.