Ngan saukur 40 % barudak di Jawa Barat anu mikaweruh jeung bisa basa Sunda. Ieu data beunang tina hasil panalungtikan Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat (BBPJB) Kamentrian jeung Kabudayaan RI.
Ieu data nuduhkeun yén teu pamohalan Basa Sunda bisa sirna kawas basa wewengkon di Papua. Nurutkeun panaliti ti BBPJB, Ade Mulyanah, perséntaseu ieu ti budak anu kolotna katurunan Sunda.
Basa Sunda mingkin teu dipiwanoh katut dicangkem ku barudak lain katurunan Sunda. Ade nyaturkeun ancaman panurunan jumlah pangguna basa Sunda alatan kolot-kolotna teu ngabiasakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé.
Nonoman ayeuna ogé remen nganggap yén basa wewengkon ngarupakeun perkara anu kuno sarta tinggaleun jaman.
“Antukna, kolot nyepeng bagéan anu kalintang ageungna dina ngamumulé basa Sunda,” catur Ade.
BBPJB remen ngalakukeun sosialisasi panggunaan basa wewengkon katut basa Indonesia ka sakola-sakola. Catur Ade, helaran pasanggiri duta basa provinsi Jabar anu dipancénkeun nyebarkeun kacintaan kana basa ogé mimiti diremenkeun.
BBPJB remen ngampanyeukeun “Basa wewengkon, basa Indonesia itu wajib, basa deungeun ogé perelu!”. Ade miharep ku nuwuhkeun pamaliré rahayat kana basa wewengkon sorangan, sangkan rahayat teu wegah pikeun ngagunakeun basa wewengkonna sorangan.