Ciamis, Kiwari.co.id – Gunung Sawal mangrupakeun hiji-hijina gunung pangluhurna jeung panglegana anu aya di Kabupatén Ciamis. Salian dieusi satwa langka anu ditangtayungan, di jerona ogé mibanda boga rusiah anu narik pikeun di pedar. Sakumaha ayana bénténg témbok panjang anu ngembat tepika welasan kilométer.
Anu resep naék Gunung Sawal, tangtuna geus teu bireuk kana bénténg témbok éta.
Éta témbok ayana di tengah jalur pandakian anu ngembat di 3 blok ti Désa Cipaku, Désa Bangbayang jeung Désa Sukawening, Kacamatan Cipaku.
Éta témbok kocap mibanda panjang sakitar 12 kilométer kalayan luhurna sakitar leuwih ti saméter jeung lébar sakitar 50 séntiméter.
Dina panglanglangan, témbok éta katara masih tohaga dilimpudan ku tuwuhan lukut héjo.
Dedi Ardi, Kuncén Gunung Sawal anu pangsiunan Polhut (BKSDA) ogé ngajéntrékeun, lamping témbok éta diwangun sakitar taun 80-an. Pangwangunan bénténg éta lain tanpa alesan, tapi mibanda guna anu kacida vital.
“Benteng ini dibangun tepat di batas antara lahan hutan warga dengan Perhutani dan suaka margasatwa Gunung Sawal. Dibangun tahun 82 kalau tidak salah,” catur Dedi, ka detikJabar, Salasa (28/5/2024).

Lalaki anu mancén salila 27 taun salaku polisi hutan di Gunung Sawal ieu nyaritakeun, baheula réa sato hama kayaning bagong turun ka pamukiman warga. Sato-sato éta ngajadikeun masarakat hariwang lantaran ngaruksak pepelakan. Masarakat ogé hariwang inggis sato éta narajang jalma.
Pikeun ngungkulan hal éta, masarakat ragem mutuskeun pikeun ngawangun bénténg témbok. Tujuanana pikeun nyegah sato asup ka pamukiman warga. Sanajan jarak pamukiman warga jeung suku gunung cukup jauh.
“Panjangnya 12 kilometer dari Desa Cipaku, Desa Bangbayang dan Sukawening,” ungkabna.
Salila prosés pangwangunan, sakur masarakat ti sababaraha kalangan utamana anu aya di suku gunung réréongan Maranéhna haget ngawangun bénténg pangwates éta. Sedengkeun kaom awéwé nyadiakeun kadaharan pikeun warga anu ngawangun bénténg.
“Pokoknya masyarakat bergotong-royong semua kompak membangun tembok ini. Alhamdulillah kondisi aman, hewan tidak lagi turun gunung ke permukiman warga,” ceuk Dedi Ardi.
Samentara éta, Kapala Désa Sukawening Hendi Hermawan ngabenerkeun ayana lamping témbok anu panjang di Gunung Sawal. Fungsina pikeun nyegah ayana satwa anu turun gunung.

“Benar, dulu pada massanya pernah viral. Itu benteng pembatas hama, sekaligus batas wilayah antara Perhutani dengan hutan masyarakat,” pokna.
Pangwangunan bénténg éta geus cukup lila tur geus sababaraha kali ganti kapala désa. Diwangun munggaran program pamaréntah pikeun ngawangun fasilitas balaréa, satuluyna digarap masarakat kalayan gotong royong.
Pangwangunan tina mawa material ka gunung satuluyna dibangun bababrengan.
“Dulu batasnya itu kan parit, kemudian dibangun benteng. Untuk panjangnya kurang tahu, tapi yang ada di Desa Sukawening memang sampai beberapa kilometer,” pungkasna.
Kontributor: Agus Rohmat