Bandung Barat, Kiwari.co.id – Hujan ngagebrét ngaguyur wilayah kidul Kabupatén Bandung Barat (KBB), Jawa Barat ngabalukarkeun caah déngdéng di dua kacamatan dina Ahad (24/3/2024) peuting.
Caah anu narajang kalayan dak dumadakan éta narajang tur ngaruksak pamukiman, lahan pasawahan bogana warga, katut ngagerus sasak di Walungan Cijambu. Dua kacamatan anu kabalukar caah déngdéng éta di antarana Kacamatan Cipongkor ngalimpudan désa Cibenda, Sirnagalih, Baranangsiang jeung Désa Cijambu sedengkeun di Kacamatan Rongga ngalimpudan désa Cibitung jeung Sukaresmi.
“Info sementara 10 rumah di desa Sirnagalih terendam, 1 rumah terancam longsor, puluhan hektar sawah di sepanjang Sungai Cijambu rusak berat,” ungkab Ketua Trapawana Jawa Barat David Riksa Buana ka Kompas.com mangsa dihubungan.
Salian ngaruksak pamukiman jeung lahan pasawahan warga, caah déngdéng ieu ogé nyababkeun urug di Désa Cibenda. Longsor éta ngaruang sababaraha hiji imah warga, masyarakat mangsa ieu masih ngusahakeun ngaevakuasi korban anu kapahung urug.
“Kabarnya ada warga yang menjadi korban, untuk jumlahnya belum tahu. Namun saat ini kita fokus pada penyelamatan,” ceuk David. Organisasi anu usik di sektor lingkungan hirup éta geus mangtaun-taun ngajalankeun panalungtikanana di wewengkon Bandung Barat bagian kidul.
Salila éta maranéhna manggihan ayana parobahan ekologi anu nuduhkeun ayana karuksakan di sapanjang walungan Cijambu.
“Banjir bandang sebesar ini baru kali pertama terjadi, ini menunjukkan bahwa morfologi sungai Cijambu sudah rusak,” pokna
Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB