Lembang, Kiwari.co.id – Geus kakoncara wewengkon Lembang, Kabupatén Bandung Barat, Jawa Barat, mibanda hawa tiis seger. Teu hémeng mun para wisatawan, utamana ti Jakarta, paheula-heula ka dinya dina akhir pekan. Malahan mun aya event, tatali marga jadi super padet. Hotel di sabudeureun Lembang ogé pinuh. Najan kitu, para padongdon tetep datang ka Lembang sanajan kudu daék mamacétan. Miang tina kondisi éta, Orchid Forest Cikole nyieun inovasi anyar. Maranéhna nyieun venue camping rasa hotel di area Vanda anu aya di tengah leuweung pines anu tiis seger kalayan jukutna nu héjo.
Ngan maranéhna teu hayang nyieun tempat camping biasa. Aktivitas camping di alam kabuka dipadukeun jeung wanda kaméwahan ala hotel bintang. Ada ténda lapis panghaneut, kasur hipu nepika amenities lianna keur ngalengkepan katumaninahan mangsa kémah.
“Ada 100 tenda yang akan dipersiapkan dengan fasilitas standar hotel,” ceuk CEO Orchid Forest Cikole, Barry Akbar di Bandung, Saptu (3/8/2024). Inyana miharep ayana pop up camping rasa hotel anu dibéré titel Orchid Forest Cikole x The 101 Hotels ieu diharepkeun jadi opsi anyar pikeun para padongdon anu hésé néangan hotel mangsa pelesiran di wewengkon Lembang.
Camping rasa hotel bintang
Najan vibes-na camping di alam kabuka, Barry mastikeun para tamuna baris meunang pangalaman staycation sakumaha di hotel bintang. Fasilitas ciamik ieu bisa para tamu pinikmat kalayan kasayagian mumuluk isuk anu ngawaregkeun, alat mandi, ténda anu pantes, nepika pamesenan dinner mangsa tamu ditarajang rasa lapar.
Samentara éta, Marcia Tirtawisata salaku Vice President Brand & Development PHM Hotels (Panorama Hospitality Management) nambahkeun, kolaborasi ieu baris méré pangalaman anyar.
“Di mana camping bisa sangat conncecting dengan alam dan disconnect dengan hal-hal yang berbau digital. Jadi saat camping, para tamu bisa sejenak lepas dari HP dan bisa menikmati healing yang sebenarnya di area hutan pinus dan anggrek,” ucapna.
Teu perlu inggis ku hawa tiris anu ngerekeb, Marcia mastikeun yén sabap ténda baris dilapisan material panghaneut, double simbut nepika kasur anu kacida hipu. Malahan di area Vanda anu hawa seger éta, baris disadiakeun lobi pikeun kalancaran proses check in jeung check out.
Ropéa basa: Agus Rohmat