Cara Ngajukeun Sertifikat Tanah Gratis 2025, Ieu Syarat jeung Katangtuan Lengkepna

Kiwari.co.id – Program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) mangrupakeun inisiatif pamaréntah pikeun méré jaminan kapastian hukum kana kapamilikan tanah keur masarakat kalayan gratis. Program ieu téh mibanda tujuan ngurangan pacéngkadan tanah tur ningkatkeun kasajahteraan masarakat kalawan méré bukti kapamilikan anu sah.
 Naon PTSL téh?
PTSL nyaéta program nasional anu disalenggarakeun ku Kamenterian Agraria jeung Tata Ruang/Badan Pertanahan Nasional (ATR/BPN). Program ieu mah fokeus kana pangdaftaran tanah kalayan ragem di sakuliah Indonesia, sahingga sakur widang tanah dina hiji wewengkon bisa mibanda sertifikat resmi. Saprak diguluyurkeun dina 2018, PTSL téh geus ngabantu jutaan urang meunang sertifikat tanah kalayan gratis tur bakal terus nuluy tepi ka taun 2025.
 . Manfaat PTSL Méré Kapastian Hukum
 Kalawan mibanda sertifikat tanah, pamilik meunang bukti hukum anu kuat.
 . Ngurangan Pacéngkadan Tanah
 Sertifikat tanah ngagiwarkeun tina konflik kapamilikan dina mangsa ka hareupna.
 . Ngagampilkeun Akses Kredit
 Sertifikat tanah bisa digunakeun minangka jaminan dina pangajuan kredit perbankan.
. Ngarojong Pangwangunan Nasional
 Data patanahan anu valid ngabantu pamaréntah enggoning parancanaan tata rohang katut pangwangunan .
 Syarat Pangajuan Sertifikat Tanah Gratis ngaliwatan PTSL
Pikeun milu ieu program, pameredih téh kudu nyumponan parsyaratan ieu:
. Warga Negara Indonesia (WNI) anu mibanda tanah anu tacan maké sertifikat.
 . Tanah anu dipibanda teu keur dina pacéngkadan hukum.
 . Tanah aya di wewengkon anu asup kana program PTSL (bisa dikonfirmasi di kantor désa atawa kantor patanahan di dinya) .
 Dokumen anu perelu disayagakeun
 . Fotokopi Kartu Tanda Penduduk (KTP) jeung Kartu Keluarga (KK).
. Surat pameredih pangajuan PTSL.
 . Bukti kapamilikan tanah (letter C, girik, petok D, atawa akta jual beli/hak waris).
. Surat panétélaan pamasangan tanda wates anu geus dimupakatan reujeung nu boga tanah wawatesan.
 . Berita acara kasaksian ti dua saksi anu mikanyaho sajarah kapamilikan tanah.
. Surat pemberitahuan pajak terutang-Pajak Bumi jeung Bangunan (SPPT-PBB) taun jalan .
. Bukti setor Bea Perolehan Hak atas Tanah dan Bangunan (BPHTB) (meunang dibébaskeun pikeun masyarakat nu boga panghasilan handap).
 Tahapan Pangajuan Sertifikat Tanah Gratis
 Pangdaftaran
. Ngajukan pameredih di kantor désa/kalurahan atawa kantor patanahan di dinya .
. Milu panyuluhan anu disalenggarakeun ku Badan Pertanahan Nasional (BPN).
 Pangukuran Tanah
Pamancén ti BPN baris ngalakukeun pangukuran widang tanah jeung pamasangan tanda wates luyu jeung data anu dibikeun pameredih.
 Verifikasi Data
. Pamancén ngalakukeun pamariksaan dokumen kapemilikan tanah tur ngalakukan validasi pikeun muguhkeun taya pacéngkadan atawa kapamilikan ganda .
 Sidang Panitia A
. Proses ieu ngalibetkeun pamariksaan administrasi jeung béwara daftar tanah anu geus disertifikasi salila 14 poé keur méré kasempetan pikeun pihak séjén ngajukeun kabeuratan mun aya pacéngkadan .
 Panerbitan Sertifikat Tanah
 Sanggeus sakur tahapan kacumponan tur taya kabeuratan, sertifikat tanah baris dipedalkeun tur dibikeun ka pamilik anu boga hak.
 Enya PTSL 100% Gratis?
Waragad anu ditanggung pamaréntah dina program PTSL nyoko:
. Panyuluhan ka masarakat.
. Pengumpulan data fisik jeung yuridis.
. Pengukuran tanah jeung verifikasi data.
. Pamedalan sertifikat tanah.
Ngan, aya sababaraha wargada anu masih jadi tanggungan masyarakat, kayaning:
 . Panyieunan jeung pamasangan tanda wates tanah.
. Waragad administrasi keur dokumen pangrojong, kayaning fotokopi jeung meterai .
. BPHTB jeung PPh, lamun teu asup kana kategori masyarakat boga panghasilan handap.
 Estimasi Waragad Tambahan (Dumasar SKB 3 Menteri 2017)
Waragad tambahan anu perelu disayagikeun teu sarua di saban wewengkon, diantarana:
. Kategori I (Papua, Papua Barat, Maluku, NTT): Rp450.000.
. Kategori II (Sulawesi Tengah, NTB, Bangka Belitung, Kepri): Rp350.000.
. Kategori III (Aceh, Sumatera Utara, Kalimantan Timur, Kalimantan Barat): Rp250.000.
. Kategori IV (Riau, Jambi, Sumatera Selatan, Lampung): Rp200.000.
. Kategori V (Jawa dan Bali): Rp150.000.
Éta waragad digunakeun pikeun kapereluan administratif di tingkat désa jeug kalurahan sarta operasional pamasangan tanda wates.
 Pabéda PTSL jeung Prona
PTSL jeung Prona mangrupakan program sertifikasi tanah gratis, ngan mibanda larapan anu béda:
Prona mah saukur ngukur tanah anu geus kadaftar, sedengkeun PTSL ngalakukeun pangdataan kalayan sagemblengna di hiji wilayah/wewengkon.
PTSL mah leuwih sistematis tur boga basis wilayah, sedengkan Prona teu mibanda larapan sistematis.
Mangsa ieu, Prona geus kaintegrasi jeung PTSL, sahingga pameredih cukup ngiluan PTSL pikeun meunang sertifikat tanah.
Program PTSL méré kagampilan keur masyarakat pikeun meunang sertifikat tanah kalawan gratis. Ku nyumponan pasyaratan katut milu prosedur anu geus ditetepkeun, masyarakat bisa meunang sertifikat tanah anu sah tanpa kudu ngaluarkan waragad gedé.  Sok sanajan aya waragad tambahan keur sababaraha kapereluan administratif, program ieu téh tetep jadi solusi panghadéna pikeun meunang kapastian hukum kana kapamilikan tanah.
Pastikeun pikeun sagancangna ngaroris naha wewengkon geus asup dina program PTSL 2025 tur sayagikeun dokumen anu diperelukan sangkan pangajuan sertifikat tanah bisa diproses kalayan lancar.
Ropé basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan