Catur Bupati Sukabumi sual Maung Jawa Anu Kaindikasi Tacan Musnah

Sukabumi, Kiwari.co.id – Bupati Sukabumi, Marwan Hamami méré komentar sual hasil riset ayana maung Jawa anu kaindikasikeun tacan musnah. Marwan ngungkabkeun carita WWF, sual Geopark di taun 2016 kalarung.

Marwan ogé ngajéntrékeun sual ayaha éta sato di Sukabumi nandakeun sabagian gedé alam di Sukabumi lastari kénéh.

 

“Masih lestari kita memang di dalam situ, tapi habitat itu sebenarnya kan baru bisa ketahuan itu setelah dipasang kamera-kamera pengintai atau kamera trap saya yakin (bisa terlihat) lebih banyak lagi,” ceuk Marwan disela kagiatan Hari Bumi anu digelar di Kantor Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupatén Sukabumi, Kemis (25/4/2024).

 

Marwan nyontokeun dina taun 2016 katukang, mangsa di Geopark Taman Nasional. Harita, habitat anu aya di kawasan éta kaungkab, kaasup pituduh ayana Maung Jawa.

 

“Geopark itu akan diberi oleh Taman Nasional, 10 ekor Banteng betina kemudian 3 ekor jantan, pokoknya 15 kalau enggak salah, itu dibatalkan gara-gara WWF menyimpan kamera di Hutan Cibabi itu terdeteksi harimau penampakan, pertama 2016,” ceuk Marwan.

 

“Dan itu aya tapak oge (jejak juga), antara kaki depan dan kaki belakang tuh 2 meter bayangkan segede kumaha (sebesar apa) itu realita, Jadi bukan berarti wah sudah tidak ada belum tentu, karena banyak daerah kita yang belum terekspose secara baik karena keterbatasan tadi, sumber daya manusia atau lain,” sambung Bupati Marwan.

 

Marwan ogé nyaritakeun baheula kungsi reujeung kulawargana masang kémah di wewengkon Kadudampit. Harita, kalayan teu ngahaja toropong moro anu dibawana némbongkeun tangtungan macan.

 

“Saya terakhir di kadudampit apa camping sama anak-anak itu macan hitam itu aclokan-aclokan (loncat-loncat) tiga, kalau ada kamera malam bisa, tapi saya pakai kamera berburu tidak terdeteksi, tapi sayangnya tidak bisa ngarekam,” caturna.

Bulu Maung Jawa Sukabumi anu Ditalungtik BRIN Foto: Istimewa

Edukasi Deui Masarakat

Sual ayana Maung Jawa anu kaindikasi tacan musnah, Marwan nyaturkeun pereluna edukasi ka masarakat. Kumaha masarakat bisa hirup babarengan jeung éta sato.

 

“Perlu ada edukasi ke masyarakat, jangan asal maen paehan wae (membunuh), itu yang dikhawatirkan. Karena memang menyangkut nyawa, menyangkut hal-hal itu, masyarakat tidak tahu bahwa itu harimau sudah mau punah, sudah dianggap punah, sudah dikasih tahu tah, tapi perlu edukasi, yang tapi tidak mudah menjawabnya,” bébérna Marwan.

 

Kontributor: Agus Rohmat

Ropéa Basa: RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan