Cimata Maleman Takbir

Wanci pasosoré mangsa layung mimiti hibar di tegalan tengah lembur nu biasa pang ulinan barudak mapag buka geus ramé ku budak nu keur nyarengeut lodong.Teu katinggaleun Jaya nu milu ngababurit di éta tegalan, ngan manéhna mah misahkeun manéh jeung batur teu milu ulubiung suka bungah ngariung jeung nu lian.Manéhna ukur nyerangkeun ti kajauhan sakapeung muringis nutupan ceulina.
“Kaditu siah manéh mah teu udunan meuli karbit tong pipilueun hayang lalajo!” Gorowokna hiji budak maledog ka Jaya.
“Baé antepkeunlah budak teu boga bapa mah asal tong nyampeurkeun ka dieu!” Pokna baturna
Jaya diomongan kitu ukur mundur teu ngalawan ngarumasakeun manéhna taya kaboga. Bororaah keur udunan keur buka puasa gé sakapeung mah ukur jeung kucék céngék wungkul, gerentesna.
Keur jongjon barudak téh saruka bungah, ringkang-ringkang tembong abringan kolot nu angkaribung barangbawa jiga nu balik ti panyabaan.
“Horé si bapa datang!” Barudak nu tadi ngariung sapada harita birat lumpat mapag bapana nu marulang usaha ti kota, nyoro babawaan nu dibawa ku bapana séwang-sewangan.
Jaya ngaléos ninggalkeun eta patempatan. Lain pédah eunggeusan lalajo nyeungeut Lodongna, tapi ngahelas ningali batur mah nu atoh bapana marulang rék lalebaran.
“Naha ari uing teu boga bapa kitu? Naha si Ema can méré nyaho jujutan dimana , saha ,urang mana, jumeneng kénéh teu bapa uing téh?” Galécokna batin disatengahing rék mulang buka.
Bedug geus disada, nu adzan mimiti réang silihtembal di unggal masid tanda cundukna puasa panungtungan dibulan éta.
Jaya geus meneko sila nyanghareupan kéjo nu ditumpangan ku témpé dua keureut jeung doléwak sambel goang geus dialas na piring, nu teu meunang ménta lamun can seubeuh.Tapi pikeun Jaya teu ngarasula, nu penting eusi jeung puasana cacap sabulan.
Tapi hiji nu matak ngaganjel kana pikirna Jaya nu teu wani pok nanya ka Indungna. Nyaéta laratan nu jadi bapana.
“Uing geus teu sabar hayang nanyakeun saha jeung dimana bapa uing sabenerna? Ngadagoan balaka mah teuing iraha!” Gerentes Jaya, tembong alum paromanna.
Ba’da isa geus réang nu Takbir , Jaya lain ka masjid, manéhna ngadon ngajentul diuk na sisi dipan bari nginghak ceurik seuseuitan.
Sup indungna asup ka kamar hariwangeun ku budakna nu teu kaluar-kaluar ti tos buka.
“Jang kunaon ceurik?” Pokna Indungna Jaya.
“Ema moal bendu upami Jaya naros!” Jaya teu eureun nginghak
“Naros naon, Jang?” Tembal indung na bari ngusapan sirah Jaya
“Ma.. Ari Jaya gaduh bapa jiga batur teu? Mun gaduh, Saha jeung ayeuna aya dimana?” Jaya ngarangkul indungna nu teu nyangka rék ditanya kitu.
Indungna teu nembal. Manéhna ngadon milu ngabangingik ceurik bari nyiuman sirah Jaya.
“Jang ..kasep , hampura ema bageur! Ku ayeuna mah moal bisa dijawab éta pertanyaan téh!” Tembal indung Jaya beuki pageuh nangkeup Jaya nu dihujanan ku cimata indung nyakclakan murubut maseuhan sirahna…
Geus teu wani deui nanyakeun ningali nu jadi indungna ngaguguk ceurik mah, leungit kapanasaran jaya, kasilih ku teu téga ka indung. Manéhna satékah polah nyumputkeun rasa tinimbang ngaraheutkeun haté indungna.
Balebat geus hibar, jalma geus loba pating araleut ngabring ka lapangan tempat nu biasa di lembur Jaya ngalaksanakeun sholat sunat ied. Teu tinggaleun Jaya nu naklék ditungtun ku indungna.
“Ma..Batur mah aralus baju kokona nya! Naha nu Jaya mah keur belel téh geus ngatung?” Jaya cumarita bari ningalian bajuna.
“Jang, kasep! Lain ku baju alusna katampa ibadah téh, ku beresih jeung iklas urang ngala ksanakeunna!” Tembal indungna bari haté mah ngajerit, rumasa teu mampu meuli salin keur budakna.
“Ma..Bagja nya lamun angkat téh ujang ditungtung ku Ema jeung ku Bapa?” Teu sadar Jaya jol kedal ucap kitu pedah ningali batur sapantarna meni layeut ditungtun ku indung Bapana.
“Geus ah, tong ningali batur waé, hayu anguran geura néangan tempat nu rada iuh bisi kaburu ku batur!” Indung Jaya nyalénggorkeun pananya budakna.
Jaya ngabetem teu ngomong deui, manéhna gé reuwas kacalétot ucap.
Sorot panon hiji lalaki nyerangkeun Jaya jeung indung kahalangan dua baris makmum. Sorot nu pinuh kasono, sorot nu pinuh kaduhung, sorot rumasa geus tamelar.
“Teu karasa kuring ninggalkeun Tati geus tujuh taun, kuring yakin ieu budak kuring nu ditinggalkeun baheula keur umur tilu taun téh! Jaya hampura bapa, ieu Bapa aya tukangeun hidep!” Teu karasa, geus teu ngukur ka kujur ku dedegna lalaki nu jangkung gedé, éta lalaki ngaguguk ceurik nutupan beungeutna dibarengan ku sora Takbir minuhan lapangan.
“Asholatu jamiah..Asholatu jamiah..Asholatu jamiah !” Bilal ngélingan jamaah sholat Sunat dimimitian.
Jaya céngkat tatan-tatan nuturkeun Imam nu geus ngadeg nangtung. Tukangeun manéhna hiji sorot mata nu juuh kénéh ku cimata geus saléngkah-lengkaheun rék ngadeukeutan jajaran Jaya, hanjakal kapiheulaan ku batur nu sarua hayang tukangeun imam.
Niat hayang noél ka Jaya tapi Imam kaburu ngamimitian Takbir Sholat.
Jaya Khusu Sholat nuturkeun Imam sedengkeun lalaki nu tukangeun salama sholat teu eureun ngararagkeun cimata geus asa hayang gabrug-gabrug wé ka Jaya.
Lubar sholat diteruskeun kana Tausiah, Tausiah beres disambung waktuna sasalaman Sirahturahmi. Jaya rikat muru nu jadi imam salaku Guru ngajina rék sasalaman ménta dihampura. Padahal eta lalaki nu tukangeun geus rék gep ngarangkul. Nyamos deui, pikirna.
Tati ukur bisa ngadagoan ti kajauhan teu bisa maturan nu jadi anakna ceceléngcengan sorangan nguriling ménta dihampura ka jamaah nu ngajajar ngabaris.
Antaian geus nepi ka lalaki nu ti tatadi geus teu sabar hayang ngarangkul Jaya nu teu eureun nyungkem katiap jalma bari rembey ku cimata.
Anjog kahareupeun manéhna teu antapwarah jol gep Jaya dirangkul bari digalentoran diciuman ditangkeup pageuh .
Jaya reuwas, tapi naha manéhna teu barontak malahan seseleket rasa nu tingtrim na haténa.
“Ieu Bapa,Kasép!” Éta lalaki ngaguguk ngarangkul Jaya.
“Saha ieu téh?” Jaya nembal, biwir kedal tapi tingkah beuki pageuh ngarangkul males éta lalaki.
“Hampura Bapa kasep! Ieu Bapa nu geus tamelar ka hidep!” Éta lalaki rikat mangku Jaya ngajauhan jalma loba.
Tati reuwas geuwat ngudag ningali budakna aya nu mawa. Teu maliré mukena nu masih kénéh napél can dilaan.
“Hey..rék dibawa kamana Anak, kuring!” Tati ngagorowok.
Rék nu mangku Jaya ngarandeg sapada harita ngadengé sora Tati. Ret éta lalaki malik katukang lalaunan. Gebeg Tati ngagebeg reuwas, teu sadar kaluar ucap hiji ngaran kedal na biwirna.
” Kang Kanta!” Tati calangap teu percaya. Rasa pagaliwota antara Atoh keuheul jeung sono ngalebur ngajadi hiji.
“Ema..Saha, ieu! Bener Bapa Jaya?” Jaya cumarita, Teuing kumaha geuning leungeunna mah ngarangkul pageuh bangun embung leupas ka nu disebur Kanta ku Tati.
Tati teu ngajawab. Manéhna ukur unggeuk disusul ku cimatana nu murubut teu katahan.
“Bapaaa..Tong ngantunkeun Jaya deui! Jaya hoyong ngempel sareng bapa ngarah teu disangki Jaya teu gaduh Bapa!” Jaya nangkeup embung leupas Kanta
Jaya jeung Kanta silihrangkul ceurik paungku-ungku, Tati nutupan beungeutna sarua ceurik, teuing kumaha manéhna…Tamat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan