SampurasunWartaWarta Internasional

Diskon Listrik 50% Ahir Mangsa Tapi kWh Masih Nyésa Réa kénéh Naha Bakal Hangus? Ieu Panétélaan PLN

Ilustrasi Méreran KWH Token. Diskon Listrik 50% akhir mangsa tapi kWh masih réa sésa kénéh naha bakal hangus? Ieu panétélaan PLN

Kiwari.co.id – Ti saprak mimiti dipedalkeun dina 1 Januari 2025 kalarung, tepi ka poé Rebo 8 Januari 2025 téh, geus saminggu program diskon tarif listrik PLN gedéna 50 persén anu nyasar 81,4 juta umpi di Indonesia ieu dilingsirkeun. Menteri Keuangan Sri Mulyani nyaturkeun, diskon tarif listrik gedéna 50 persén anu baris lumangsung nepi ka 28 Februari 2025 ieu téh mibanda tujuan pikeun nyalindungan daya beuli masarakat balukar kanaékan pajak pertambahan nilai (PPN) jadi 12 persén. Ngan ku kituna, Sri Mulyani ngajéntrékeun diskon listrik 50 persén téh teu dibikeun ka sakabéh palanggan listrik. Tapi saukur lumaku keur palanggan listrik PLN kalayan daya 450 VA, 900 VA, 1.300 VA jeung 2.200 VA. Tur éta hartina, palanggan listrik PLN di luar tegangan 450 VA nepi ka 2.200 VA moal bisa meunang diskon tarif listrik gedéna 50 persén. Terus kumaha carana meunang diskon tarif listrik 50 persén éta téh?

Sri Mulyani mertélakeun, palanggan teu perlu ngalakukeun nanaon keur ngameunangkeunana. Diskon tarif listrik 50 persén gedéna baris otomatis meunang mangsa palanggan ngakukeun pamayaran tagihan (palanggan sistem méteran) atawa ngalakukeun top up (palanggan sistem token). Jéntréna, palanggan listrik sistem méteran anyar bisa ngarasakeun diskon listrik 50 persén dina mangsa mayar tagihan dina bulan Februari keur pamakéan Januari jeung dina bulan Maret keur pamakéan Februari. Sedengkeun palanggan listrik PLN anu ngagunakwun sistem token mah saprak program diskon digulirkeun dina 1 Januari 2025 kalarung geus bisa ngbeunangkeunana.

Skema diskon listrik 50 persén dibikeun ka para palanggan sistem méteran téh mun dina tagihan katulis kudu mayar Rp100 rébu mangka cukup ngan saukur mayar Rp50 rébu baé. Tuluy Rp200 rébu cukup Rp100 rébu, kitu deui seterusna.

Sedengkeun diskon listrik 50 persén keur palanggan token lain hartina ngalakukeun top up atawa meuli Rp100 rébu ngan saukur mayar Rp50 rébu. Tapi skema diskon dibikeun téh mun seug meuli Rp100 rébu mangka baris meunang kWh satara jeung Rp150 rébu. Kitu ogé anu ngalakukeun top up gedéna Rp200 rébu baris meunang jumlah kWh satara meuli Rp300.000. Meuli 300 rébu baris meunang kWh satara Rp450 rébu. Kitu ogé saterusna.

Simulasi Pameulian Token Saméméh jeung Sanggeus Diskon Listrik

1. Palanggan kalayan daya 450 VA (subsidi) mun normalna mangsa ngalakukeun pameulian token Rp50 rébu meunang 116 kWh, mangka sanggeus diskon 50 persén mah baris meunang 233 kWh.

2. Palanggan anu daya 900 VA mun normalna mangsa ngalakukeun pameulian token Rp100 rébu meunang 74 kwh, mangka sanggeus diskon 50 persén téh baris meunang 148 kwH

3. Palanggan anu dayana 1.300 VA mun normalna mangsa ngalakukeun pameulian token Rp200 rébu téh meunang 138 kwh, mangka sanggeus diskon 50 persén bakal meunang 276 kwH.

4. Palanggan kalayan daya 2.200 VA mun normalna mangsa ngalakukeun pameulian token Rp200 rébu meunang 138 kwh, mangka sanggeus diskon 50 persén baris meunang 276 kwH.

Wates Maksimal Pameulian Token Listrik

Sanajan kitu, Direktur Utama Darmawan Prasodjo ngajéntrékeun, diskon listrik 50 persén keur palanggan token teu bisa dilakukeun sadaékna, lantaran aya wates maksimal pameulian anu teu sarua di sakur palangganana. Anapon wincikan salengkepna watesan maksimal pameulian diskon listrik PLN kieu:

Palanggan kalayan daya 450 VA: Rp67 rébu per bulan (324 kWh) Palanggan kalayan daya 900 VA: Rp438 riébu per bulan (648 kWh) Palanggan kalayan daya 1.300 VA: Rp676 rébu per bulan (936 kWh) Palanggan kalayan daya 2.200 VA: Rp1,14 juta per bulan (1.584 kWh)

Diskon Listrik Akhir Mangsa Naha Sésa kWh Bakal Hangus?

Réa muncul pananya mun program diskon listrik 50 persén enggeusan dina 28 Februari 2025 tapi kWh di méteran masih réa sésana naha bakal hangus? Jawabanana mah nyaéta kWh anu teu béak atawa nyésa sanajan liwat mangsa stimulus atawa tepi ka 28 Februari 2025 moal bakal hangus. Hartina, sésa token tetep bisa digunakeun satuluyna tepi ka béak sorangan luyu jeung pamakéan.

“Pembelian token dengan diskon tersebut bisa digunakan kapan saja dan tidak akan hangus ya,” kitu panétélaan anu dicutat ti akun resmi @plnmobile

Ropéa basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Sampurasun